28 Januari 2010

Implengan ningnang

Taya sasaha. Simpé. Stasion karasa nyenyep.
Bangku-bangku péron ngabagug. Towong ku nu ngadongdon. Hareupeun lokét, teuing ku lénglang. Ti tatadi, ti kamari, ti mangkukna, ti minggu kamari, taya patugas nu mancén gawé. Pulisi jeung intél teu deui ngulampreng deuih. Di dieu, di stasion ukur kuring sorangan.
Tapi karéta nu didago can baé datang. Kesel. Mun teu diuk na péron, nyarandé kana tihang. Atawa neuteup deui jam dingding nu jarum-jarumna ngabigeu teu daék laju. Kitu jeung kitu.
Rét deui kana jam nu ngadaplok. Sakapeung sok banget miharep, jarumna ngadadak usik. Meureun lipur, aya batur keueung. Tapi henteu. Jarum jam ngajeten baé. Angin deuih, bangun nu tara nyaba ka lebah dieu. Taya kalakay nu marurag. Tatangkalan lir taya kasukaan ngusik-ngendagkeun daunna. Betah baé, ngabigeu saendeng-endeng.
“Aya korék?”
Gebeg! Pulisi kitu? Teu apal ti mana holna, manéhna ujug-ujug geus aya di dinya. Lalaki sapantar kuring. Beungeutna teu pati sidik. Intél boa?
Kuring uyup-ayap kana saku. Da puguh geus lila teu udud. Nu nanyakeun korék téh ukur wasa dipersabenan.
Ku sarérétan gé karasa teu soméah. Teugeug, teu rengkuh-rengkuh acan. Boa enya intél. Lah.
“Dagoan baé, moal teu datang geura,” pokna bangun nu engeuheun mun kuring geus lila ngadago karéta, “Ti beulah ditu biasana mah ngurunyungna téh.”
Wani sumpah, nanyakeun gé henteu! Tapi manéhna miheulaan ngawalonan kana kahémeng nu nyangkaruk jero dada. Saha? Boa enya intél?!
Padahal teu poék-poék teuing, tapi beungeutna can kénéh baé sidik. Dudukuyna méh nutupan kana beungeutna. Jubah hideungna deuih, ngarungkupan saaawak. Sambléhna baé salaput beuheung.
Enya. Saha téa manéhna téh?
“Kuring gé baheula kitu, lila ngadago cara di dinya,” pokna deui bari gék rada anggang ti kuring, “Geus manjing kana waktuna mah, moal burung ngurunyung.”
Tina lentongna mah asa lain intél. Tapi saha? Bet manéhna kalah miheulaan deui nyarita.
“Sakapeung sok hayang mulang ka alam baheula,” tuluyna téh, “hayang meuseuh diri. Migawé kahadéan. Kasiksana mah ayeuna boga kalakuan nu kulawu téh. Bayeungyang tangka nyongkab. Boa enya seuneu naraka, héabna geus ngaléntaban tepi ka lebah dieu…”
Seuneu naraka? Kasiksa?! Kop kana dudukuyna. Lalaunan tuluy dibuka. Katémbong lebah tarangna aya tapak tatu, hideung sakuku jempol. Lebah palipisna deuih, aya nu ngageleng siga tapak ngadék. Kuring gé boga céda tapak bedog lebah palipis, sésa tarung jeung si Rokiman, jéger pasar. Tah ieu, karasa ngageleng kénéh. Untung teu keuna kana panon gé. Bedog si Rokiman basa diheumbatkeun téh bisa katéwak. Geus kacekel mah, asa laluasa ngahanca lebah dadana. Kecrék baé kana beuheungna. Ngajurahroh kana susukan. Si Rokiman teu mangga pulia.
Kalakuan kuring gé kulawu! Pamajikan kungsi ngélingan sangkan ngeureunan kalakuan nu kurang hadé. Sing éra atuh ku batur, pajar téh. Ah!
“Teu betah saenyana mah hirup jumago téh,” rét manéhna ka kuring. Tatu hideung lebah tarangna nu sakuku jempol rada ébréh. Geus kitu mah, bat deui paneuteupna teuing ka mendi, “Saban poé asa diuudag ku musuh jeung kabaluas. Éra deuih ku pamajikan.”
Pamajikan?! Teu nyangka bet siga kuring baé, manéhna cenah ngarasa éra ku pamajikan! Duméh hirupna kulawu?
Ah. Inget baheula keur jadi supir. Kungsi boga dunungan pikasebeleun. Keuheul, teu cara ngala tanagana. Témpo mayar gajih, rudet kabina-bina. Jaba sok sentak-sengor. Samarukna aing teu wani. Maenya nitah nyokot émbér keur ngumbah mobilna, tutunjukna ku cokor onaman. Nasteung nyaanna gé. Untung bisa kénéh nyabar-nyabarkeun manéh.
Teu ukur dikitu-kitu. Mun kuring elat meueusan barang gawé, tara sakali dua kali ngadegungkeun. Mun henteu dunungan, nya badégana nu hahaok téh. Cuih! Asa ngaleuwihan dununganana baé, lian ti nunjuk ku cokor jeung dugang-degung téh, sok bari jeung poporongos sagala badégana mah.
Dagoan siah koplok, sageuy aing gé teu wani onaman?
“Kuring mah kungsi ngagadabah dunungan awéwé,” tuluyna téh.
Gebeg! Asa kagebah. Kakara sadar, lalaki nu diuk gigireun can reureuh natar lalakonna. Dirérét téh kalah ka anteng neuteup teuing ka mendi. Tuluyna téh deuih, “Can sugema nénjo manéhna jejeritan, gaplok ditampiling. Jerit deui, gaplok deui ditampiling. Kuring kalah resep nénjo nu roroésan kitu. Habek deui kana irungna tepi ka getihan. Tuman. Keuheul tuda ka salakina…”
Kuring ngabigeu. Reuwas gegedéna mah. Kitu kapan kuring gé. Boa kalakuan kuring leuwih parna? Ka dunungan awéwé téh kuring mah kolu jeung maragatkeun nyawana. Tah, waktu dunungan awéwé keur roroésan kitu, ku kuring téh terus dirungkup ku bantal. Nu roroésan beuki pakupis. Lila-lila témbong beuki leuseuh. Eungapeun pastina gé. Paduli teuing. Lila-lila mah geuning teu deui roroésan. Ngulahék, tuluy ngalempréh teu walakaya. Diragap, dunungan awéwé téh geus taya nyawaan. Geus kitu mah, layonna geuwat diréndéngkeun jeung layon salakina nu leuwih tiheula dicacag lebah dadana. Enya, ti dinya kuring laluasa ngagalaksak kana perhiasan. Jam tangan. Handphone. Duit mangjuta-juta milu karingkid.
“Apes baé meureun kuring téh,” omong manéhna. Kuring asa kagebah deui. Tuluyna téh, “Basa luncat tina jandéla, sanggeus ngarampid sagalana, anjingna ngagogog. Badégana nyaring. Tuluy milu moro bari ngabar-ngabar bedog. Kuring lumpat kana bénténg. Gajleng luncat. Ti dinya kabur mapay-mapay kebon. Ari sugan pulisi moal gancang datang. Kuring diobrot ka tengah kebon. Beledag-beledag, sora péstol tinghariung kerep pisan. Bebelasatan kuring norobos kebon. Beledag, pélor péstol nenggel kana bitis. Karasa linu saawak. Bru, kuring rubuh. Teu bisa kukumaha. Kuring dicerek, diakut ka kantor pulisi. Tah bisi teu percaya…” cék manéhna deui bari némbongkeun bitisna nu aya tapak tatuna.
Moal ditémbong-témbong kuring mah. Rumasa, kuring gé boga tapak pélor na bitis. Caritana méh sarua. Ngan baé dina lalakon kuring mah, sajeroning kuring kudu dibérok téh, majar pamajikan kuring béak digalaksak ku badéga nu kurang ajar téa. Rangsak digadabah jeung direrejét tepi ka hanteuna. Dasar badéga bangsat. Bangkarwarah!
“Kuduna mah lima belas taun di jero pangbérokan téh.” tuluyna téh bangun laluasa duméh taya nu nyelang caritana, “Taun katujuh kuring minggat. Luncat tina sarigsig. Kakaburan. Nyamar jadi jelema biasa. Na implengan ukur aya hiji angen-angen: males kanyeri ka sibadéga nu geus ngageugeuleuh ka pamajikan kuring. Bedul! Si koplok téh, kalah aya nu miheulaan nyacag. Bati kekerot kuring gé! Handeueul duméh nyacagna lain ku leungeun kuring!”
Tétéla, caritana réa nu sarua. Kateuing, naon maksudna manéhna cacarita siga kitu? Duméh intél téa boa!
“Panasaran baé caduna gé ka si badéga mah. Da mun hirup kénéh mah, hayang pisan nyacag ngawalang-walang,” tuluyna téh deuih, “Ateul tungtungna mah mun nénjo nu jumago téh, peureup sok hayang geura-geura nonjok. Lila-lila mah kalah kuringna nu ngajago. Ateul cekéng gé. Ngagalaksak. Kudak-kadék deui. Milu babadog deui. Ngagadabah deui. Enya. Tah, pamungkas, kuring ngagadabah pamajikan babaturan pisan …”
Teu laju neruskeun caritaanana. Manéhna neuteup ka jauhnakeun, bangun aya nu keur diumbar. Stasion kalah karasa beuki ngabigeu. Taya angin humiliwir. Sumawonna kalakay nu marurag. Bet panumpang bangun teu rék jebul-jebul. Simpé beuki ngabakutet baé.
“Kétang, lain kuring nu ngagadabah, awéwéna baé gélényéh bari tumamprak,” tuluyna téh neruskeun caritaanana, “Kabeneran kuring keur mabok arak….”
Kuring bati ngabigeu. Caritaanana téh bet bangun nu keur nataan lalakon sorangan baé. Kitu pisan lalampahan kuring gé. Édah, kumaha nyanéh béjana? Hampura, salaki nyanéh, kapaksa ditelasan. Enya, tadina mah moal dilayanan. Ngan baé salaki nyanéh témbong buringas. Nguwak-ngawikkeun balati gé siga nu kaeunteupan sétan baé. Puguh gampang pisan meruhkeunana. Cukup ku guwar-giwar. Geus capéeun mah geuning teu burung nyolontod diketig sakali gé. Hampura Édah, da tadina gé inggis malik narajang, salaki nyanéh kapaksa dicacag. Emh, teu sangka, méméh ngaleupaskeun nyawana, salaki nyanéh téh maké jeung kungsi neuteup heula. Na panonna témbong mangyuta dengdem. Hampura Édah….
Tapi moal, najan enya sarua gé carita nu ieu mah ku kuring moal dicaritakeun ka manéhna. Nu matak kuring milih jempé. Rék dituturkeun baé tepi ka mana leunjeuran kalakuan manéhna nu cenah kulawu téh?
“Da puguh pada-pada lalaki, si Surnawan, babaturan kuring téa téh ngajak ijén,” pokna deui.
Surnawan?!
“Kaharti, manéhna nandonkeun harga dirina duméh pamajikanana aya nu ngageugeuleuh,” tuluyna deui, “Enya kuring nu salah cekéng gé. Tapi lebah ditangtang tarung mah, piraku kudu medal sila. Der bukbek silih arah ku seuseukeut balati.”
Manéhna teu laju cacaritana. Kalah ngarahuh, tuluy ngeluk deui siga nu handeueuleun. Tuluyna téh, “Manéhna téh babaturan kuring. Tapi kuring teu mikeun mun kudu paragat na leungeun manéhna. Nu matak kuring nu miheulaan, niruk beuheungna. Méméh ngaleupaskeun nyawana, maké jeung kungsi neuteup heula sakeudeung. Karasa, mun dipokkeun téa mah boa manéhna téh ngancam, teu ayeuna sugan jaga, meureun. Kuring gé sebér nangénan panonna nu ruhay ku dengdem. Tadina mah mun kaumuran kénéh, Édah, pamajikanana téa rék dikawin baé…”
Jempé lebah dinya. Kungsi ngarérét deui ka kuring. Tuluy neuteup deui ka jauhna.
“Ti dinya terus kakaburan. Mangbulan-bulan,” omongna, “Tah, nya di stasion ieu pisan kuring kakepung ku pulisi téh. Tadina mah rék terus kabur kana karéta. Ngan pulisi leuwih gasik. Beledag-beledag ngabekaskeun péstolna. Kuring cungcat-cingcet. Hanjakal bet ngarérét heula ka pulisi. Enya da ti dinya pisan kapan ieu tarang téh ditembus ku pélorna. Tah geuning tapakna, bolong sakuku jempol, nya? Ngajurahroh kuring téh. Tiwas sapada harita…”
Tiwas sapada harita?
“Tamat tepi ka lebah dinya lalakon kuring kumelendang di alam dunya téh euy. .…”
Tétéla, naon rupa caritaanana nyeplés jeung lalakon kuring. Ngagadabah pamajikan babaturan. Abur-aburan. Ditémbak ku pulisi. Dorr!!! Pamungkas, kuring gé abur-aburan tepi ka stasion ieu.
Tapi saha manéhna téh. Moal kitu intél nu ngudag-ngudag kuring? Kateuing! Anteng ditelek-telek. Kakara sidik, leungeunna buntung. Hag siah, sarua deuih jeung kuring. Leungeun kuring gé bunting urut ijén jeung si Rokiman téa di pasar.
Jung baé manéhna nangtung semu jumarigjeug. Pok waéh, “Dagoan baé, moal lila gé karéta nu didago téh pasti ngurunyung. Hampura, kuring mah geus kudu indit. Enya, seuneu naraka téh karasa beuki nyongkab. Héabna puguh geus ngaléntaban tepi ka lebah dieu….”
Nyongkab?! Koloyong ninggalkeun kuring. Gebeg! Geuning sukuna gé pinced. Cara kuring baé. Beuki panasaran ka manéhna. Saha?
“Ké-ké-ké… urang can kungsi wawanohan!”
Reg manéhna ngarandeg. Ngalieuk ka kuring. Beuki ébréh, lebah tarangna aya tatu hideung, bolong sakuku jempol. Méméh kebat ninggalkeun, anteb pisan manéhna ngawalonan, “Sarpun. Ngaran kuring…. Sarpun!!”
Sarpun?! Éta mah atuh ngaran kuring!
Basa diudag, teu ku hanteu manéhna ngiles mantén teuing ka mendi. Sarpun?!
Ah. Simpé. Taya sasaha. Jam dingding nu ngadaplok jarumna geus lila ngarandeg. Taya angin humiliwir. Taya kalakay nu marurag. Taya dahan nu ngusik-ngendagkeun daun. Simpé. Stasion téh beuki lila beuki nyenyep.
Bet ayeuna karasa aya nu merebey lebah tarang. Dicabak, horéng getih lalambaran. Leng…, getih ti mana? Basa dicabak deui, bet aya nu bolong sakuku jempol. Beu!! Kakara inget, enya, basa tadi rék luncat kana karéta téa, pulisi ngabekaskeun péstolna, némbak kuring. Pélorna nenggel pisan kana tarang. Kuring tuluy ngajurahroh. Kapan tiwas sapada harita! Sapada harita!
“Dagoan baé, karéta nu didago moal lila deui bakal ngurunyung…” kadéngé deui sora manéhna lapat-lapat.
Ah. Karéta nu didago, moal lila deui majar bakal ngurunyung.***
Bandung, Séptémber 2005

Tidak ada komentar: