28 Januari 2010

Lagu Cinta jeung Sajabana

“Kira-kira, sabaraha urang nya nu bakal nganteur ka pajaratan, engké mun urang geus waktuna dikubur?” si lalaki nanya, tapi ku lentong nu kadéngéna jiga lain keur nanya. Kacamata nu ti tatadi jiga nu keur ditimbang ku leungeunna ditunda deui na luhur méja, luhur lipetan koran.
“Maksud téh lian ti Kardiman,” pokna deuih bari ngised­keun diukna.
“Nya meureun aya tatangga. Barina gé teu kudu dipikiran da urang téh meureun moal paéh bareng…” pamajikanana nu keur maca majalah nyelang heura ngarérét ku juru panonna.
“Enya maksud téh mun salah saurang geus euweuh,” si lalaki nandeskeun naon nu keur aya dina pikiranana.
Pamajikanana jiga nu ngarahuh. Bari anteng maca majalah, manéhna némbalan, “Piraku euweuh nu mulasara atuh, Pih. Sa­henteuna aya RT, aya tatangga, aya urut batur sakantor… Jeung deui teu kudu mikiran nu kararitu, taya mangpaatna.”
“Terus mun urang geus kolot kira-kira saha tah nu rék ngalongokan urang lian ti Kardiman…”
“Geus kolot kumaha? Pan urang téh geus kolot ayeuna téh, mémangna rék sabara ratus taun…”
Si lalaki seuri maur. Bari miceun rénghapan manéhna nangunjarkeun sukuna kana méja sanggeus ngésérkeun koran jeung kacamata.
“Méja mah lain keur suku…”
Si lalaki jebi.
“Kumaha kéh mun datang sémah, disangkana urang téh jalma nu teu boga tatakrama…”
Si lalaki kukulutus bari menerkeun deui sukuna.
“Naon?” pamajikanana nutupkeun majalah.
“Heueuh, di imah sorangan waé alahbatan di jalan raya, réa aturan. Barina gé saha sih nu rék nyémah wayah kieu?”
“Nya saha nu apal. Pangpangna mah teu sopan wé katempona suku ditangunjarkeun dina méja.”
“Tara unggal waktu ieuh. Céréwéd.”
“Saha nu céréwéd, pira dicarék ulah nangunjar kana méja. Naon héséna pindah ka téngah imah rék diuk nangunjar mah. Kitu-kitu waé nyebut céréwéd,” pamajikanana ngajangilek, terus muka deui majalahna.
Si lalaki seuri leutik, lalaunan nepak kana pingping pamaji­kanana.
“Kitu-kitu waé baeud.”
Pamajikanana ukur ngusikkeun tungtung biwir ka handap.
“Mémangna saha nu rék datang? Kardiman moal mungkin mulang poé ieu. Pan dina suratna gé datangna pagéto, lin? Pas peré kuliah.”
Pamajikanana teu némbalan. Panonna anteng melong lambaran majalah heubeul nu keur dibacana.
“Poé naon kitu ieu téh?” si lalaki jung nangtung bangun nu laliat, terus melong kalénder na témbok deukeut panto ka tengah imah. Sanggeus sababaraha lila neges-neges angka na kalénder, manéhna nyokot kacamata, rap dipaké, “poé Rebo…” pokna.
“Ayeuna mah Salasa,” ceuk pamajikanana. Teureugeus.
“Salasa, Rebo? Ah, tanggal genepwelas, Ra-bu, tuh,” curukna netel kana kalénder.
“Salasa. Kamari Senén. Ayeuna Salasa, tanggal limalas.”
“Salasa nyah? Hih, sugan téh geus poé Rebo. Kardiman téh datangna poé naon atuh?”
“Saptu. Lila kénéh.”
Si lalaki diuk deui gigireun pamajikanana, bari ngarahuh nyuplak kacamata, sok diteundeun deui na luhur méja.
Jempling. Nu kadéngé ukur tiktek nu nyaliara tina bandul jam duduk – jam kuno nu imah kai jeung kacana katémbong hadé piara.
“Mih…”
“Hmm…”
“Nyetél musik nya?” manéhna ngarérét pamajikanana. “Keroncong, pop, bosas, atawa… naon wé atuh. Dangdut?” pokna sanggeus sabaraha lila nungguan kasaluyuan ti pamajikanana.
“Kasimpé gé musik, mun teu diruksak ku sora di dinya mah,” ceuk pamajikanana, datar tapi tandes.
“Waduh, Mamih mani alahbatan sastrawan waé. Lebah mana ni’matna ngadéngékeun kasimpé? Euweuh wirahma euweuh lagu…”
“Enya da Papih mah teu boga jiwa seni, teu boga kepekaan.”
“Walah, beuki luhur waé …” si lalaki seuri leutik.
Pamajikanana ngusikkeun sikuna nenggel kana cangkéng si lalaki bari nyebut ‘ih’.
“Atawa cianjuran…”
Simpé.
“Ngabandungan Euis Komariah pasti cocog lah wayah kieu mah. Sora suling, kacapi…”
Angger simpé.
“Nu albeum Panyileukan téa geura wayah kieu mah, emh, waas ku sorana…”
Pamajikanana nurunkeun deui majalahna kana lahunan. “Beuki nyurigakeun waé beuki dieu téh nya,” pokna, sorana rada béda.
“Nyurigakeun? Har, pan ku urang sok sering diputer kasét­na, nyurigakeun naonana?”
“Nu sok muter kasét éta mah di dinya wungkul, lain urang. Mamih gé apal naon maksudna…”
Si lalaki ngahihih seuri sanggeus sababaraha detik tarangna ngarihut.
“Masih kénéh timburu ieu téh? Ya Alloh, geus kaliwat sabaraha puluh taun, can robah kénéh waé…” pokna bari angger seuri bangun ni’mat.
“Gumasép!”
Si lalaki monyong,” Mamih gé apal naon maksudna,” terus ku sora nu pinuh ku kasabaran, “Mih, Papih mah ukur hayang ngadéngé musik. Peun. Éta cenah Mamih teu hayang ngadéngé cianjuran, nya naon wé atuh, nu penting aya nu bisa didéngé, ulah jempling alahbatan di kuburan jiga kieu. Naon salahna? Cik, naon maksud Mamih ‘Mamih gé apal naon maksudna’ téh?” si lalaki neuteup anteb pamajikanana. Biwirna renya-renyu nyumputkeun imut.
“Mamih apal naon nu aya dina pikiran Papih mun keur ngadéngé lagu cianjuran nu éta…”
“Naon, cik…”
“Naha maké nanya? Nya meureun Papih ngarasa betah, bisa kénéh bernostalgia, ngumbar panineungan éndah jeung si éta…”
“Si Euis?” si lalaki seuri tepi ka taktakna eundeuk, bari numpang­keun leungeun kana pingping pamajikanana manéhna nyarita, “Mamih, Mamih. Alahbatan rumaja waé ah. Papih mah tara boga pikiran nanaon mun keur ngadéngékeun cianjuran téh, lian ti ngabandungan laguna. Ayem, tengtrem. Matak genah kana haté.”
“Lah, angger wé ari nu didéngékeunana ukur kasét éta mah.”
“Jadi masih kénéh curiga ieu téh?”
“Rék teu curiga kumaha, Papih meuli kasét éta téh sanggeus panggih jeung Euis di supermarkét harita téa lin?”
“Sataun nu kaliwat? Ah, Papih mah meuli kasétna gé bulan kamari. Niatna gé ukur hayang nambahan koléksi…”
“Nambahan koléksi, tapi nu dibeulina ukur Euis Komariah. Euweuh kabosen. Beurang peuting nyetél kasét éta we, kawas taya nu séjén waé.”
“Har ari Mamih. Papih mah kapan ti baheula gé resepna kana sora Euis Komariah. Lain nu séjén,” pokna ngayakinkeun pamajikanana nu angger baketut. “Naon salahna Papih nyetél kasétna. Hak asasi atuh, Mih. Ieu mah ukur masalah seléra. Lain hartina Papih nyetél éta kasét, lantaran keur inget ka Euis Jubaédah!”
“Apal kénéh geuning ngaran lengkepna gé…”
“Astagfirullah…”
“Nya enggeus, jig kaituh setél…”
Si lalaki ngarénghap jero. “Geus leungit selérana gé.”
“Naha nguruskeun seléra, ieu mah masalah rasa, sanés?” pamajikanana nutupkeun majalah, sok ditunda na lahunanana.
“Naon deui waé ieu téh?”
“Mémangna Mamih teu apal kumaha gaya Papih mun keur ngadéngékeun kasét éta? Leuh… mani alahbatan nu keur ngadéngé sora bidadari waé! Bari peureum, umat-imut. Malah ngaragap dada bari ngarénghap jero jiga nu tas manggih kabungah…”
“Terus Mamih nyangka yén Papih keur ngabayangkeun Euis Jubaédah, kitu?”
“Mémangna saha deui?”
“Gustii…” ceuk si lalaki, sorana jiga nu taya tangan panga­wasa. Sanggeus sababaraha rénghapan, ngadadak jiga nu manggihan tanaga anyar, “Terus nu aya dina pikiran Mamih saha, mun Mamih keur ngahariring di dapur, di wésé, di buru­an, di kamar, di mana-mana?”
“Maksud Papih téh naon? Mamih mah tara bet ngabayang­keun sasaha, ngahariring mah ngahariring wé. Spontan.”
“Spontan nyah? Euleuh. Ngahariringkeun lagu nu sarua salila puluhan taun disebutna téh spontan?” si lalaki monyong deui, “Untukmu kuserahkan bungaku, oh kekasihku, kudambakan dirimu selalu…,” terus jebi, “Lagu murahan!”
“Papih mah kana saban lagu nu dihariringkeun ku Mamih nyebut lagu murahan. Barina gé Mamih mah tara ngahariring­keun lagu nu sarua, mémangna lagu téh ukur hiji.”
“Enya tapi kadéngéna laguna téh sarua, kabéh maké oh kasihku, lamun teu kudambakan, nya kuharapkan, atawa kurindukan. Naon bédana?”
“Papih téh masih kénéh timburu ka Kang Saépul?” panon pamajikanana ngagiler terus jiga nu keur nyidikkeun pasemon si lalaki.
“Timburu?” si lalaki seuri, tapi sorana ngahéos.”Timburu ti endi, timburu ka si pamingpin orkés malayu? Huh, euweuh wak­tu pikeun timburu ka jalma kitu. Papih mah ngan ukur pana­saran, hayang apal, kunaon Mamih ngahariringkeun lagu nu kararitu waé. Kawas nu keur begér tampélé…”
“Ooh… Caritana Papih téh rék males ka Mamih? Omongan Mamih tadi pasti nenggel nya, lantaran Papih rumasa keur meujeuhna sono ka Euis. Keur inget ka tukang tembang nu sok dituguran saban manéhna manggung, nu sok disawér ku Papih baheula, nu dipicangcam beurang peuting tapi terus dikawin ku lalaki séjén? Marukna Mamih teu apal. Ti saprak Euis Jubaé­dah dikawin ku bandar kai urang Bantarkalong harita, Papih terus gering nangtung ngalanglayung, gering batin tepi ka aya taunna embung ngadéngé lagu cianjuran. Kasét nu aya gé dipiceun jiga miceun runtah nu taya hargana—saacan Papih tepung deui jeung Euis nu kiwari geus jadi randa. Terus ayeuna Papih nyebut-nyebut ngaran Saepul…”
“Yéy, nu nyebut ngaranna mah pan Mamih? Ieuh, Papih mah saumur gé can kungsi nyebut ngaran si pamingpin orkés malayu nu sok nganteur Mamih mulang baheula, nu sok ngawowoy Mamih ku honor jeung persénan nu leuwih gedé tibatan nu dibikeun ka biduan séjén…”
“Kitu sotéh pédah wé Mamih mah béntang panggung! Barina gé ti mana Papih apal Mamih sok meunang honor leuwih gedé?”
“Si Suci, Néndén, Iceu, kabéh ngomongna kitu.”
“Ooh,” pamajikanana nyikikik,”jalma-jalma sirik éta?”
“Ti maranéhna Papih gé apal yén Mamih baréto bobogohan jeung Saé… heueuh, jeung jalma éta!”
“Mamih mah teu bobogohan jeung…”
“Euleuh-euleuh-euleuh… Deuleu étah! Teu bobogohan nyah? Jadi nanaonan atuh di tukangeun panggung Mamih ditatang­keup ku si éta? Mamih ngaléndotan bari uman-imen ka manéhna? Katénjo kénéh ku Papih ayeuna gé. Écés tur pertéla. Béngras kénéh! Basa orkés Mamih maén di alun-alun harita, Mamih dikakaléng ku manéhna! Cacak keur réa batur, komo mun di tempat sepi? Teu nginjeum panon teu nginjeum ceuli, teu ngan ukur ngadéngé omong batur, tapi nempo sorangan. Kaciri pisan kumaha layeutna Mamih jeung si éta. Buuk Mamih diusapan terus dicium ku manéhna anteb pisan. Nu diusapan­ana mah damang wé, kalah seuseurian jiga nu suka, komo basa leungeunna ngagarayam kana taktak, terus turun kana tong­gong, malah Mamih jiga nu ngahaja ngantep leungeun si kurang ajar éta lalaunan beuki turun, beuki turun, beuki turun, terus nyabak kana buj…” si lalaki nganggeuskeun kalimahna ku neung­geul pingpingna sorangan.
“Ya Alloh…”
“Rék bisa ngangles kumaha, sakitu nembrakna! Kalakuan jiga kitu rék kumaha masih kénéh bisa nyebut ‘Mamih mah teu bobogohan jeung manéhna’?”
Pamajikanana ngarénghap jero. Kalayan leuleuy manéhna nyarita, “Papih téh masih kénéh timburu ka jalma nu geus taya dikieuna?”
“Tapi pan manéhna masih kénéh hirup dina pikiran Mamih.”
“Terus salila ieu naon nu sok aya na pikiran Papih?”
Si lalaki cicing.
“Geus puguh itu mah aya kénéh, jabaning randa deuih.”
Jempling. Ukur sora ramo éta lalaki nu ngetrukan leungeun korsi. Jeung sora jam nu asa beuki béntés.
“Sok, rék ngangles kumaha?”
Simpé.
“Bisi panasaran hayang nyacapkeun kasuka, rék isuk rék pagéto gé jig téh teuing geura téang. Malah masing rék ditéang ayeuna gé jig waé. Apal kénéh lin lebah mana imahna juru-mamaos-Néng-Euis-Jubaédah-téh?”
Si lalaki teu nyarita.
“Mamih onaman, lamun téa mah kaparengkeun inget ka Kang Saépul almarhum, lantaran ngadéngé hiji lagu nu baheula sok dilagukeun ku Mamih na panggung, ukur bisa ngabayang­keun na pikiran, da geus euweuh jirimna. Mamih mah moal rék ngangles, Kang Saepul nu ngalantarankeun Mamih baheula boga kahirupan nu puguh jejerna. Kang Saepul nu ngalatih Mamih tepi ka bisa jiga harita. Mamih bisa manggung, bisa meunang duit keur mantuan kolot da puguh pan Mamih gé anak hiji-hijina.”
Si lalaki ngusapan beuheungna, terus babatukan.
“Malah mun Papih apal, Kang Saepul pisan nu pangheulana ngajurung Mamih sangkan narima lamaran ti Papih harita. Kang Saepul ngijinan Mamih kawin lantaran nu ngalamarna Drs. Hadi Suwarna, pagawé bang. ‘Ieuh, Upit, rék néangan lalaki nu kumaha deui’ ceuk Kang Saepul harita. Mun Kang Saepul teu nyarita kitu mah, hamo, Mamih bisa narima Papih. Mamih gé hayang jadi biduan tepi ka jucungna rékaman…”
Nu kadéngé saterusna ukur sora bandul jam, jeung sora rénghap maranéhna duaan.
Sanggeus rada lila, si lalaki ngarérét ka pamajikanana.
“Mih…”
“Hm.”
Bari numpangkeun leungeun kéncana kana leungeun pamajikanana, si lalaki nyarita, “Papih gé sarua. Najan ayeuna Euis aya kénéh. Jaba randa. Tapi lain hartina Papih bakal terus inget ka manéhna. Mémang enya baheula mah manéhna kungsi jadi kabogoh Papih, ku Papih pan geus dicaritakeun. Tapi kapan jaman geus robah, kahirupan urang geus robah. Geus puluhan taun urang hirup babarengan téh. Papih ngarasa bagja nu taya hinggana bisa hirup babarengan jeung Mamih. Komo deui kapan Papih beuki kolot, geus séngsérang padung. Mun Papih ayeuna resep ngadéngékeun cianjuran, nya lantaran laguna matak teng­trem kana haté, matak tingtrim kana batin…”
“Nya sarua wé Mamih ogé, ngahariringkeun lalaguan kitu téh lantaran lagu nu kitu nu apalna, lagu-lagu nu sok dilagukeun ku Mamih baheula. Ukur keur nyingkahan rasa sepi…”
Si lalaki teu némbal, anggur melong buruan.
Salambar kalakay murag tina dahan tangkal jambu.
Sareupna ngarurub lalaunan.
“Enya, urang téh teu pernah bisa nyingkahan kasimpé. Ku teu diparengkeun boga turunan atuh urang téh nya…”
Pamajikanana ngésérkeun leungeun si lalaki, ngusap jilid majalah, terus kalayan tarapti neundeun majalahna dina méja. “Urang pan boga Kardiman, Saptu engké datang…”
“Tapi manéhna pan angger milik indung bapana. Malah tiap mulang ka dieu ayeuna mah sok jarah ka makamna…”
“Timburu deuih nyah?” ceuk pamajikanana bari jung nangtung terus nyetrékkeun saklar, bray lampu caang. Sérélék nutupkeun hordéng.
Si lalaki ukur seuri. Manéhna gé milu cengkat terus nangtung bari jeung jiga aya nu dipikiran.
“Mih, jigana éta budak sarua jeung urang, sok kesepian ogé jigana mah nya?”
“Kumaha kitu?”
“Pédah wé, mun keur di imah téh sok nyetél waé lagu rok…”
Pamajikanana jiga nu milu mikir, rét ka si lalaki. Nyéh duanana seuri. Si lalaki terus aksi nyeta-nyeta nu ngalagu rok, tapi teu lila ngadon muringis bari nyabak cangkéng. Pamajikan­ana jiga nu geregeteun ku kalakuan salakina, si lalaki nu muringis téh disangkéh bangun deudeuh. Duanana arasup ka pa­tengahan.
Tiktek jam, ngitung waktu bangun nu taya kabosen.
Peuting datang deui, pikeun maturan nu keur lumakon, nataran impian jeung panineungan.***

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...