28 Januari 2010

Nu Nyalangkrung di Cibitung

MUN inget ka anak, geuwat interlokal, mun inget ka pamajikan mah, lokal wé.”
Ti mangkukna ieu kalimah napel na ceuli, ngélég, ngégélan haté. Komo deui peuting ieu, tara-tara ti sasari, bet hayang siduru dina seuneu asmara nu ruhay, bari diharudum ku simbut nyawaan.
Beuki peuting, panon kalah beuki curaling. Silih teuteup jeung Salma Hayek dina poster nu napel na tembok kamar kontrakan. Bet ujug-ujug ngalamun nu teu pararuguh, nyipta-nyipta manéh jadi Antonio Banderas, ngalalakon dina film Once Upon A Time In Mexico nu kungsi dilalajoan dina dividi bajakan.  Haté kalah pakojot jeung pikiran nu pabaliut. Kuring tuluy luncat tina dipan, ngajéwang jekét jeung konci skuter, rék liar peuting, ngabangbalérkeun kahayang nu kasimbeuhan ti dua poé katukang.
Peuting tinggal rarawingna, teu ilahar keur nu hayang ulin atawa leuwih ti ulin. Aya gerentes ngangajak kuring ka kuloneun Pasar Induk Cibitung. Skuter maju lalaunan, aya sabil dina haté, najan dipeper ngarah teu kapaliré.
Anjog ka nu dijugjug. Warung kopi nu dikubeng ku spanduk urut iklanobat kuat jeung mie instan. Ti jero warung ngagembréng sora musik tina radio dua band, awor jeung sora awéwé nu hahaleuangan, dibarung ku sora nu tingcikikik.
Kalakuan Si Ucing Garong
Gawéna ulin di kolong
Pependak sareng pocong
Papelong-pelong
Kuring nyéréngéh, ngadéngé nu hahaleuangan, asa rada ngised tina lagu aslina, tarling Cirebonan nukeur diputer dina radio. Sup ka warung, tuluy mesen cikopi bari ngarérét nu tingcikikik. Nu saurang ngaranna Conny, paningkahna rada jalingkak. Ngaran sabenerna mah Maskanah, ngan ganti ngaran ti saprak ngumbara ka Cibitung nuturkeun ka Bi Jumsih tukang warung, ti Cilimus, Kuningan. Demi awéwé nu saurang deui mah, kuring teu wawuh.
“Nyalira Kang? Mani ngampleng tara ka dieu.” ceuk Mas­ka­nah bari diukna ngised ngadeukeutan. Kuring mésem bari ngised ngajauhan, asa teu purun ngajawab da geus puguh datang sorangan. Maskanah rada baeud. Awéwé nu saurang deui tu­run tina bangku, tuluy muter ka tukangeun warung, clé diuk kéncaeun kuring. Bujurna diadekkeun siga nu ngahaja.
“Susi!” pokna bari ngasongkeun leungeun. Kuring neuteup bengeutna, manéhna kalah ngadilak, bet asa rada siga aktris Ladya Cherryl. Dibabadé umurna dua puluhan.
“Nono!” jawab kuring bari mapag leungeunna. Kep sasa­laman. Getih tingseleser bareng karasa leungeun hésé dilésot­keun. Ditahan ku manéhna bari ngahaja ngulinkeun heula ra­mo­na. Ngélékéték bari mépédkeun awakna kana taktak kuring.
“Ieu kopina, Jang!…, éta-éta manéh Suwarsih! Ulah mépéd teuing diukna! Jang Nono heurineun.” Bi Jumsih ngagebah, rada nyorongot ka awéwé gigireun, nu cikénéh ngakukeun ngaran Susi. Manéhna ngised saeutik bari camberut. Kuring ngan ukur balem bari ngésérkeun cikopi. Ngan haté ujug-ujug teu panuju ka­na caritaan Bi Jumsih.
Cikopi diregot. Gap kana roko, tuluy diseungeut. Kuring teu loba cacarita, ngan ngadéngékeun Bi Jumsih nu silih témpas jeung Maskanah, ngadongéngkeun ka Suwarsih, sagala kalakuan kuring nu katelah Si Nono Anting.
Lima taun katukang, kuring datang ka Cibitung. Gilig rék digawé di pabrik. Ngan meunang salapan bulan, kaburu kaluar alatan paséa jeung Si Sartimin batur sapagawéan urang Banyumas. Pasualanana mah, pédah kuring ngahéroan awéwé nu cenah geus jodokeun ku bapana jeung Si Sartimin. Ngaranna Marni, anak Mas Tarno tukang pecel lélé urang Banjarnagara, Purwokerto. Der téh aya pitenah ti nu séjén. Antukna Si Sartimin nangtang ngadu wawanén. Kuring teu keueung, lain ku bogoh-bogoh teuing ka Marni, ngan sakalian hayang mecak bebekelan ti lembur, ti tutugan Galunggung. Piraku ti bubudak wawuh jeung maénpo, kudu mopo méméh nanggung. Diladénan, najan tepi ka ngadu pakarang.
Tepi ka derna tarung. Diriung. Teu kungsi ngaliwatan opat jurus gé Si Sartimin nambru. Isukna éar sa-Cibitung. Béja pabéja-béja, antukna pasualan jadi saliru. Najan Cibitung wewengkon Bekasi, balad-balad Si Sartimin teu saeutik. Réwuan pagawé ti sawatara pabrik lolobana urang Jawa. Kagok asong kapalang ngarongkong, rék diladénan.
Tengah peuting di daérah Cibuntu, di hiji lapang saratus méter ti Jalan Raya Setu, bedog patingbelentrang. Kuring tarung diriung ku lobaan. Musuh lain bantrak-bantrakkeun. Dasar kudu meunang, pareng ngolépatna bedog musuh muru beuheung, kuring ngagiwar bari muihkeun kuda-kuda saarah jarum jam, awak kabawa dongko ka beulah kénca marengan leungeun nu rikat nyabetkeun bedog. Beletrak! Bedog nyasar bincurang. Musuh ngajengkang tuluy nambru bari awong-awongan. Oro­kaya, rob téh balad-baladna ka harareup. Kuring dikepung. Di­gu­lung ku lobaan. Tepi ka teu inget di bumi alam.
Genep poé di rumah sakit. Kuring mulang, bari awak pinuh ku perban. Sanggeus mérésan kontrakan, tuluy ka warung Mas Tarno, ngahaja ménta hampura.  Teu panggih jeung Marni, ngan kuring mihapé surat keur manéhna. Kuring balik ka Tasik, ninggalkeun carita nu beuki lila beuki loba kembangna.
Tilu taun di lembur, kungsi kuliah heula di salah sahiji pagu­ron luhur di Tasik. Ngan kuat dua seméster, teu diteruskeun kaburu meunang pamajikan. Teu kosong heula, nuluy boga budak, lalaki. Lantaran teu boga pacabakan matuh, ari hirup diudag ku kabutuh, hiji mangsa kuring mutuskeun rék ka Cibi­tung deui. Kabeneran aya pausahaan kontraktor intérior nu butuh ku tanaga kuring.
Kiwari geus ampir sataun di Cibitung. Kajadian sawatara waktu katukang aya hikmahna. Kuring jadi loba kawawuhan. Boh urang Jawa boh urang Sunda. Loba kénéh kuli-kuli pabrik di sapanjang Tambun, Cibitung, tepi ka Cikarang, nu apal ka ngaran Nono Anting. Ngan teu kungsi panggih jeung Si Sar­timin. Aya béjana sanggeus kajadian harita, Si Sartimin kawin jeung Marni, tuluy netep di Banyumas. Mun Mas Tarno, bapana Marni, cenah pindah ka Jakarta Utara, dagang pecel lélé di Sunter Podomoro.
Nu remen panggih mah jeung jelema nu kungsi disabet bin­cu­rang­na ku bedog kuring di Cibuntu. Ngaranna Samsu. Ka­sebut jéger nu dipikasérab, di sabudeureun Pasar Induk Cibitung mah. Singhoréng manéhna téh lain balad salembur Si Sartimin, kawas panyangka kuring. Aslina mah urang Péréng, Ciparay, Kabupatén Bandung. Pareng panggih deui téh di warung Bi Jum­sih, kuring miheulaan hahampuraan. Ti harita kuring nyo­bat jeung manéhna. Singhoréng, diaduna kuring jeung Si Samsu taya patula-patalina jeung Si Sartimin. Si Samsu kahasud ku bé­ja nu saliru, cenah kuring rek ngalindih weweng­kon kaka­wasaanana.
“Roko sabungkus Bi Jumsih…, aéh aya Nono geuning!” la­mun­an buyar, kagebah ku sora jalma nu asup ka warung. Ba­rang dilieuk singhoréng Si Samsu, panjang umur.
“Puguh kararesel di imah” kuring ngajawab, bari néma roko tina leungeun Bi Jumsih dibikeun ka Si Samsu.
“Aaay…, ijid aing mah, paribasa téh kesel di imah. Di dinya mah inget ka lembur meureun. Sok siah, inget ka anak? Inget ka pamajikan?” Si Samsu ngélég, ngahaja maké lentong jeung keke­capan has Péréng, Ciparay. Napel kénéh si éta mah najan geus lila di Cibitung gé.
“Heueuh, mahal kénéh mayar lokal, euy, ti batan interlokal mah!” ceuk kuring, surti kana maksud saterusna caritaan Si Samsu.
Cingcay sajah, tinggal milih, mau ditemenin Conny atow Susi?” Si Samsu kalah ngahajakeun, sorana dihéos-héos bari ngi­­­ceupan ka Maskanah jeung Suwarsih. Kuring ukur nyé­réngéh.
Ditemenin Susi ajah ya, Kang! biar lebih ehm..ehm.. gitu lho!” ceuk Suwarsih milu ngindonésia bari imut ogo, imut has awéwé bangor. Imut nu gelenyuna pinuh ku kapanasaran, siga nu ha­yang leuwih naranjangan rusiah Nono Anting, nu dicarita­keun ku Bi Jumsih jeung Maskanah. Kuring ujug-ujug tagiwur.
“Ulah diarélég waé, Ibi ge apal Jang Nono baheula, ulah di­sa­rua­keun atuh. Jang Nono nu ayeuna mah bageur, satia ka pama­jikan, geus tara kikituan.” Bi Jumsih mairan bari nga­leutik­an sora radio.
“Sakali-kali mah atuh teu nanaon Bi Jumsih, bisi… bisi naon téh, No, nu ceuk Si Ucok téa mah, oh heueuh, bisi… kanker pros­tat!” ceuk Si Samsu nyutat istilah ti Si Ucok, batur sapagawéan kuring.
“Conny rék ka mana?” Kuring ngésérkeun obrolan, pareng nempo Maskanah cengkat.
“Ka kalér!”
“Bisi rék dianteur?”
“Moal, pira ka warung Mas Tayo.” Pokna teugeug bari ngabalieur, tuluy ngajéngkat kaluar ninggalkeun warung Bi Jumsih. Kuring ngahuleng.
“Keun wé, Kang, teu aya Téh Conny gé, aya Susi.” ceuk Suwarsih ujug-ujug daria, bari ngised ngadeukeutan. Pagégéyé. Haté ngaguruh teu puguh. Si Samsu nyéréngéh, ngiceupan bari nyawél gado Suwarsih, tuluy ngaléos ninggalkeun warung.
Peuting beuki nyérélék maju ka subuh. Ciibun geus tatahar na dangdaunan. Angin peuting tingselesep kana sela-sela span­duk. Nu datang ka warung beuki lila beuki carang. Radio disada kénéh, laun, mirig Bi Jumsih nu keur nundutan. Tinggal kuring jeung Suwarsih. Pagégéyé. Karasa haneut. Haneutna mebes kana haté. Haneut wanoja nu keur meumeujeuhna. Mimitina mah kararagok, lila-lila kalah betah, ngimeutan biwir Suwarsih nu capétang nyaritakeun lalampahan hirupna salila dua taun katukang. Ti mimiti kabur ti kulawargana di Kalijati, Subang, ap­rak-aprakan di sawatara tempat di Karawang, tug nepi ka nyang­sang di Cibitung ti sabulan kalarung.
Rét kana arloji, geus ampir jam opat. Kuring cengkat. Tuluy ngahudangkeun Bi Jumsih. Sanggeus babayar kuring ninggal­keun warung dituturkeun ku Suwarsih.
Clak kana Skuter, diselah sababaraha kali, rada hésé hurung bubuhan motor kolot, kaluaran taun 1975. Leuwih kolot batan umur nu numpakna. Sanggeus hurung kuring nyeletingkeun  jékét. Gibeg, motor rada ngagibeg. Barang dilieuk, Suwarsih geus nyégclé dina jok tukang bari leungeunna ngarayap kana cang­kéng, tuluy nangkeup pageuh siga nu sieun lésot. Kuring kawas nu kasirep. Skuter dipajukeun lalaunan ninggalkeun warung, mawa Suwarsih nu napel tukangeun. Sajajalan jémpé, nu kadé­ngé iwal ti sora skuter nu dodorotdotan. Aya nu nyeleser haneut kana tonggong. Haneutna rembes kana haté. Haneut wanoja nu keur meumeujeuhna.
Tepi ka hareupeun kontrakan, Suwarsih turun. Sanggeus muka konci panto. Kuring nungtun skuter ka jero. Suwarsih nutur­keun milu asup, bareng jeung asupna waktu subuh, nu tinghaleuang tina spiker toa di saban masjid.
š{›
Poé Ahad nu hareudang. Kuring hudang jam sabelas beurang. Pikiran ngalayang, inget kana lalampahan peuting tadi. Inget ka Suwarsih. Kuring ngoréjat, turun tina korsi panjang, tuluy nge­teyep ka kamar. Hordéng disingkabkeun saeutik, katoong Suwarsih masih keneh tibra. Kuring teu wani ngagareuwahan. Gap kana anduk, tuluy ka cai.
Réngsé kuring mandi, kasampak Suwarsih geus diuk na korsi hareupeun kamar.
“Mun rék ka cai, andukna nu itu tuh, nu beresih. Ngan taya salin, aya ogé kaos jeung calana panjang.” ceuk kuring bari nuduhkeun anduk. Suwarsih ukur unggeuk. Teu lila tuluy ceng­kat muru jamban. Kadéngé gegejeburan, Suwarsih mandi bari haha­riringan. Hariring plésétan nu tadi peuting, Si ucing garong nu papelong-pelong jeung pocong.
Teu dinyana, kuring ujug-ujug kahébos ku seuneu birahi, bareng nempo Suwarsih kaluar ti jamban, awakna dibulen ku anduk. Awak nu keur sedeng pepel, mani sampulur dibungkus kulitna nu konéng umyang. Buukna nu galing muntang dirum­bay­keun ka hareup nutupan dadana tepi ka wates bulenan an­duk. Kuring neuteup renghap ranjug, parat tepi ka wates anduk belah handap. Aya nu ngagurilap ti satengah pingping tepi ka bi­tis Suwarsih nu baseuh. Dumadakan lini rongkah jeroeun dada.
Awak ngagedur teu puguh rasa. Suwarsih nu teu maké pupu­lasan katempo leuwih geulis tilu tikelna ti batan manéhna dangdan. Pabebeurang. Bet aya nu ngaheab leuwih ti panasna hawa Cibitung. Hawa birahi nu ngagedur dipirig ku kerepna ketug jajantung.
“Mana kaos sareng lancingan teh, Kang?” Suwarsih nyarita bari ngadeukeutan.
“Leuwih geulis teu di make up.” Kuring lain ngajawab, nga­don neuteup leuwih leleb ka Suwarsih. Suwarsih beuki ngadeu­keutan, kaangseu seungit sabun tina awakna.
“Ih, Si Akang mah, ngarayu lain wayah! Mana atuh anggoan gentos téh!.” ceuk Suwarsih tuluy camberut. Camberut ogo has wanoja umur dua puluhan. Kuring kalah ngimeutan biwir ipis­na nu baseuh. Bangun amis.
“Ééénggal..!” ceuk Suwarsih bari nyiwit. Kuring ngarénjag. Dumadakan éra parada. Tuluy ngajéngkat ka kamar mawa salin keur Suwarsih.
Reuwas kénéh. Reuwas kareureuhnakeun. Ampir rék sagab­rug-gabrugeun nempo awak Suwarsih nu baseuh dibulen anduk. Kuring istighfar, ujug-ujug inget ka anak pamajikan. Teu lila Suwarsih kaluar ti kamar make calana jeans jeung kaos oblong. Kaos bodas gambar siluétErnesto Che Guevara, meunang meuli ti outlét di jalan Caladi, Bandung. Mani mantes napel na awak Su­war­sih. Jadi cute abiz ceuk istilah barudak ayeuna mah. Sang­geus ngobrol sakeudeung, Suwarsih cengkat bari metot leungeun kuring, manéhna ngajak ulin ka Cikarang. Sakalian ka Mall, cenah, boga sésa duit rék balanja sawatara kaperluan­ana, bari sakalian rék neraktir dahar ka kuring.
Ti harita, kuring mahing diri sangkan panon teu curaling. Geus opat poé saimah jeung Suwarsih. Najan ku kuring diang­gap adi sorangan, angger wé ragab. Kuring ati-ati, bisi aya jurig nyiliwuri kawas kamari. Lian ti inget ka pamajikan di lembur, ujug-ujug inget kana kasantrian nu kungsi lila kapopohokeun, dihenteu-henteu gé kuring téh kungsi kagecek ku Ajengan Anwar Mubarok di pasantrén Sukahérang, Singaparna.
Ti poé ka poé téh Suwarsih kalah beuki betah di imah kuring. Keur mah eukeur, euweuh pangbalikan. Éra cenah, geus lila teu­ing numpang di kontrakan Maskanah. Oge cenah kakara sa­umur abur-aburan, manéhna manggih lalaki kawas kuring nu bisa ngajénan awéwé teu uni siga manéhna. Teu kawas  bapa téréna nu téga merkosa, nepi ka manéhna kapaksa kudu abur-aburan ninggalkeun lembur.
Demi kuring harita, jadi beuki teu wasa mun kudu ngusir Suwarsih. Tungtungna kuring meuli dipan jeung kasur hiji deui. Ngan kusabab taya deui tempat, kapaksa dipan anyar téh di sakamarkeun. Suwarsih surti, manéhna hideng nyieun hohor­déng­an ku samping keur hahalangna.
Aya hadéna, ti saprak cicing jeung kuring, Suwarsih geus tara liar peuting, purah maturan lalaki bari ngan dihargaan ku kencring. Kuring ogé jadi betah, aya nu manguruskeun imah, mangmasakkeun jeung mangnyeuseuhkeun. Balik gawé aya nu ngabagéakeun, aya batur dahar, batur heureuy, batur ngobrol, batur ngalamun, batur sakamar maturan Salma Hayek nu teu weléh imut dina poster nu teu dipiguraan, jeung maturan kuring saré, sakamar, ngan misah dipan.
Dasar atuh, hirup genah téh cenah kudu jeung merenah, sangkan tumaninah. Béja ngeunaan kuring saimah jeung Suwarsih teh jadi éar sapausahaan. Tuluy jadi headline di saban warung. Dihenteu-henteu ogé ngaran Nono Anting téh sohor kénéh di Cibitung mah. Béja pabéja-béja, tepi ka warung Bi Jum­sih, tepi ka Maskanah. Kuring panas ceuli, ku rupa-rupa sa­liruna béja.
š{›
Saptu tanggal ngora, anyar gajihan, digawé ngan satengah poé. Méméh balik ka kontrakan, kuring balanja heula ka toko kuéh. Inget ka Suwarsih, cenah isuk Ahad téh jejeg umurna dua puluh dua taun. Ti dinya kuring ka Wanasari, rék nepungan babaturan awéwé nu kabeneran urang Sagalahérang. Sugan daék­eun ditiitipan Suwarsih saheulaanan, pédah ka papada urang Subang.
Meneran asar kuring mulang ka kontrakan. Tara-tara ti sa­sari Suwarsih teu mapagkeun ku imutna nu matak geugeut. Pan­to teu ditulakan, kuring asup lalaunan. Tuluy nendeun kéré­sék babawaan na korsi hareupeun kamar. Kuring laha-loho ka dapur. Euweuh dahareun. Iwal sangu garing jeung cucuk lauk sésa deungeunna isuk-isuk. Kadéngé aya nu ngérécék di jamban, ditempo téh euweuh sasaha, euweuh nanaon, iwal ti cai nu ngu­­cur sagedé nyéré tina keran.
Ti kamar kadéngé sora dipan ngarekét, Suwarsih sigana keur saré. Kuring tuluy muru kamar, panasaran. Barang hordéng disingkabkeun, kuring ngagebeg, gancang ditutupkeun deui. Sako­lépat katempo Suwarsih keur nyuuh na dipan bari buligir. Kuring reuwas. Ngan asa panasaran, saliwat katempo Suwarsih siga henteu sorangan. Hordéng dibuka deui lalaunan, bareng rét ka lebah dipan hiji deui, meneran paadu teuteup jeung awéwé, nu taya lian ti Maskanah nu sarua buligir. Katempo reu­waseun pisan, manéhna geuwat nutupan awakna ku sepré bari teu puguh rampa, tuluy ngadeukeutan Suwarsih. Kuring nutupan deui hordéng. Reuwas, héran, asa teu percaya kana tetempoan sorangan. Palangsiang aya lesbian affair antara Mas­kanah jeung Suwarsih.
Kuring ngajanteng hareupan lawang kamar. Kadéngé ti jero sora Maskanah nyarita tinggerendeng silih témpas jeung Suwar­sih. Beuki lila beuki narikan, tepi ka hog-hag paréa-réa omong. Heuleut sawatara menit nu paséa jempé. Tuluy kadéngé sora Suwar­sih ceurik ngagukguk. Kuring gogodeg, nu kadéngé matak hareneg. Nyel keuheul ka Maskanah jeung Suwarsih. Kalakuan maranéhna teu jauh tina sangkaan.
“Kalaluar siah, ungkluk!” kuring nyentak, sora rada nga­geter.
Teu lila Maskanah kaluar ti kamar. Sungutna jamedud. Pa­non­na nu kahuru seuneu timburu, mureleng ka kuring nu keur ngageter nahan ambek. Tuluy ngaléngkah bari miceun beungeut, ngagedig kaluar ti imah bari ngageblugkeun panto. Suwarsih ceurik beuki tarik.
“Kaluar manéh, Suwarsih!” kuring rada ngagorowok, ngung­kulan tarikna ceurik Suwarsih. Kadéngé Suwarsih ceurikna ditahan, inghak-inghakan. Teu lila Suwarsih kaluar ti kamar. Ngeluk. Buukna kusut, papakéan padu nyangsang.
“Diuk!” Suwarsih nurut. Kuring lajag-léjég.
“Ari manéh, nu asih dipulang tai, dipikanyaah téh kalah ngalunjak! Wani-wani, ngotoran imah déwék! Mun geus mumul cicing di dieu, indit! Jung tuturkeun Si Maskanah!” Kuring nya­rita heuras. Suwarsih kalah ceurik bari ngagabrug kana suku. Tuluy nyarita pegat-pegat.
“Hapunten… Abdi… Kang..! Hapunten…!” Suwarsih teu neruskeun caritaanana, kalah ceurik beuki tarik, nyuuh kana suku kuring. Kaambek nu kakara naék teh kaburu kacéos ku cipanon. Lila-lila jadi teu wasa. Tuluy nitah cengkat ka Suwarsih.
Sanggeus rada leler, Suwarsih nyarita dumareuda. Singget ngan pajuliwet. Aya hutang budi nu teu pikahartieun, nu kudu dibayar ku Suwarsih ka Maskanah. Kuring ngahuleng. Ngabe­tem. Najan loba tanyakeuneun, teu purun rek cacarita. Nu ka­déngé ngan sésa inghak Suwarsih nu beuki carang. Sanggeus kadéngé adan magrib. Kuring ngaléos ka cai, tuluy wulu, rék salat magrib, ninggalkeun Suwarsih nu alum nguyung. Réngsé salat kadéngé sora guludug pasusul-susul, teu lila cur hujan ma­seuhan suhunan. Kuring ngerem manéh di kamar.
Cibitung malem Ahad, sora hujan ngendag-ngendag panga­cian. Sanggeus salat isa, kuring mopoék di kamar, luhureun sajadah nu remen teu kasalatan. Ti luareun kamar kadéngé sora nu mandi, awor jeung sora hujan. Kuring ngadeluk wiridan beu­ki kerep, ngawuluku sumpeg nu minuhan saban kereteg. Teu lila kadéngé Suwarsih asup ka kamar. Teu dipaliré, najan kaambeu seungit awak nu tas mandi ngendagkeun haté. Kuring peureum, neueulkeun wirid teu eureun-eureun kana mamaras nu lawas teu diropéa.
Sora hujan ngaleutikan. Ngan guludug beuki kerep pasusul-susul. Kuring beunta bari tuluy cengkat. Kamar geus caang. Barang rét ka tukangeun, katempo Suwarsih keur nyuuh. Kuring hareugeueun. Kakara, nempo Suwarsih dimukena, najan ngan ukur ku samping. Kuring mencrong rada lila ka Suwarsih nu keur nyuuh luhureun sajadah. Haté bet ujug-ujug ngaheruk. Teu wasa ngantep wanoja nu hirupna pinuh ku rupa-rupa cocoba, bari taya batur pakumaha. Tada teuing beuratna hirup nunutur indung suku. Ras inget kana kaayaan manéhna nu teu indung teu bapa. Boga gé bapa téré kalah ngadoréksakeun manéhna. Ras ingat kana kajadian tadi soré. Kuring nyarékan Suwarsih bari satengah ngusir. Asa dosa. Asa sarua jeung nga­geb­ruskeun manéhna sina leuwih cilaka. Haté ngarakacak. Aya kanyaah nu nyambuang minuhan kamar.
Suwarsih cengkat, panonna rambisak. Tuluy neuteup ka kuring nu keur ngabetem hareupeunana. Dua panon silih teuteup.***

Tidak ada komentar: