28 Oktober 2009

Imam Tamu

Ku DHIPA GALUH PURBA


KU lantaran tradisi heureuy dina tarawéhan hésé dirobahna, antukna di Cigorowék geus teu taya nu saranggupeun deui jadi imam. Papangna mah peuting kamari ogé, Ustad Suha geus “korban”, aya nu nyeundak ku panakol bedug, basa kabeneran keur sujud. Béjana mah Si Aték anu boga polahna téh. Tapi masih diragukeun kénéh, ku sabab saksina ogé ukur saurang; Si Buruy. Mangkaning teu puguh méré kateranganna ogé; basa diintograsi ku URL (Unit Réaksi Lambat) ngajawabna téh rada pabeulit.

“Sodara Buruy, apa benar sodara menyaksikan dengan mata kepala sendiri, bahwa sesungguhnya Sodara Aték yang nyeundak kaki Ustad Suha sama panakol Bedug, ketika Ustad Suha sedang bersujud disaat tarawéh?”

“Real Correck, I see with my eye and my head…” témbalna. Maké jeung basa Inggris sagala. Kawasna mah hayang katangar ku Néng Lina, anu harita kabeneran ngalalar.

“Cik atuh nu balég ngomong téh. Kalah nyaritakeun korék api sagala ilaing mah!” Hansip Baron rada muncereng.

“Hapunten, teu kahaja. Tos biasa gaul sareng urang luar nagri abdi téh,”

“What do you still beuki kénéh to eat cassava?” Ulis Kowi embung éléh.

“Kantenan atuh,”

“Matakna, if you beuki kénéh eat cassava, don’t loba légég lah. Nyarita jeung kolot mah, ku Sunda wéh…”

“Sumuhun, mangga,” témbal Si Buruy.

“Heueuh, ari ilaing enyaan nyaksian pisan, basa Si Aték nyeundak suku Ustad Suha ku panakol bedug,”

“Leres, Komandan.”

“Nyaksian ku panon hulu ilaing sorangan nu goréng téa?”

“Leres, Komandan,”

“Atuh lamun kitu mah, ilaing téh henteu milu sujud nya?”

“Is, nya ngiring atuh. Apan ari makmum mah, kumaha imam. Imam sujud, ngiring sujud…”

“Lamun ilaing sujud, rék kumaha ningali Si Aték atuh?”

“Da… euh, pokona mah katingal wéh…” kitu tah pangakuan Si Buruy téh. Matak teu pati bisa dipercaya ku pihak URL ogé.

Ari Kadus Ukar tangtu wéh beuki jangarna mah. Nepi ka teuing kumaha mimitina, Kadus Ukar nyokot kaputusan pikeun ngadatangkeun Imam Tamu, husus keur tarawéhan. Bisa jadi, Kadus Ukar téh ka-inspirasian pédah Pérsib ogé ngadatangkeun pelatih tamu keur ngalatih maén bal. Pang kitu téh, ku sabab saméméhna Kadus Ukar konsultasi heula ka Taufik faturohman, ngeunaan cara ngungkulan nu hareureuy dina waktu tarawéh.

Nya teu loba catur deui, Kadus Ukar ngahubungi Imam Tamu ngaliwatan serelek (Serat Elektronika/e-mail). Demi ngaranna téh Ustad Isud. Cenah mah élmu-na geus weruh sadurung winarah; legok tapak, genténg kadék dina urusan ngimaman tarawéh. Malah nurutkeun hiliwir ti hilir, Ustad Isud téh kungsi kapilih jadi patandang pasanggiri desain cover tingkat nasional. Geus malang mulintang ogé dina widang maca sajak. Ngakuna ka Néng Lina mah, Ustad Isud téh can rimbitan, malah can kungsi bobogohan-bobogohan acan. Éstuning (ceuk pangakuanna kénéh) Ustad Isud téh terlalu suci untuk disakiti.

Kaputusan Kadus Ukar, teu burung disaluyuan ku Ustad Otong, Ustad Suha, pon pilalagi sakur masarakat Cigorowék. Ari Ustad Isud, katingalina téh giak naker. Tanginas pisan datangna ka tajug ogé.

“Sok, rapihkeun heula shap-na. Teu meunang aya nu hareureuy nya!” kitu ceuk Ustad Isud, saméméh ngamimitian solat. Pangpangna mah da Si Buruy jeung Si Aték kalah parebut sajadah.
Teu sakara-kara, di-imaman ku Ustad Isud mah tarawéh téh lungsur-langsar. Hanjakalna dina sujud panungtung, sakur makmum ngarasa héran, duméh Ustad Isud henteu cengkat baé. Lila pisan sujudna téh, di luar kailaharan. Si Buruy ogé geus nyoba-nyoba spékulasi cengkat. Tapi buru-buru sujud deui, basa ningali Ustad Isud masih sujud. Maklum bebenyit atuh, ngadon ngaharéwos ka Si Aték “Asa lila-lila teuing sujud téh nya…” ceuk Si Buruy, disongokeun kana cepil Si Aték. Puguh baé Si Aték malik muncereng, “Teu meunang ngomong, keur solat mah, nyaho!” pokna.
Geus aya kana lima menit, Ustad Isud tacan cengkat baé. Kalah kadéngé siga anu ingsreuk-ingsreukan. Jep, kaayaan leuwih jempling. Saréréa milu kabawa ku suanana; nyurucudkeun cipanon bari ménta pangampura ka Gusti Nu Maha Suci dina haténa séwang-séwangan.
Teu pati lila, Ustad Isud kakara cengkat. Puguh baé saréréa milu cengkat. Tuluy ngaréngsékeun solat nepi ka uluk salam. Ari Ustad Suha jeung Ustad Otong, ngarasa panasaran, duméh kakara manggihan sujud anu ampir sajam. Duanana sapuk pikeun nanyakeun langsung ka Ustad Isud.
“Punten Kang, abdi mah nembé ayeuna netepan anu sujudna lami pisan. Salut abdi mah ka Akang téh, dugi ka tiasa ngeclakeun cisoca sagala, awahing ku husu munajat ka Gusti Nu Maha Suci,” kitu ceuk Ustad Suha.
“Sumuhun, Akang. Abdi ogé salut ka Akang. Namung abdi téh tangtosna ogé hoyong terang; babacaan naon Akang téh, dugi ka mani lami kitu?” tanya Ustad Otong.
“Lain salut-salut siah. Puguh bieu téh, irung aing kacepét ku palupuh…” témbal Ustad Isud bari rada ngabalieur.***



Dimuat dina rubrik “Heureuy Bandung” HU. GALAMEDIA, taun 2003

Tidak ada komentar: