28 Januari 2010

Kembang Pangurekan

ISUK kénéh Somad geus nyampeur. Saged. Maké topi laken, dikaos jeung dicalana sontog. Leungeun kénca ranggém; ngajingjing kérésék, eusina kaléng jeung cacingna. Urek wéh tilu digulungkeun, dicekelan atawa dijepit ku jempol jeung curuk lebah elukna, bisi ngait tayohna. Dina taktak nyoréndang kempis, wadah cai. Saliwat mah kawas budak nu rék pakanci.
Kuring gé ti isuk kénéh geus saged. Geus ngagoréng heula sampeu keur bekel. Kabeneran kamari boga manihot meunang ngala ti kebon. Da kitu pasinina kamari, manéhna mawa cai kuring mawa dahareun.
“Hayu atuh ari geus siap mah!” somad ngajak indit.
“Enya, yu! Min… Minah… Akang indit. Tutupkeun panto!” teu nunggu dijawab, kencling indit.
“Lain nanaon di Cireungit mah, mun beurang teuing téh sok kapoosan, kapiheulaan batur. Nyaho-nyaho lidig galengan téh. Mangka boga céngcéléngan. Belut endogan gedé téh, euy! Nyanggutna ogé anjiiirrr!” cék Somad dibarung ku pepeta.
“Lebah mana? Boa geus kairik batur,”
“Moal sugan. Enya liangna di tengah galengan, tapi rada béh sisi. Moal kapanggih batur asana, da dituruban ku taneuh.”
“Nyasat belut endogan mah, da katinggali endogna. Sok ngaburial deuih mun pareng caina mudal mah. Nu imeut mah kapan sok dikoréhan.”
“Sugan wé milik urang. Lain nanaon asana mun nilik kana tanagana mah, kudu sagedé gagang sapu mah. Kira-kira meunang moal ku urek ieu?”
Somad némbongkeun urek anyar. Wangunna cupat térong, rada gedé ti urek biasa.
“Cikan…” kuring ngilikan. “Sagedé doran pacul gé moal misleuk. Asal ulah dicentok baé. Antep wé sina ngagulusur tepi ka eureun ngaduakalian mah,” témbal kuring bari ngasongkeun deui urek.
“Nyéta hésé belut endogan mah rék ngagusurna téh. Kamari gé nyanggutna dicoo. Témpo didudut mah ngeplos. Teuing urekna leutik teuing meureun. Sugan ari ku nu ieu mah. Lumayan sagedé kitu mah mun beunang téh, hég dipais… lah kacipta pelemna!” cék Somad. Geus dicipta-cipta wé can karuhan gé. Biasana belut anu kungsi nyanggut, komo gedé, bari ngajetruk, rada hésé rék nyanggutna deui téh. Linueun mun jelema mah meureun.
Satengah dalapan geus anjog ka Cireungit. Rada gancang, bubuhan mobilna teu ngetém heula. Lebah mahoni ngeureunkeun mobil téh. Ti dinya mah laluasa ngurek téh. Sasat sawah ngaplak satungtung deuleu. Kaselang ku Babakan wé meureun, tilu atawa opat imah mah. Ka dituna mah bangblas pangurekan téh, matak pikaresepeun jurig ngurek!
Sanggeus babagi cacing, bagéan kuring mah diwadahan kana daun taleus, dikeupeul. Tuluy muru galengan masing-masing. Méméh prung kawas biasa wé Si Somad mah, sok jajampéan heula. Ditarikkeun. Pokna téh, ”Suradut surawijaya. Unggal nyanggut kudu kabawa. Cuah!” bari nyiduhan elukna nu tas dicacingan.
Tara kuring mah tara bari jajampéan sagala kawas kitu, da témpo-témpo beubeunangan mah tetep wé sok loba kénéh nu teu jajampéan. Duka ti saha manéhna meunang jajampéan kawas kituna téh. Ngan ku tara elat, jeung kudu baé kawasna.
Nyaan pikaresepeunana téh. Karak sababaraha galengan beubeunangan aya tujuh sikina. Matak nineung tuh sa Cireungit mah, padahal dina sawah di lembur kuring mah sasat nyiar sasiki keur nujuh bulan gé paribasana kudu kotok nonggéng, hésé. Béak ku limbah tuda. Asana méméh aya pabrik mah ngala sapuluh siki téh tara hésé, kawas di dieu.
Beuki lila beuki nenggang jeung Si Somad téh. Tibang katémbong bajuna wé minangka ciri téh. Warnana. Dedegan mah geus teu kanyahoan, sasat beuki ngalobaan. Ngan basa cluk-clak rék hujan silih gupayan téh. Silih isarahan ka dituna mah, sangkan muru babakan, rék ngadon ngiuhan. Ari kudu balik deui mah kaburu breg di sawah. Paur kahujanan tengah sawah mah. Paur ku sakadang guludug.
Basa breg téh untungna geus méh tepi. Tuluy ngiuhan di pipir. Teu poho sanduk-sanduk heula ka nu boga imah.
“Di lebet atuh, Jang!” témbal nini-nini.
“Wios Ema, ah! Jareblog,” cékéng téh. Aréra teuing ari kudu unggah mah. Jeung enyana si nini téh teu nitah deui unggah. Maksudna gé tangtu tamba henteu nawaran teuing meureun.
Aya kana sajamna hujan téh. Duka béak sabaraha batang duaan téh, da bungkusan roko sésa peuting téh ludes. Ka dituna mah ray-rayan deui panon poé téh.
“Kumaha, Din rék dituluykeun atawa balik?” Somad nyarita bari mariksa kérésék belutna. Tara ditiiran ka carulang jauh mah, sok kapanasan. Geus ditaksir aya kana dua puluh sikina. Bes deui disakuan.
“Ari manéh?” kuring malik nanya.
“Kahayang mah dituluykeun. Can néang tataheunan téa. Panasaran, euy!” témbal Somad.
“Nam atuh!” cékéng téh bari rék sajungjungeun indit. Ngan teu kebat, sabab Si Somad tuluy noél. Bari nunjuk ka nu anyar kaluar ti jero imah.
“Geulis nya, euy!” pokna bari neuteup nu ngélék boboko muru pancuran, hareupeun imah.
“Lah, aing mah. Hayu meunggeus. Hayang dicabok salakina!” cék kuring bari medol leungeun Somad.
“Ti tatadi gé teu kadéngé sora lalaki…” pokna.
“Sing inget siah ka nu di imah!” kuring ngélingan. Bet kalah tuluy melang nénjo galagat manéhna kawas kitu téh. Kapan kungsi kateumbleuhan, basa pareng digawé bareng di Cibeureum. Kuring dipaido pamajikanana. Pajar sailon.
“Kuring mapay balong heula nya?” pokna deuih. Mémang teu pati jauh tina pancuran téh aya balong.
“Lah, dasar sasalad!” gerentes téh bari ngincid ninggalkeun. Engké gé nuturkeun geus seubeuh mah neuleu nu geulis mah, cekéng téh.
Weléh tepi ka balik teu kungsi panggih deui. Rék balik deui ka lebah dinya jauh. Antukna kuring balik sorangan, da beubeunangan mucekil pisan.
Peutingna Somad sasadu, geus nyimpang heula cenah.
“Randa, Euy!” pokna ngaharéwos.
“Awas siah, kawas ti heula! Teu kapok basa ka tukang sangu di Cibeureum!” kuring teu weléh ngingetan.
“Lah, pilakadar keur pangulinan wungkul. Lain teu sangka di Cireungit aya kembang gamuleng nya, euy?” pokna teu euleum-euleum.
“Nyao teuing! Rék kembang gamuleng, rék kambing gamuleng sabodo. Pokona tong mamawa aing siah!” cékéng téh.
Manéhna ukur nyakakak dikitukeun téh.
*
“Geus lila lin teu ngurek?” hiji poé Somad ngajak deui ngurek.
“Nyaho sorangan opat bulan ieu mah ka Bekasi. Hanjakal keur kakagokna nya harita téh? Keur masang keramik lin? Padahal tadina mah rék diajakan. Ngan cék Si Yayan cenah, moal bisa ditinggalkeun. Ngadadak pisan deuih, peutingna Kang Hasan nyusulan butuh tukang, isukna kudu indit. Ngurek deui kitu saprak harita?” cékéng téh bari malik nanya.
“Puguh wé…” pokna dibarung ngahéhéh, kawas kuda begér.
“Geus dianglér meureun nya?”
“Dianglér naon? Méh héjo, tapi da di dinya mah tara tepi ka nyamos. Komo mun caina macak-macak mah, darolog belutna téh,” pokna bangun mindeng ngurekna téh da apal pisan kumaha-kumahana kaayaan di Cirengit.
“Moal beurang teuing kitu?”
“Moal,” pokna. “Sakalian mawa dua urekna, keur urang hiji,” pokna deui.
Geus kitu mah koréléng ka pipir, nyokot urek nu dipanteng dina bilik dapur. Tuluy digulungkeun, dibebeskeun kana topi, rap topina dipaké. Tara sieun kakait, da biasa ieuh.
“Ari cacingna?”
“Engké baé di ditu. Ayeuna mah bisi beurang mantén,” témbal Somad bari tuluy ngagedig muru jalan gedé. Témbong paromanna bangun hégar.
Dina mobil biasana Somad galécok ngobrolkeun tempat-tempat urekeun. Ayeuna mah jempé. Henteu alum mah, malah sabalikna cék tadi gé, bangun bungah pisan. Jeung éta deuih dangdanan, kawas lain rék ngurek baé. Pantesna mah mun rék riungan setélan kitu mah. Tapi kuring teu loba omong. Paling gé hayang kataksir ku Nyi Randa téa meureun.
Lebah tangkal mahoni basa ti heula ngamimitian ngurek téa, mobil teu waka eureun. Bisi Somad pohoeun, kuring ngeureunkeun mobil, tapi manéhna kalah nitah terus baé ka supir téh.
“Beulah ditu baé.” Pokna.
Lebah panunjukanana mobil eureun. Jrut turun. Ti dinya kuring néangan awi keur ngala cacing. Rék dicokélan baé. Ngan teu kebat, Si Somad bangun surtieun.
“Engké ngala cacingna di ditu, di Babakan…” pokna.
“Rék nanahaon ka Babakan? Rék ngurek, rék néang randa?” kuring ngaheureuyan.
“Hayu tuturkeun!” pokna teu weléh ngahéhéh. Kuring bet kawas munding anu diténdok. Ngontoyod wé nuturkeun bujurna.
Sanggeus tepi ka nu dituju, koréléng baé ka pipir imah. Balik deui mawa pacul.
“Tuh beulah ditu ngalana!” pokna nuduhkeun taneuh deukeut susukan. Teu, teu ngarti. Naha manéhna teu sasadu heula, nginjeum atawa kumaha ka nu boga imah. Ieu mah padu ceg baé.
Komo barang manéhna ngalacat ka jero imah nu kungsi dipaké ngiuhan basa ti heula kahujanan. Méh wé teu percaya. Beuki ngajenghokna sanggeus manéhna kaluar deui dibarengan ku hiji awéwé. Moal. Moal deuk kasalahan. Awéwé nu harita ka pancuran téa. Nyi randa téa.
Can gé kumpul pangacian, balas terus-terusan meunang kareuwas, éta awéwé téh ngageroan. Sidik ka kuring.
“Ké deui ngala cacing mah. Urang taruang heula!” pokna. Si Somad, Si Ontohod, boa-boa… najan dahar téh jeung pais lauk, kabeuki, tapi teu ponyo-ponyo acan. Padahal mun di imah mah, weu kudu dua-tilu piring mah. Ieu haté!
“Beu, Si Goblog Somad! Ana kieu mah aing diwerejit. Horéng mah ngajak ka dieu téh lain rék ngurek manéhna mah. Ehm, cilaka kaya kieu mah! Katempuhan deui baé. Teu kapok-kapok ieu mangkeluk!” sajeroning dahar téh pikiran mah bet cuscos ka lembur. Ka pamajikan Si Somad pangpangna mah. Tada teuing ngamukna dipangnyandungkeun deui. Kana katempuhan aing téh.
Teu. Teu ngurek-ngurek acan. Jeung teu hayang ngurekna gé deuih. Nu puguh mah hayang buru-buru balik. Asa dibohongan. Asa diléjokeun. Mangkaning kuring remen indit jeung manéhna, geus tangtu pajar saéngko. Matak bada lohor kuring tuluy amitan ka Nyi Randa, éh… pamajikan Si Somad. Rék tuluy balik baé.
Si Somad kawas nu terus rasa. Manéhna ngaharéwos hahampuraan jeung sasadu sangkan ulah betus ka urang lembur, komo ka pamajikanana mah. Kituna téh bari ngeupeulkeun duit keur ongkos, cenah. Ku kuring ditolak. Nyaho lah, tangtuna gé nyombo, tapi manéhna maksa. Duit téh disesepkeun kana saku calana sontog.
Basa na galengan, bet pirajeuneun ditempo. Lima puluh réwu! Tepi ka kitu keur nutupan biwir. Si Nani mah, pamajikanana, asana teu mindeng dikeupeulan  duit sakitu téh. Ari kuring… tibang ulah betus, yén manéhna geus metik kembang Cireungit. Kembang Pangurekan!***

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...