28 Januari 2010

Hujan Ambahan

Panonpoé lir nu sungkan nyuaykeun indung peuting. Cahyana teu gumebyar kawas hibarna isuk-isuk nu unggal poé dilakonan. Alum. Wuyung. Malah semu-semu kingkin poé téh. Tatangkalan kawas nu tarungkul. Daun-daunna mararungkut teu matak ngirut. Héjona teu ningtrimkeun ati, tapi matak marudah jeung sumoréang.
Reup sakeudeung. Gerahna isuk-isuk leungit. Méga hideung nu ngadingding bet ngepriskeun cipanon. Hujan. Cahya pajar timbul deui, tapi hujan angger kerep. Hujan poyan. Asa keueung, nempo pajar bet siga layung. Isuk-isuk. Lamun hujan poyan atawa layung rada katutupan méga téh kuring mah sok keueung, lain deui ketir. Asa-asa rék kiamat. Komo pareng nempo kelewungna langit; asa rék bru baé nindihan jalma-jalma nu teu walakaya dina suasana nu matak ketir.
Duh Gusti, abdi ogé kiamat. Dada dulugdugdag. Napas ngahanju. Ser getih asa tinggeleser. Siak, puriding bulu punduk carengkat. Kuring rarat-rérét ka sakuriling. Gebeg. Geuning kuring téh ngagolér, tuluy maksakeun cengkat…Astagfirullahaladim. Gusti… tulang asa rék lalocotan, leuleus taya tangan pangawasa.
Panon panas tikoro garing. Berebey cipanon bijil. Maju lalaunan mapay palipis, puyar dina buuk nu kumusut. Buuk kuring. Teu karasa leungeun nyasaran buuk nyagapan sirah. Tah Beulah dieu…aduuuh. Enyut-enyutan. Peuting mah asa rék coplok buuk téh tina sirah. Gusti!
Téténjoan burem, tapi maksakeun manéh. Nelek-nelek sakuriling bari ngagolér. Teu wawuh. Kuring ogé aya dina luhur ranggon. Di mana boa? Tiwu paselang jeung sulanjana. Tiwu? Gula? Di Jawa kitu? Ah lain. Di mana atuh? Na kuring téh rék ka mana karah?
Gebeg deui. Kuring téh rék ka ondangan ka Subang. Inget kamari téh ti Garut maké erok beureum kembang-kembang. Ka luhurna blus katun warna bodas. Leungeun kuring hideng nyasaran baju. Cipanon beuki murubut waé. Lebah pinareup, taktak, jeung beuteung…rangsak. Ngarampa erok lebah pingping sigana soék. Pingping? Paingan asa nyecep ti tatadi. Pingping kuring ngaliglag. Erokna nyéngléd nepi ka puhu.
Celetit aya nu nyeri. Kuring nyagap palebah dinya. Gustiiiiiii!!!!! Kuring ngajerit sataker kebek. Les poék-mongkléng.
*
Geuning Nia mani geulis kitu. Hurung-hérang matak sérab nu ningal. Komo ningal rarayna nu moncorong cahayaan. Budak tara dangdan. Tara dilipen-lipen acan. Ari ayeuna? Meni geulis, meni manis, meni nyari, meni moncorong matak kalinglap. Enya geuning ceuk nini, lamun raray tara diropéa dina harti teu ngageulis kaleuleuwihi, cukup baé damis diwedakan, engké di mana panganténan bakal moncorong cahayaan. Ah, tahyul ceuk Si Éla mah… tapi asup logika da, Éla. Geura wé lantaran tara dangdan, nya sakalina dangdan matak kalinglap batur. Matak tong dicoo teuing tah damis, lambey, jeung kongkolak soca téh, Séla. Matak moal moncorong lamun manéh engké kawin. Tapi kétang da biwir Si Éla mah geuneuk balas sering digemol ku Si Adin ku Si Danton. Matak pantes dilipensetipan baé, nya?
Aéh, naha bet kuring jadi nalingakeun Nia? Ti mimiti didangdanan isuk-isuk nepi ka ucul-ucul kekembangan cucuk gelung jeung gelungna di jero kamar. Jam sabaraha ieu? Geus lekasan kitu hajatan téh? Itu Létda Agus—enya gedé milik Nia mah, kaluar ti SMIK (Sekolah Menengah Industri Kerajinan) di Tasik téh tuluy dicangcang ku perwira. Sataun ti harita réndéngan—nu ayeuna jadi salakina, horéng sarua aya di kamar. Tuh nyampeurkeun ka Nia sanggeus nutup jeung ngonci pantona. Nia nu éraan alangah-éléngéh baé bari tuluy tungkul.
Enya, bener sepi. Abong di lembur. Meureun hayang rinéh Létda Agus téh ari kawin di lembur mah. Jam leutik Hello Kitty nunjuk angka salapan. Paingan. Éta cihcir jeung caricangkas mani begér. Naha henteu aya kariaan kitu? Ooh, inget ayeuna mah, kapan aya pangajian peuting kamarina, kitu unggelna dina ondangan ogé. Kuring unggeuk-unggeukan.
Getih kuring milu ngagolak. Aduh, naha kuring milu nyaksian nu keur ngumbar kaasih meuntas jambatan kacinta tuluy kukucuprakan dina cai katresna? Aahh. Kuring nguliat, kabawakeun adegan nu buligir, taranjang, nyolok mata buncelik, hi..hi.. jadi inget ka Ineu. Kitu apan ceuk manéhna gé.
Tapi ieu seuneu naha milu hurung, bareng jeung peureumna Nia tuluy ngégél biwir handapna. Muringis. Ah Nia… padahal tadi katingal enjoy pisan waktu dirungrum ku salakina. Ku naon Nia téh? Nyeri atawa nimat? Nyeri nya? Maenya maké nyeri sagala? Pan cenah honeymoon, amis, kareueut, nimat. Tapi geuning Nia siga nahan rasa kitu. Sedeng Létda Agus tuluy negarkeun kudana. Lumpat tuluy, naék, naék… Hayoh sing kuat Nia…sing nepi. Tong éléh ku lalaki. Kuring nyumangetan dina haté.
Waktu Létda Agus nyorosod tina awak Nia. Katingal Nia nangis. Bet ceurik Nia mah. Létda Agus lalaunan nyium tarang Nia, tuluy … Ééh siga teu kaget teu sing. Malah siga geus pangalaman. Meureun kétang. Éta wé teu katémbong riweuh, antaré jeung tenang baé. Atawa meureun manéhna mah militér? Geus biasa dina latihan nyanghareupan sagala nu pikareuwaseun nepi ka panganténan ogé dianggap latihan perang? Duka kétang…
*
Ari ceuk Si Éla mah. “Resep, Ti. Boro-boro nyeri, resep puguh gé. Da urang mah bari nongton kituna gé.”
Na ari Si Séla, rasiah sorangan mani teu didingding kelir. Manéh mani teu percaya ka urang. “Da Siti nyantri. Alim. Jadi kuring percaya, cenah. Ih, Si Éta lain éra ku kuring téh. “Atuda Siti mah tara barang geureuh jaba carang takol, nyarita sabedug sakali.”
Puguh sok ngarasa dosa mun Si Éla nyaritakeun pangalaman éta téh. Dosa. Teu bisa ngélingan teu bisa nyaram jeung ngomongan. Lain kitu wungkul kétang, waktu disodoran buku teu uyahan ogé, enya mimitina mah kuring téh éra jeung kumaha mah. Tapi sanggeus dipaksa, kuring jadi maca. Dina haté kuring tuluy baé nyangkaruk dosa nu beuki kandel. Dosa bet ngarasa resep jeung nimat. Nepi ka sok tuluy ka cai…
Komo waktu ngadéngé Si Éla nyaritakeun pangalaman tea. Kuring jadi resep bari degdegan. Munapék meureun kuring téh. Hayang nyaram tapi teu mampuh. Jeung kumaha atuh. Si Éla pinter pisan ngadongéngkeunana…
“Siah, Ti. Enya mimitina mah tina maca, Éla téh dibéré nginjeum ku Si Danton. Tuluy diajakan nongton pilem. Sakali, dua kali, tilu kali… nu kaopatna Éla teu kuat. Getih sur-ser naék kana sirah. Sabulu-bulu milu cengkat. Éla asa ngalayang. Waktu Si Danton nguculan bajuna, Ela mah geus sabeuleugeunjeur. Nya éta meureun langit katujuh téh, Ti. Tuluyna mah…”
*
Ela!!! Nia!!! Kuring ngajerit ngageroan maranéhna. Tapi taya sora nu kaluar, ukur angin nu ngusapan, niup ngeprisna hujan nepi kana beungeut kuring. Nyah kuring beunta. Masih kénéh di ranggon kebon tiwu.
Ti Garut téh jam 10, muru soré ka Subang, da rék ngéndong ieuh. Kitu jangji kuring ka Nia. Ari kuring kakara harita ka Subang téh. Clak tumpak kana élep ti Lédeng. Diuk dina jok pangtukangna, nu awéwéna ngan kuring sorangan, lalaki tiluan. Aya ku kayungyun para pamuda, keur kasép téh balageur deuih. Nyaritana oge lalemes. Cenah mah rék ka Patok Beusi, sarua jeung kuring. Asa boga batur. Jadi wéh tuluy ngobrol.
Duka palebah mana éta para pamuda téh ngajakan turun. Dina pikiran bakal bareng ieuh, kuring nurut. Tuluy naék angkot dua kali. Dalahar heula di warung leutik, da lapar kuring gé. Sanggeus dahar kuring bet jadi lieur, leumpang gé sosolontodan, rék labuh. Ku nu tiluan diréréyang, dicarekelan. Dibawa, tuluy dibawa. Leumpang, tuluy leumpang. Ngasruk, tuluy ngasruk. Antara inget jeung henteu kuring narah dibawa leumpang, da atuh bet jadi ka nu paroék. Keur mah eukeur wanci maju ka magrib.
Kuring kalah ka tuluy digusur. Digusur. Maranéhna kawas nu kaédanan. Awak kuring dicagapan, baju dirangsadan, buuk ge dijarenggutan, kawas nu gemes naker. Kuring ngalawan. Tapi aya ku lungsé-lungsé teuing, leungeun gé ngulapés deui-ngulapés deui.
***
“Euy, aya awewe di ranggon!”
“Mana?”
“Tuh ngagolér.”
“Hayu urang sampeurkeun!”
Kuring ngulisik. Maksakeun beunta. Hayang nyalukan tapi euweuh soraan. Haroshos. Leungeun kuring gupuy-gapay. Ménta tulung. Lalaki duaan nyampeurkeun. Nu saurang ngagolérkeun topi samakna nu baseuh deukeut kuring. Nu saurang deui ngarengkog bari neuteup kosong.
“Kang?!” aya isarat na panonna.
“Deudeuh teuing?!” ceuk nu disebut Akang bari ngaragamang.
Kuring gigideug. Hujan beuki ngerepan. Taya beurang ieu poé. Taya caang dina haté.
“Ampun, ampun….” sora kuring siga harewos.
“Cicing geulis, cicing nya, moal nanaon da…”
“Kang?!” isarah panonna deui-deui ulin.
“Alim, alim. Umii, Ya Alloh Ya Robbi….” sora kuring beuki les-lesan.
“Cicing Nyai, cicing geulis…” beungeutna beuki deukeut kana beungeut kuring. Panonna lir maung rek ngamangsa. Pel biwirna napel kana ceuli kuring.
“Bapa hayang … nga-sa-an… he..he..he…”
Nia!!!
Éla!!!
Nia nu nangis tapi imut, Éla nu mesem bari marahmay. Gugupay ti kajauhan. Nia! Mana sugema téh? Éla! Mana nimat téh? Mana? Nu gugupay beuki jauh… beuki jauh… beuki jauh. Les duanana ngaleungit. Meredong sakuriling. Hujan lir nu dibahékeun ti langit.***
Parongpong, 25 April 2004

Tidak ada komentar: