28 Januari 2010

Sapi jeung Madali

TI BAHEULA Si Lina téh cita-citana ngan hiji, hayang ka  Arab. Hayang jadi té-ka-wé. Éta meureun sok dihatéan ku aing, indungna. Heueuh, pepeuriheun Éma teu bisa ka mamana, da teu sakola-sakola acan. Elin pék ka ditu, siga Ceu Emin. Tah, sok kitu dicaritaanana téh. Éta deuih meureun, mun nempo tatangga atawa kapilanceukna balik ti Arab téh sok reunceum jeung rébo baé. Tong boroning budak, aing gé sok kabita.
Tapi meureun Si Lina téh kudu sakola heula, ngarah boga ijasah. Da kudu boga ijasah cenah. Tah éta sababna aing kumejot hayang nyakolakeun manéhna téh. Bus ka SD. Paduli teuing bapana embung ngurusan gé. Rék modar rék kawin deui gé, ku aing moal dipikiran. Euweuh di imah gé pirang-pirang untung, batan aing té-bé-sé nempo pagawéanana unggal poé ukur ngagojod di imah.
Ceuk guruna Si Lina téh calakan. Lulus gé pangalusna. Waktu ku guruna dijurug-jurung sina nuluykeun ka SMP, aing mimiti mikir. Nya nanya ka Pa Suparman, kapala SD. “Ari ka Arab cekap ku ijasah SD, Bapa?”
“Ibu rék téga, budak umur 13 taun sina cecelengcengan di padang pasir?” ceuk Pa Suparman muncereng.
Enya gé rada ngalenyap, tapi aing teu sugema ku jawaban­ana. Matak ngahaja datang ka imah Kuwu, éra-éra gé. Nu ditanyakeun ka Pa Suparman téh ditepikeun deui ka Kuwu.
Ceuk kuwu, “Méméh umurna tujuhlas taun mah, moal diidinan Ibi!”
Jadi kudu kumaha atuh aing? Da ari kudu nyakolakeun Si Lina ka SMP mah aing rada lieur. Lain ku pédah aing sakadar kula-kuli di tanah batur, tapi kumaha bisana nyakolakeun Si Lina ka Ciakar? Enya cenah sakolana mah teu kudu mayar, tapi meureun kudu dititipkeun. Meureun kudu dijajanan sapopoéna. Ari kudu didugdag unggal poé badarat ti imah mah aing gé teu téga. Indit meureun kudu nyubuh, balik kudu soré. Can mun hujan. Lalaki onaman.
Karunya ka budakna, geus hulang-huleng baé. Meureun geus dibibita ku guruna. Tapi ku aing teu diombéran. Tapi deuih ari kudu lugag-ligug di imah mah, karunya. Ari disina bunta-bantu di kebon, aing gé asa teu téga deuih.
Dibawa ku Pa Suparman antukna mah, ka Ciakar. Rék di­titipkeun ka Ustad Rohidin cenah. Bari sina nuluykeun ka SMP. Beuratna mah beurat haté aing téh. Tapi nu rada ngahampang­keun téh omongan Pa Suparman. Cenah aing teu kudu ngurusan sapopoéna, asal rido baé budak sina babantu di imah Ustad. Mantuan pamajikan ustad nyeuseuh atawa ngistrika, minangka tam­bahna pira ngasuh budak.
Harita, Si Lina mah kalah séséréngéhan baé aing haseum téh.
Tilu bulan sakali mah ku aing sok dilongokan. Bari ti lembur sok babawaan keur Ustad. Enya bageur Ustad téh, tapi aing angger sok melang. Komo ngadéngé omongan Ustad, budak téh cenah éncér otakna. Kuduna mah aing atoh, tapi mun kudu dibéjakeun mah, haté aing melang kabina-bina.
Nepi ka Si Lina nincak kelas tilu SMP téh, Si Emin geus aya kana tilu kalina balik ka lembur. Tara lila ieuh di lemburna téh, deregdeg deui ka Jakarta. Ber hiber deui. Tilu kali hiber téh tilu kali ganti dunungan cenah.
Nu kadua balik mah mawa budak. Méméh hiber deui ka Arab téh, bébérés heula salaki nu pundung abek-ambekan. Un­tung salakina miyuni bikang. Enya gé nyantri, tapi ku Si Emin mah sok sieuneun. Imah nu anegléng agréng téh teu nepi ka dijual dibagi rata. Tetep diurus ku Kang Emul jeung Ceu Néngsih, indung bapana. Salakina mah balik ka lemburna téh ngaligincing baé. Nincak di salaki Si Ombah mah apan, kiriman ti Arab téh béak dipaké nyandung.
Aing mah moal rék nitah Si Lina kawin heula. Sina jongjon digawé. Mending dijeujeuhkeun heula. Teu bisa nyieun gedong kawas Si Emin gé, atuh bisa maraban-maraban aing jeung adina. Ongkoh mun can salakian mah, kiriman ti Arab téh meureun moal ka saha deui brona. Pisalakieun mah, mun Si Lina geus reunceum, piraku teu pada ngagembrong. Mun dikawinkeun ayeuna-ayeuna, leuheung basa salakina jejeg. Kumaha mun siga salaki Si Ombah?
Tapi aing beuki melang ka Si Lina. Komo basa hiji poé manéhna balik ka imah, dijajapkeun ku ojég, bari ngagigiwing piala. Cenah juara dua di Kabupatén. Olimpiade-olimpiade kitu. Mawa duit dua ratus rébu, weuteuh kénéh dina amplop. Jeung ngagigiwing pigura nu eusina tutulisan. Mani aléwoh dodongéngna téh. Resep jeung bungah meureun. Ku aing ngan diheueuhan.
Tuluy didongéngan soal Si Emin, bari masrahkeun geulang ti Arab oléh-oléh ti Si Emin keur manéhna.
“Sawah Haji Sirod nu ku Ema digarap téa, ayeuna mah geus dibeuli ku Ceu Emin. Sugan ka hareup mah bisa dibeuli ku urang, mun Lina geus di Arab,” dicaritaan kitu ku aing téh.
Si Lina kerung. Tapi ku aing diajak seuri.
Kamelang aing kabuktian. Sawatara bulan ti harita, ka imah datang guruna, bari ngajajapkeun Si Lina.
Kasép guruna téh. Ngakuna mah Jajang, walikelasna Si Lina cenah. Urang dayeuh. Teuing geus kurenan acanna mah. Ku aing teu ditanyakeun, manéhna gé teu ngadongéngkeun. Da aing sebel tuda kana omongan jeung kahayangna, nu rada maksa ngajak Si Lina sina nuluykeun sakola di kota.
Ari aing, teu wani ari kudu nambalang mah. Si Guru sakitu sopan jeung bageurna dina nyarita. Jeung kaciri pinter, da ngomongna loba nu aing henteu ngarti. Atawa aingna kitu nu bodo teu katulungan? Ka Si Guru aing nepikeun paménta, sangkan ulah mawa Si Lina ka kota. Rada éra ari kudu dibéja­keun rék disina indit ka Arab mah, ngan alesan aing harita, Si Lina budak aing, bulu taneuh nu hirup saaya-aya. Mun dipapak­sa sina nuluykeun sakola bisi mokaha ahirna. Bisi pugag di tengah jalan. Jaba melang mun ngandelkeun sagala ti batur mah.
“Istri tuda Pa Guru. Pameget onaman.” Tapi sajeroning nya­rita kitu téh, aing sorangan teu ambil pusing mun Si Lina kudu hi­ber sosoranganana Siga Si Emin.
Éta guru kalah ka imut. Tuluy panjang deui nyarita anu sabenerna mah geus embung ku aing didéngékeun. Majar téh lantaran pinter Si Lina bisa sakola nepi ka universitas. Bisa meu­nang anu, bisa ka anu, bisa sagala anu. Paduli teuinganan, ceuk haté. Si Lina moal ieuh dibikeun sakola ka kota. Ongkoh loba contona, najan sakola ka kota gé can tangtu maju hirupna. Ulah jauh-jauh, anakna Haji Sirod gé, anu sakola nepi ka Bandung, di­wisuda taun kamari, balik ka lembur mah angger cenah sok namprak ka kolotna.
Aral sigana mah Si Guru téh. Nepi ka balik téh teu bérag siga keur datang. Sanajan tetep sopan, tapi katémbong siga hanjakaleun pisan. Si Lina cakueum haseum. Aing gé teu méré budi.
Isukna Si Lina geus euweuh ti imah. Puguh baé aing bingung. Du­it na laci lomari hasil ngajual ségon kabéh dikuras. Sanggeus nitipkeun Si Kondi ka Kang Emul, ber ka Ciakar. Tandureun poé éta di sawah Kang Salim diculkeun. Tapi jol ka Ciakar téh bu­dak teu nyampak, guru Jajang nu kungsi ka imah euweuh. Sakola suwung. Horénganan geus peré cenah. Ukur aya nu jaga. Nya meunang alamat guruna nu di dayeuh. Teu mikir panjang, aya kénéh ieuh ongkos. Ber baé ka kota, numpak élp nu kasoré­nakeun. Teu dipikiran deuih, peuting rék saré di mana. Ambek nga­gugudug.
Sumpahna gé aing nyeri haté. Peuting ngagolér siga galan­dangan di terminal, isukna mapaykeun alamat si guru Jajang, lebeng teu kasusud. Teuing aing nu lier meureun. Balik ka lembur geus teu mikir naon-naon, ngan gauk baé ceurik. Nyumpahan budak béak karep. Nyumpahan nasib, nyumpahan salaki, nyumpahan kolot nu geus ngalantarankeun aing sangsara euweuh tungtungna. Haté beuki nyeletit basa Kang Salim nyarékan aing nu ngantep sawahna teu katanduran.
Si Lina teu balik deui. Nepi ka aing cadu tah nyakolakeun Si Kondi, adina. Teu kudu sakola ari tungtungna nyusahkeun kolot mah.
Bulan-bulan aing gering pikir. Hirup méh-méhan aral. Mun Si Lina balik, nu kapikir ku aing hayang ngawejek beungeutna. Tatangga geus nyangka aing teu waras da sakapeung sok muru­kusunu sorangan.
RT kungsi datang ka imah, mapaykeun budak nu teu disakolakeun, padahal umur geus manjing sakola. Dititah lurah cenah. Ceuk aing, sanajan persiden nu nitahna, najis tah aing nyakolakeun budak.
Hiji mangsa aing mapaykeun deui Si Lina ka Ciakar, ka Si Gu­ru nu datang ka imah téa. Barang tepung ku aing langsung dicarékan, ditunjuk-tunjuk, pada ngarogrog ku jelema sasakola. Aing awong-awongan nanyakeun di mana Si Lina, manéhna kalah ka hahampuraan. Ngan kecrot baé ku aing diciduhan. Puas!
Mulan-malén aing linglung sorangan.
Sataun saprak Si Lina kabur. Si Emin kabéjakeun balik deui. Tapi balikna ayeuna mah teu kos tiheula, da matak gujrud salelembur. Teu nyéwa mobil siga tiheula deuih, bari babawaan, sagala dibawa. Ayeuna mah dipayang-payang, da geus teu bisa leumpang-leumpang acan.
Aya sabulan mah ka lembur aing ngabrul-ngabrul baé jelema ti kota. Nu motoan baé aya, nu papariksa aya. Nu disaragam mah, nu maké mobil mah, nu ngajak ngobrol baé gé ka kolotna teu kurang-kurang. Sagala ditanyakeun. Malah ka aing gé kungsi aya nu rék ngajak ngobrol, budak awéwé bari mamawa corong emik. Aing rék disorot ku kaméra. Tapi ku Si RT éta budak téh ditoél, tuluy diajak ngajauhan bari diharéwosan. Si RT miringkeun curukna dina tarang. Nepi ka éta budak ngora téh undur-unduran.
Ka Si RT aing ngagorowok, “RT, tanyakeun tah ka urang kota. Sugan wawuheun ka Si Lina! Mun kapanggih rék dibebek kituh ku aing!”
Kalakuan aing siga kitu téh ku tatangga sok digeuhgeuykeun. Aing sok malik ambek, da sumpahna gé saméméh tepung jeung Si Lina sarta ngajejewét beungeutna, aing tetep panasaran.
Si Emin beuki ripuh. Ku kolotna geus dibawa ka ditu ka dieu, diubar-abér, angger teu cageur. Imah jeung pakayana nungtutan dijualan, dipaké ngubaran awakna nu geus tanpa daksa. Leungeunna kéngkong, daging jeung kulitna méotan. Lebah tonggong jeung dadana ngagudat kénéh tapak cameti. Cageur téh semet bisa diuk andéprok bari ngomong walahwah-weuleuhweuh. Sakapeung sok jejeritan teu pupuguh. Nya ku aing sok dilayananana. Ku aing sok diajak seuri, manéhna sok milu seuri.
Kang Emul, kolotna, sok ngadatangkeun sepuh. Da Si Emin téh lain baé ingetanana nu kusut téh. Awakna gé beuki ripuh baé. Éta sepuh datangna sok bararodas baé, boh pakéanana, boh sorbanna, kitu deui totopongna. Ka aing sok melong anteb, kitu deui ka Si Emin. Siga hayang ngerekeb. Anéhna pencrong­an­ana téh sok nyerep nyecep kana haté.
Nya lantaran éta, aing wani ngajak ngobrol ka manéhna. Da ngajak ngobrol jeung Si RT, jeung Kang Emul, atawa jeung tatangga aing mah kabéh gé siga embung ngalayanan. Ngan Si Emin nu sok sabar ngadéngékeun obrolan aing mah.
Ka éta sepuh aing nepikeun kakeuheul. Waktu manéhna keur ngubaran Si Emin nu ngalempréh, aing ngocoblak baé nyaritakeun si gejul Lina nu teu balik-balik nepi ka ayeuna. Si Lina ku aing digoblog-goblog, da teu ngahargaan aing indungna. Na ari sebrot téh, aing dibura ku cai. Kek beuheung aing dipencét satakerna. Aing gegelegepan. Eungap jaba panas alah batan dibanjur jeung ditojos beusi ruhay. Aing aduglajer. Tapi pencétanana beuki pageuh, nepi ka aing teu éling.
“Sing éling ka temah wadi, Anih! Urang téh boga kénéh Pangéran. Ulah ngagugulung baé kasusah haté. Anggur mah istigfar, istigfar!!” ceuk Kang Emul.
Si Emin geus lila dikubur. Aing ukur bisa ceurik.
Sepuh gé hiji mangsa mah datang deui. Sapeupeuting aing digelendeng ku manéhna. Nitah aing éling ka Pangéran. Nitah solat sagala rupa. Anéhna haté aing ayeuna mah leuleus. Hen­teu hayang ngangkrang siga ti heula. Isukna aing dijajap ku Kang Emul, nyekar ka makam Si Emin, bari sakalian nyekar ka makam emang jeung bibina, nyatana kolot aing.
Aing ngeureuyeuh deui ngalakonan hirup. Si Kondi dipaksa disakolakeun ku Si Kuwu. Mun aing merekedeweng, Kang Emul nu sok ngélingan bari nyarékan téh. “Ceuk aing gé meunggeus Si Lina mah popohokeun. Arék siga Si Emin manéh! Rék nyusul ka kuburanana?!”
Sakapeung sok leuleuy, “Akang gé, mun inget baé ka Si Emin, moal aya tungtungna, Anih. Moal aya warasna ngagugulung kasusah haté mah. Aing jeung euceu ayeuna pan geus teu boga nanaon. Si Emin geus euweuh, sawah jeung kebon geus lapur. Akang mah rék nitipkeun hirup baé ka Pangéran…”
Kebon nu Si Emin téa, nu meunang meuli ti Haji Sirod, geus pindah leungeun ka Kang Salim. Tapi Kang Salim teu percayaeun ka aing pikeun ngagarap éta lahan. Mulan-malén aing nitipkeun hirup ngandelkeun piwelas tatangga nu daék kénéh nitah buburuh. Nepi ka hiji waktu Kang Emul datang. Sawah jeung kebon Kang Salim dibeuli cenah ku urang kota. Kaasup urut garapan aing ti heula, aya kana sapuluh areuna. Keur ngagarapna ménta tulung ka urang lembur. Nya dipasrahkeun ka Kang Emul, sina daék ngurus. “Satengah séwang wé nya jeung Akang!” pokna.
Tapi unggal aya hasilna, manéhna mah nyokot sapertiluna baé. Basana, cokot baé ku Anih, keur ongkos sakola Si Kondi.  Ku manéhna gé cenah geus dibéjakeun ka urang kota nu bogana, perkara babagi hasil tina lahan nu digarap téh. Nuhun, Gusti. Moal dileuleungit, aing asa kajait hirup.
Aing sok rambisak sorangan. Tapi mun Si Lina jadi ka Arab, meureun moal kieu-kieu teuing jalan hirup aing téh.
š{›
Rada lila ingsreuk-ingsreukanana téh.
“Sok atuh diopi, Éna, kieu geuning di aing mah euweuh na­naon!” pokna bari nyusutan cipanonna.
“Cekap Euceu,” pok téh. “Gaduh wajit Bungbulang geuning, sok ngadamelan?”
“Puguh dikirim ku Kang Emul. Kamari tas ti dununganana cenah, ti kota. Balikna nyimpang heula meureun ka Bung­bulang.”
“Emh, paingan. Dunungan Euceu ogé meureun.”
“Heueuh kasebutna mah. Tapi da aing mah can kungsi te­pung. Nepungan henteu deuih,” Pokna deui.
“Naha?”
“Nyéta embung riweuh. Jeung rék nanahaon deuih kudu nepungan sagala ari bisa bérés ku Kang Emul mah. Ongkoh kumaha bisana aing nyarita jeung ménak. Mun butuh tandureun mah aing sanggup.”
Kuring nyenghél, maké aya rasa lucu. Tuda enya, ti baheula gé nyaritana ka sahandapeun téh teu weléh ngaaingkeun. Teu weléh teugeug jeung heuras. Sainget mah kitu ti baheula gé. Ti keur parawanna kénéh gé kitu ceuk nu arapal mah. Jalingkak cenah. Jeung kolotna sorangan pagawéan téh gor-gar paséa. Tara ieuh akur.
“Nuhun ari geus senang mah,” pokna deui.
Manéhna muji-muji kuring, pédah boga nasib alus, teu siga Emin. Kuring tiba imut. Hayang pisan ngabeberah manéhna ku béja-béja pikabungaheun, tapi kuring beurat létah. Ngan cukup diterangkeun, yén kuring bisa siga ayeuna téh lantaran milik nu kabeneran keur alus.
“Hayang euceu téh Si Lina siga Éna,” pokna dareuda. Ku­ring muji kana kapengkuhanana dina ngeukeuhan kahayang.
“Mun Lina jadi ka Arab, can tangtu siga abdi, Euceu!” témbal téh.
Manéhna kerung.
Kuring ngadongéngkeun kumaha ripuhna jadi té-ka-wé. Pangpangna lamun geus boga dunungan anu  sableng. Lain baé meres tanaga siga ka sapi, tapi apan ka urang téh sok ngang­gap abid nu hina euweuh hargana. Ngan hiji dua baé anu boga anggapan yén jelema modél kuring sarua manusa nu kudu diajénan. Nu matak kuring untung, rada alus milik. Sanajan hen­teu siga babaturan anu sakapeung sok dibabawa pelesiran ka rupa-rupa nagara, atawa mun hayang haji jeung umroh tara digeureuh-geureuh, kuring mah can nepi ka nasib nu kasorang ku Emin.
“Mun Lina ngalaman siga Emin, Euceu rido?”
Manéhna ngahuleng.
“Tapi meureun Éna, nu siga manéh gé loba.”
“Seueur. Tapi mun abdi dipiwarang milih antara kudu ka Arab jeung hirup saayana di lembur bari haté senang lugina, mending cicing di dieu, Euceu. Alim ka mamana. Hanjakalna jelema modél urang mah sok euweuh piliheun.”
Nyaéta, najan enya siga nu ngarti, tapi témbong gurat batu­na. Dikolongan ku kuring, naha daék ngahampura Lina mun Lina daék balik deui ka lembur. Éh, da pokna téh kalah nu lain-lain. Kajeun modar nepi ka tilu kali gé cenah moal rék diham­pura. Ku hal éta, kuring teu wani nepikeun maksud nu saenyana.
Isukna, méméh ka Jakarta pikeun uras-urus deui jeung pé-té, kuring nyimpang ka bumina Pa Jajang. Dicaritakeun naon nu diobrolkeun jeung Ceu Anih. Pa Jajang ngarahuh. Lina nu harita kénéh ditelepon, kadéngé balilihan.
Dina beus nu nyemprung ka Jakarta, kuring milu ceurik. Lain baé nyeungceurikan nasib Lina, tapi nyeungceurikan diri sorangan deuih. Mun téa mah bisa silih tukeuran nasib, siga bisa silih tukeur tempat diuk dina beus, kajeun kuring aya di tempat Lina, sarta Lina aya di tempat kuring ayeuna nu jadi té-ka-wé sakumaha kahayang indungna.
Tepung téh keur papada umroh. Lina ngahaja miang ti Virginia, lantaran di kampusna keur peré usum tiris. Kuring gé kabeneran dibéré kasempetan umroh ku dunungan. Ngobrol panjang lebar bari nyacapkeun sono, mikani’mat kaajaiban bisa tepung di Harom.
Manéhna amanat, omat cenah mun balik ka lembur pango­long­ankeun haté indungna. Da boh manéhna boh Pa Jajang, can aya nu wanieun deui ngahaja nepungan. Ongkoh ku Mang Emul diulah-ulah cenah. Mending indungna teu apaleun sakalian.***

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...