16 Januari 2010

PAMIANGAN


Éséy Iip D. Yahya
LOBA nu nyebutkeun yén budaya Sunda ayeuna aya dina mangsa nanjeur (rénaisans). Anu jadi ciri-cirina di antarana tetep terbitna buku jeung koran dina basa Sunda, nya kitu deui tumuwuhna sumanget kasundaan dina raraga otonomi daérah. Upama diban­ding­keun jeung kaayaan budaya lian—bu­daya étnik di Indonesia—budaya Sunda mémang aya punjulna. Tapi soheh henteuna disebut manjing rénaisans, masih merlukeun bukti-bukti anu leuwih daria. Sabab bisa jadi ciri-ciri anu kasebut tadi teu acan kauji ku waktu puguh lajuning lakuna.
Hiji perkara utama anu masih henteu kapaliré dina saniskara wawangkongan ngeunaan Sunda, nyaéta ngeunaan manusa Sunda minangka anu ngahasilkeun (produsén) kabudayaan. Sawala kabudayaan lolobana leuwih mentingkeun kana hasil (produk) kabudayaan anu geus aya. Memang produk budaya ogé hiji perkara anu kacida pentingna pikeun diropéa. Tapi didasaran ku cita-cita nanjeurkeun budaya Sunda leuwih ti anu kahontal ayeuna, perhatian éta tacan nyukupan. Tacan nyumponan kana sarat unggulna budaya Sunda; nyaéta méré ‘nyawa’ ka manusa Sunda pikeun ngahirup-hurip budayana. Hiji perkara anu henteu énténg sabab urang Sunda ngaliwatan mangsa anu lila, geus leungiteun ‘prinsip’ pikeun tukuh kana budayana, alatan kudu kompromi jeung rupa-rupa budaya anyar/séjén anu teu bisa dibendung pangaruhna.
Sajatina pasualan manusa minangka produsén kebu­daya­an, jadi masalah universil pikeun masarakat dunya wétan (Asia-Afrika), anu tepi ka danget kiwari aya dina kalangkang budaya kulon (Eropa-Amerika Serikat). Masarakat kulon jadi ‘pangawasa’ anu nangtukeun ajen hiji budaya, anu ngalantarankeun masarakat wétan ngan saukur bisa tuturut munding. Contona, budaya Sunda kakara boga ajén luhur lamun panalungtik kulon mupakat méré ajén anu luhur.
Dina mangsa kiwari, urang Sunda mémang moal bisa nyorangan dina nanjeurkeun budayana. Tapi sahenteuna, kudu aya alesan anu kaharti, keur naon urang Sunda bet kudu tukuh dina budayana. Alesan anu lain politis atawa ngan saukurékol ngakalan turunna dana ti Pémda. Alesan anu bisa ngahudangkeun sumanget sakumna urang Sunda pikeun ngamumulé budayana. Ku kituna kudu aya hiji tetekon (paradigma) kabudayaan anu bisa ngawéngku —henteu ngawilah-wilah— sakur urang Sunda. Pikeun ngawujudkeun hal éta, kudu aya mangsa anu dijadikeun pamiangan. Urang Eropa dina neja rénaisans-na, museur­keun perhatian ku jalan neuleuman kabeungharan filsafat Yunani. Maranéhna ngamangpaatkeun keleukeunan parasarjana muslim anu geus ngaabadikeun filsafat Yunani dina mangrébu-rébu buku. Atawa urang Timur Tengah anu kiwari mimiti museurkeun paniten kana kamajuan dina mangsa Baghdad, sabadana sadar yén teu bisa namplok­keun eunteung kahirupan sagemblengna kana mangsa Madinah.
Tumerapna urang Sunda, kudu museur ka mangsa anu mana? Simkuring ngusulkeun mangsana Prabu Wastu Kan­cana anu lungguh di Galuh ibukota Karajaan Sunda. Mangsa ieu leuwih écés mungguh paraahli sajarah. Hartina, mangsa ieu teu gaib-gaib teuing keur urang Sunda cara mangsa anu séjénna. Hiji mangsa anu puguh laratanana; boh ku sababaraha prasasti Kawali, boh ku makam di Nusalarang, boh ku sajarah Dyah Pitaloka (Citraresmi) anu moal kapopoheukeun ku sakumna urang Sunda. Dina mangsa ieu aya Siksa Kanda ng Karesian (1518) anu jadi patokan hirup kumbuh balaréa. Dina kitab ieu pisan ditegeskeun pancén prepantun (juru pantun) minangka transformer ajaran agama/kapercayaan ngaliwatan carita pantun. Ayana carita-carita pantun, miturut Jakob Sumar­djo, jadi hiji fakta sajarah anu teu bisa dibantah anu nuduh­keun ayana kahirupan intéléktual dina masarakat Sunda. Sabab hamo bisa aya carita pantun lamun lain diciptakeun ku intéléktual anu masagi. Juru pantun mah saukur anu nepikeun ka balaréa, tapi ari carita pantunna mah dianggit ku ‘parakréator’ anu tabah tur paripurna. Mangsa ieu meneran pisan pikeun ngajawab panyangka salah (prejudice) yen urang Sunda teu ngabogaan tradisi intéléktual (mikir daria).

Tidak ada komentar: