16 Januari 2010

NGAWUR KASINTU


Éséy Ki Édas

jUDUL di luhur mangarupa hiji babasan. Ari lengkepna mah kieu; “Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam”.
Ngawur nyaéta malédog ku barang anu loba tapi wandana laleutik. Saperti keusik, tipung atawa taneuh ngebul. Ngawur di dieu mah, lain harti nu sabenerna, tapi kecap injeum­an, tina harti méré parab. Maraban ha­yam ku jagong atawa ku bangsal, biasana diawurkeun, kawas nyawér pangantén ku ngawur-ngawur béas pacampur konéng jeung duit récéh. Sawéran pangantén téh jero-jerona mah siloka, nyaéta papatah ti kolot ka pangantén anyar, sangkan dimana boga rizki kudu bisa ngawur nu séjén. Utamana mah fakir miskin. Tapi ieu papatah téh saukur dijarieun kabiasaan atawa budaya wungkul. Budaya karuhun nu kudu dimumulé, cenah. Digugulungna saukur samet cangkangna. Ari kana eusina mah nyaéta kudu jadi jalma béréhan téa, teu ieuh diperhatikeun. Éstu haré-haré baé.
Kasintu, osok disebut ogé cangéhgar, nyaéta hayam leuweung. Wandana rada leutik. Babandingan jeung hayam katé. Awakna gépéng, buntutna lempay. Warna buluna konéng gading, saperti bulu meri. Kasintu, kacida linghas atawa girasna. Ma’lum teu kacoo ku manusa. Ari lain dibedil atawa dijaring mah moal ieuh bisa ditéwak, lumpatna tarik, tur bisa hiber. Geus puguh ari nu geus gedé mah hésé ditéwakna, tapi nu keur kumupu ogé sarua linghasna. Lumpatna nereleng kawas puyuh. Sulumpat-salimpet, jeung sulaman-sulumun kana rungkun, mani rikat pisan.
Lain kawas deui, kiwari mah geus pasti wawuhna kana kasintu téh saukur tina gambar atawa ngaranana wungkul. Lantaran tempat panonobanana di leuweung. Ari kiwari mah teu aya pitempateun anu bisa disebut leuweung. Sabab ari kangaranan leuweung mah kacida pisan remetna. Aareuyanana pajurawet, kitu deui tatangkalanana rékép, hésé pikeun ditorobosna. Istilah al-Quranna mah disebut Khorojan téa panginten. Kiwari mah teu aya anu kitu. Leuweung téh cararaang, tatangkalanana paaranggang balas digalaksak ku manusa. Nya cangéhgar ogé moal betaheun di tempat nu lénglang kitu mah.
Ari kana hayam mah moal aya nu bireuk. Tapi sanggeus nerekabna panyakit flu burung, cenah loba hayam anu katarajang salésma. Nasibna, kacida pinalangsaeunana. Hayam dibasmi, dipareuncitan, terus dihuru, kawas ngaduruk runtah. Bet asa humayua, teungteuingeun ari manusa. Bari tacan karuhan éta hayam téh nu népakeun­ana panyakit, saperti nu salila ieu dituduhkeun.
Cenah mah éta panyakit téh asalna ti luar nagri. Boa-boa ieu téh hiji taktik licik urang deungeun, utamana mah urang Amérika, sangkan dagangan hayam maranéhna bisa lancar, teu boga musuh. Kawasna upama henteu buru-buru distop mah, hayam asli di urang bakal tumpur. Jeung deui, dina cara ngabasmina bet jauh tina bagbagan agama. Sabab dina agama Islam mah teu meunang ngamubadirkeun rezeki. Apan hayam anu dipeuncit téh lain didahar. Demi anu resep ngamubadirkeun kana rezeki mah apan sobatna sétan, lin?
Tah pihartieun babasan di luhur ogé teu jauh ti kitu. Urang ngabasmi hayam milik urang, miara hayam milik deungeun. Hayam urang dijieun korban, hayam batur diparaban. Leuwih jauhna, ari urang asing diugung-ugung, dipupujuhkeun. Sabalikna ari rayat sorangan sina sangsara barongkéakan. Pék wé titénan, loba lahan garapan patani leutik jeung padumukan warga cacah kuricakan nu ragrag ka pangusaha jegud urang deungeun. Lahanna dijarieun tempat kaulinan manusa-manusa anu keur nyangking kakawasaan. Saperti lapang golf, sirkuit balap motor jeung mobil, vila jeung réa-réa deui. Tempat panganjrekan rayat robah, jadi wangunan pabrik, kantor, gedong sigrong milik asing patingjalegir. Nu nganjrek di dinya sina nyingkir ka tepis wiring. Pasar rayat nu geus mangtaun-taun diparaké néangan rezeki pangupa jiwa kulawargana, disorobot ku pasar swalayan. Cenah mah diayakeun pasar swalayan, mal-malan, super markét  pikeun mantuan padagang leutik. Tapi ari kabuktianana mah padagang anu teu boga modal mah wayahna wé kudu jicir, keun wangunan anu agréng mah kanggo jungjunan anu baroga duit. Entong nyalahkeun pamaréntah ari teu kabagéan téh, cenah. Naha maké jadi jalma miskin atuh! Antukna padagang émprakan atawa anu katelah padagang kaki lima (PKL) téa, lain ngurangan anggur kalah nambahan. Ci nyusu sisi gunung, anu biasa dipaké nyaian pasawahan jeung balong, ogé inumeun jeung ngaberesihan pakéan, kiwari geus dikawasa ku si toké. Dikocorkeun ka pabrik, diolah tur dijarieun cai mineral. Urang mah saukur lalajo, bari ngégél curuk. Upama hayang nginum mah meuli wé ka maranéhna.
Anyar-anyar ieu, pamaréntah geus ngaluarkeun Undang-Undang Penanaman Modal Asing. Di dinya aya aturan yén urang asing dibéré kasempatan pikeun ngawasa lahan garapan, boh pikeun tatanén atawa nyokot barang tambangna salila 65 taun. Sarta dibéré ombér deui salila 30 (tilu puluh) taun. Jumblah-jambléh maranéhna bisa kumawasa kana éta lahan salila 100 taun, kurang lima taun. Asa teu kuhanteu. Sarua wé jeung dijajah atuh. Iraha anak incu urang bisa ngagarapna éta lahan? Deudeuh teuing anaking, hidep saukur kabagéan cucuk jeung rorongkongna wungkul. Da dagingna mah ku bapa geus ledis, dipaké ngabayuan deungeun.

Tidak ada komentar: