28 Januari 2010

Getas Harmoni

MANI siga maung nu rék ngerekeb uncal. Panon Sirod méh teu kiceup-kiceup, neuteup tangtungan Yulis, pamajikan kuring. Mémang lain Sirod wungkul anu sok kitu téh. Rada mindeng nangenan lalaki séjén ogé, nu sok nyolong rérét ka Yulis. Tapi ari nyolok mata buncelik cara Sirod mah, asa can kungsi aya nu wanieun. Pangpangna mah kuring téh apan keur diuk ngaréndéng jeung Yulis, kari-kari sikep Sirod geus calutak siga kitu. Atuh komo deui lamun di tukangeun kuring. Nyel, ngarasa ambek ka Sirod. Cucungah pisan boga sobat téh. Kilang kitu, di sagédéngeun éta, ari haté mah mingkin bungangang, ngarasa reueus bisa nyandingkeun Yulis, anu tétéla tur beuki écés, yén kuring henteu salah milih pamajikan.
*
PUGUH baé bungahna mah, basa munggaran wawuh jeung Sirod téh. Barang amprok ogé, tuluy adu-rényom nyaritakeun kasangtukang séwang-séwangan. Bubuhan sarua papada ngumbara, atuh teu anéh upama panggih jeung batur salembur téh, mani sok asa tepung jeung baraya. Batur salembur kasebutna, sok sanajan lembur aslina téh ti hiji kampung, anu perenahna di wewengkon Garut. Demi lembur kuring mah apan di wewengkon Ciamis. Béda kabupatén pisan. Tapi ari panggihna di Jakarta mah, nya asa salembur wé. Komo ninggang ka kuring, anu kakara dua bulan luntrak-lintrik di puseur dayeuh lemah cai.
Munggaran tepung jeung Sirod téh, kaitung teu ngahaja. Pang disebut kitu, da Sirod mah lain batur sakantor, jaba ngantorna ogé manéhna mah lain di Duta Mérlin. Tapi ari geus waktuna kudu panggih mah, nya saha atuh nu bisa ngahalanganana. Harita, basa keur waktuna reureuh gawé, kuring ngahajakeun leuleumpangan, meuntas jambatan, bari nengetan kaayaan di sabudeureun tempat gawé. Pangpangna mah hayang néangan warung sangu nu rada murah, pédah aya béjana yén tukang sangu di Harmoni mah murah, nepi ka dahar téh aya kénéh nu regana tilurébu pérak. Mémang tadina mah rék nyampeur Si Nasir, sobat kuring nu geus wawuh leuwih tiheula. Hanjakalna Si Nasir keur suwung. Béjana mah keur rada riweuh nguruskeun model, anu rék dikontrak ku hiji production house. Teu anéh manéhna mah, da pagawéanana ogé dina widang entertainment. Sapopoéna ngan hayoh wé nguruskeun mojang anu maléncrang. Teuing kumaha cara gawéna mah. Cacak bisa wawuh gé da asa pamohalan atuh, upama kontrakanana henteu kabeneran di gigireun kontrakan kuring mah.
Teu ménclok tina béja. Enyaan wé, dahar di warung sangu Nyi Inah mah, iwal ti wareg téh, jaba murah deuih. Puguh wé, sugema pisan, bari dina haté ogé geus diniatan, poé isukna rék dahar deui di dinya.
“Nuhun, nya…” cekéng téh, bari nampanan pangangsulan ti Nyi Unéh.
“Aéh, aéh, geuning bahasa-na léter D?” aya nu nyeletuk lebah gigireun. Nya, manéhna Sirod téa. Malah harita pisan, mimiti ngawangkong jeung Sirod tug nepi ka wawanohan. Basa tumanya kasangtukang pagawéanana, Sirod nunjuk ka lebah jambatan Harmoni. Puguh baé rada hulang-huleng meunang sakedapan mah. Pang kitu, sabab di sapanjang jambatan téh, ukur manggihan tukang koran, tukang baramaén, jeung tukang VCD bajakan. Ngarti sotéh, basa kuring inget mun yén di jambatan Harmoni téh aya tempat pangeureunan bus way. Ngakuna mah. Sirod téh geus lima bulan jadi tukang ngajaga karcis bus way di pangeureunan Harmoni.
Kungsi sakali mangsa, Si Nasir ogé diajakan dahar di warung Nyi Unéh. Teu poho, Si Nasir diwanohkeun ka Sirod. Gampil pisan lomana téh, bubuhan Si Nasir mah pinter gaul téa. Atuh nilik kana wangkonganna ogé, Sirod siga nu kataji naker ku pagawéan Si Nasir. Mémang Si Nasir mah, ngobrol jeung sasaha ogé, sigana téh teu weléh nyambung. Moal ogé ancrub kana dunya entertainment kétang, upama teu bisa kitu-kitu acan mah.
“Gareulis atuh nya?” kitu ceuk Sirod, bari nyakakak, basa ngéngklokan lalakon Si Nasir nguruskeun para modél téa.
“His, nya puguh atuh. Ngaranana ogé modél. Sidik pisan apan, anu dijualna téh beungeut jeung awakna,” témbal Si Nasir, saruana bari nyakakak.
“Naon bieu téh, ngaran agency-na?” Tanya Sirod.
Show Time Entertainment,” témbal Si Nasir. Bareng jeung kitu, ana cakakak téh Sirod seuri, semu nikmat naker. Puguh baé lain Si Nasir wungkul anu kerung téh, kaasup kuring ogé rada héran.
“Naha bet seuri?” tanya Si Nasir.
“Lain euy, asa inget ka Short Time…” témbalna, angger bari nyakakak. Tapi Si Nasir ogé jadi milu nyéréngéh. Ukur kuring nu masih kurang-kerung mah.
“Kungsi nyobaan kitu?” tanya Si Nasir.
“Nganteur babaturan sakali,” témbalna. Demi kuring mah, nepi ka réngséna dahar ogé, can pati ngarti, naon jejer padungdengan ngeunaan short time téh. Enya, ari harti kecapna mah, budak leutik ogé pasti apaleun. Tapi anu matak ngajangarkeun sirah téh, naon atuh nu nyamuni satukangeun kecap short time? Kakara ngarti sotéh, basa Sirod nyaritakeun lalampahanana nu aya patali jeung short time téa. Manahoréng…
“Bisi rék nyobaan ka ditu, sayah daék pisan nganteur. Resep siah euy. Teu béda wé jeung ningali lauk dina akuarieum,” pokna Sirod, rada ngaharéwos.
“Teu hayang jeung moal hayang…” témbal téh bari nyéréngéh. Ngan henteu wé, ari nyaritakeun yén kuring keur meujeuhna panganténan jeung Yulis mah.
*
SI Nasir beuki riweuh baé di kantorna. Geus opat poé noron, sabubarna ngantor, kuring kapaksa kudu balik sosoranganan. Untung pisan geus henteu pati baluweng teuing mikiran jalan balik. Ti kantor téh, kari numpak angkot anu ka statsion karéta. Tuluy naék karéta jurusan Bekasi. Sajabana ti ngirit ongkos téh, ngarah teu rieut mikiran jalan ongkoh. Pangpangna mah, warahan Si Nasir geus nerap. Da puguh Si Nasir pisan anu mapatahan kuring, sangkan ngabiasakeun naék karéta api. Enya, mémang simpel. Sanajan ari émprona mah, teu béda wé jeung numpak beus kota di Bandung. Sajabana ti pasesedek heurin usik téh, jaba mindeng pisan eureunna. Abong kasebutna kelas ékonomi, sérvisna ogé nya ékonomis deuih. Boro-boro bisa nundutan, sumawona reureuh bari ngalenyap, da puguh unggal naék ogé, pasti kabagéan nangtung. Pagilinggisik jeung muatan séjén, tukang dagang, tukang baramaén, tug nepi ka tukang ngamén (béjana, tukang ngamén téh réréana mah urang Bandung).
Aya éta ogé karéta api nu kelas éksklusip. Iwal ti tumaninah jeung hawana seger téh, jaba henteu mindeng teuing eureun. Hanjakal pisan, ongkosna mani opat tikeleun karcis kelas ékonomi. Sérvis éksklusip, ongkos ogé kudu éksklusip. Ninggang ka kuring anu boga pangala leutik, tangtu milih jurus asal nepi bari salamet. Ari geus nepi ka Bekasi mah, haté sok rada reugreug, da puguh geus wanoh pisan. Tinggal naék angkot 02 nepi ka Pekayon. Moal nepi ka sasab, da loba cirina ieuh. Lamun henteu turun di Pondok Pekayon Indah, paling banter rada kaliwat nepi ka lawang Kompléks Kemang Pratama. Ti dinya mah geus deukeut pisan, tinggal meuntas jalan raya, tuluy leumpang nepi ka kontrakan. Gampil pisan ari geus apal mah. Malah beuki lila, ari ku mindeng mah, geus apal cangkem deui jalan téh. Geus ngarasa ludeung, najan teu dibarengan ku Si Nasir ogé, pilakadar Bekasi-Jakarta. Beuki betah wé cicing di Bekasi téh. Teu hayang pindah kontrakan ka Jakarta.
Bubuhan geus henteu asa jeung jiga ka Si Nasir téh. Najan arang tepung jeung atah anjang ogé, ari haté mah tetep wé ngarasa deukeut. Mémang lain teu hayang éta ogé, ulin ka kontrakanana atawa ngawangkong ngalér-ngidul cara saméméhna. Tapi apan ka dieunakeun mah Si Nasir teu puguh waktu gawéna. Aya aturan tengah peuting kakara balik. Atuh puguh, lamun mangsana kuring indit ngantor téh, manéhna mah kawasna masih kénéh ngaguher. Yulis ogé kungsi nyaritakeun, yén Si Nasir enyaan keur rariweuh naker. Pangpangna mah pagawéan Si Nasir téh nambahan, jadi Produsér Pelaksana hiji Sinétron. Pang Yulis apal, sabab Si Nasir kungsi ngajakan Yulis pikeun diajar acting. Ari Yulis, mémang kacida pantesna upama ancrub kana dunya entertainment téh. Tapi kalah kumaha ogé, kuring moal ngidinan. Nanahaonan lah. Najan sakali mangsa Yulis kungsi ngagaéng hayang milu ka Si Nasir, keukeuh henteu diidinan.
Jeung Si Nasir geus beuki arang panggih. Atuh jeung Sirod ogé sarua. Bédana, ari ka Sirod mah mémang ngahaja, kuring anu satékah polah nyingkahan. Kitu téh sanggeus kanyahoan Sirod mibanda sikep teu uni ka Yulis, basa diajakan ulin ka kontrakan. Kuring jeung Sirod, jadi pajauh huma téa. Tapi asa leuwih hadé kitu, batan ka hareupna kalah matak jadi rereged kahirupan. Pangpangna mah, inggis Sirod aya pikir kadua leutik ka Yulis. Sidik pisan atuda, harita téh panon Sirod lir taya kabosen nengetan Yulis. Kawas nu kokoro, ningali awéwé geulis téh. Padahal ngakuna mah, ti saprak manéhna boga pamajikan, can kungsi kagoda ku awéwé séjén. Sihoréng ukur mindingan beungeut ku saweuy, da kabuktianna mah geuning siga kitu. Cacakan ka pamajikan sobat.
Puguh baé wegah pisan panggih deui jeung Sirod téh. Tapi dalah dikumaha, kuring tetep sok ngahajakeun kénéh dahar ka warung Nyi Inah. Iwal ti hiji tarékah pikeun ngirit ngabacarkeun duit, katambah asakanna kaitung cocok jeung létah kuring. Hartina, panggih jeung Sirod ogé, nya tangtu henteu bisa salawasna disingkahan, da puguh Sirod geus ngalanggan dahar di Nyi Inah. Antukna mah taya deui jalan, iwal ti ngurangan kasempetan pikeun ngawangkong jeung Sirod. Da ari henteu patanya teuing mah, piraku wé mani kawas badak cihéa waé.
“Ari Si Nasir téh, acan bogaeun pamajikan?” tanya Sirod sakali mangsa.
“Acan,” témbal téh. Ngahaja rada teugeug. Angkanan téh sangkan manéhna bisa ngarti, yén kuring ngarasa keuheul kana sikepna sawatara waktu kaliwat. Sugan jeung sugan, aya kereteg pikeun ménta dihampura ka kuring. Da ari geus ménta dihampura bari ngarasa kaduhung mah, piraku kuring ogé moal ngahampura.
“Naha nya? Sakitu unggal poé pagilinggisik jeung awéwé…” pokna deui bari ngaregot cikopi nu ngebul kénéh. Angger kénéh, semu anu teu boga dosa téa.
“Teuing atuh,”
“Karunya sayah mah…”
“Kajeun teuing atuh. Na dipikiran-pikiran teuing. Lain urusan urang ieuh…!” ceuk kuring bari cengkat. Tuluy babayar urut ngopi jeung dahar. Teu hayang diuk deui, sumawona ngawangkong jeung Sirod. Padahal sasarina mah, geus dahar téh sok nyelang sempal guyon jeung Nyi Inah, bari méakeun udud sabatang waé mah. Tapi ku lantaran aya Sirod, harita kénéh ogé tuluy ngaléos bari api-api rada rarusuh. Padahal waktu reureuh téh, aya kénéh sésa satengah jam deui.
“Na mani rurusuhan pisan euy?” tanya Sirod, satengah ngagorowok.
“Loba pagawéan!” témbal téh bari ngingkig, teu hayang ngalieuk deui.
Kirining, hand phone disada. Gap kana jero saku calana, bari tuluy ditingali ngaran anu neleponna. Bréh dina layar hand phone-téh aya tulisan ‘Sirog Goblog’. Enya, ngahaja ngaranana diimplik-impilkkan ku kecap ‘Goblog’. Kilang kitu, ari nelepon kana hand phone mah, teu burung ditarima ku kuring ogé.
“Aya naon?” langsung kuring nanya.
“Sayah téh balaka wéh, hayang ngobrolkeun Si Nasir…” témbalna. Najan harénghéng ku sora kandaraan, tapi sora Sirod dina hand phone tetep kadéngé kalawan écés.
“Na kumaha kitu?”
“Enya, naha bener Si Nasir acan bogaeun pamajikan?”
“Apan bieu ogé, uing geus ngomong. Perkara Si Nasir mah, lain urusan urang. Na maké pipilueun sagala?”
“Tapi, kamu téh sobatna. Jadi kamu kudu milu mikiran Si Nasir,”
“Nanahaonan mikiran batur? Mikiran sorangan gé, henteu kauber uing mah!”
“Karunya sayah mah euy…”
“Geus engké deui ngobrolna. Uing loba pigawéeun euy…” ceuk kuring bari nutup hand phone. Pangpangna mah geus leuwih ti jangar ngabandungan jejer caritaanana. Mun teu salah mah, salila dua saminggu, unggal panggih téh ngan hayoh baé ngajakan ngawangkong perkara Si Nasir. Padahal naon untungna keur Sirod. Lain dulur, lain baraya ieuh. Carékning teu hir, teu walahir téh, apan lain bobodoan. Dalah diwanohkeun ka Si Nasir ogé, apan ku alpukahna kuring.
Tadina mah suku katuhu geus rék ngalacat kana tétécéan jambatan Harmoni, tapi kuring ngarandeg bari malikeun awak. Pang kitu téh, Sirod ngageroan bari lumpat, ngudag kuring.
“Dagoan…!” kitu cenah, bari gugupay.
“Aya naon deui sih?” najan kumaha ogé, kuring kapaksa ngajanteng, ngadagoan Sirod.
“Ari kamu, kunaon ka sayah téh mani siga nu geuleuh?” tanya Sirod bari rénghap ranjug.
“Ah, teu nanaon. Rarasaan énté wé meureun…” témbal téh.
“Sayah téh hayang ngobrol serius, ngeunaan Si Nasir!” geus bras deui waé ka Si Nasir.
“Uing mah teu hayang nyaho urusan Si Nasir. Najan manéhna sobat uing, tapi urusan pribadi mah lain deui…”
“Wayahna kamu kudu mikiran!” Sirod nyentak.
“Kudu mikiran kumaha? Naha uing kudu mangnyiarkeun awéwé keur dikawinkeun ka Si Nasir?” mimiti muncak amarah téh.
“Lain kitu…” teu kebat nyaritana, sabab kuring kaburu malikeun awak bari tuluy ngaléngkah, nété kana jambatan Harmoni. Pangpangna mah geus teu tahan ngampeuh amarah. Inggis ku bisi, aya kajadian anu teu dipikahayang. Mangkaning upama kuring geus budal kaambek, arang nu bisa ngahalangan.
“Kamu kudu mikiran Si Nasir…!” Sirod ngagorowok. Goblog! Enyaan geus teu bisa diajakan badami ana kitu carana mah. Kuring balik deui bari nyirintil ka lebah Sirod. Ngan sakilat, ramo-ramo leungeun kénca kuring ngaranggeum kerah bajuna. Demi peureup leungeun katuhu geus buleud, méh sahabek-habekeun ngaheumbat beungeutna.
“Ari sia téh hayang naon sih?!” pok téh bari molotot. Nu keur lalar-liwat ogé, malencrong sakedapan. Kilang kitu, saréréa ogé ukur samet nyelang rérét. Taya nu nyampeurkeun, sumawona aya nu misah. Aracuh wé, boh anu leumpang, boh anu numpak kandaraan.
“Kélanan, ulah waka ngambek euy. Sayah mah ukur rék mépélingan…” sorana méh katimpa ku sora kandaraan nu minuhan Jalan Raya Hayam Wuruk.
“Aing teu perelu dipépélingan ku sia! Jeung deui, naon maksudna sia ikut campur urusan Si Nasir? Éta mah lain urusan sia!” kuring beuki ambek.
“Enya bener, lain urusan sayah. Tapi urusan kamu!”
“Urusan aing? Naha jadi urusan aing?”
“Nya puguh, da Si Nasir mindeng babarengan jeung pamajikan kamu…” pokna, rada halon. Ngalantarankeun awak kuring dumadak leuleus, taya tangan pangawasa. Atuh ramo-ramo nu saméméhna kereng pageuh ngaranggeum kerah baju Sirod, antukna leupas kalawan teu karasa.
“Si Nasir jeung pamajikan kamu, pernah naék bus way dua kali. Teuing rék ka marana…” pokna deui, ngaharéwos. Demi awak kuring bet asa jadi patung. Teu wasa ingkah, teu wasa nyarita sakemék-kemék acan. Pikiran ngalayang ngawang-ngawang. Ras inget, basa Sirod keur nengetan keureutan jeung tangtungan Yulis, hareupeun pisan kuring.***
Ranggon Panyileukan, Rajab 1425 H

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...