28 Oktober 2009

Lalampahan Pangarang Among

Ku DHIPA GALUH PURBA

Pait peuheurna jadi pangarang, ku Si Among mah geus kaalaman. Ti mimiti dicarékan ku Kadus Ukar (alatan mindeng teuing ngritik kawijakanana), dibaeudan ku Bah Dinta (pédah ngaranana remen dijieun tokoh carita), nepi ka diudag-udag ku kabogoh Néng Lina, basa nyieun karangan anu judulna ‘Semalam Di Kamar Néng Lina’. Geus karuhan ari urusan jeung tukang warung mah, lain sakali dua kali. Kungsi sakali mangsa diriungkeun ku Mang RT, alatan nganjukan baé udud jeung kopi. Ari palebah mayarna, kudu ngadagoan heula karanganana dimuat dina koran atawa majalah. Mangkaning dimuatna tara tangtu iraha-irahana.

Cita-citana hayang jadi pangarang, geus ti jaman harga béas salapan ratus. Diajarna ogé kaasup otodidak. Kungsi mati geni di para seuneu, tapa di luhur caringin, saré di Makam Cilanglung, meuting di Ciramping, jeung ngadeuheusan tempat-tempat karamat. Beungeutna nepi ka barengep ogé, apan bati néangan inspirasi, basa manéhna mujasmedi dina dahan kiara, handapeun pisan sayang nyiruan. Satuluyna mah Si Among remen ngayakeun observasi ka tepis wiring. Ngadon leuleumpangan bari mawa ransel anu eusina: pulpén, keretas, gula-kopi, bako sebul, bantal, sarung, béas, jeung (teu poho) potrét Néng Lina.

Satengah taun katukang, Si Among nékad pikeun ninggalkeun bali geusan ngajadina, lembur Cigorowék. Manéhna ngumbara ka Bandung, bari mawa harepan hayang jadi pangarang kakoncara. Naskah-naskahna dikirimkeun ka sababaraha média massa. Mémang teu pati gaplah. Karanganana aya anu dimuat. Atuh tina ladang ngarang téh, Si Among geus bisa ngiridit calana jin, nganjuk tivi séken dua in satengah, tug nepi ka bisa meuli hand phone sagala rupa. “Ngarah gampang komunikasi,” kitu ceuk Si Among bari némbong-némbong Handphone, anu dikangkalungkeun dina beuheungna. Tapi gara-gara handphone, béjana Si Among téh kungsi ditegor ku Eriyanti Nurmala Dewi, tim redaktur sastra Galamedia, alatan ngirimkeun cerpén ngaliwatan SMS.

Dina hiji poé, basa Si Among keur ngahuleng hareupeun tukang bajigur, Manéhna patepung jeung Néng Susi. Puguh baé panonna mani molotot mata simeuteun, ningali rupa Néng Susi anu geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina, mapaésan tangtunganna anu jangkung lenjang, pakulitan bodas beresih, taya cawadeunana. Dasar Si Among (anu salawasna sok ditampikan baé ku awéwé), ningali Néng Susi téh langsung baé katarik ati, kapentang asmara. Malah awahing ku husuna neuteup Néng Susi, Si Among katutuluyan nuturkeun Néng Susi nepi kana lawang pager imahna. Éling-éling sotéh, basa tukang bajigur nyusulan Manéhna bari kutuk gendeng, alatan gelas bajigur ngadon diasupkeun kana jero kantongna. Leuheung basa lamun geus dibayar.

Teuing kumaha prosésna. Sakali ieu mah, Si Among meunang kabagjaan dina urusan cinta. Néng Susi teu nampik, basa Si Among ngedalkeun kereteg haténa anu nyangkaruk dina asmara. Matak hémeng taktagé. Lain indung bapa Néng Susi wungkul anu ngarasa héran téh. Malah tatanggana ogé tingharuleng basa nyaksian Si Among jeung Néng Susi, anu keur ngumbar katresna di sisi wahangan.

Mémang ari gosip mah éta ogé aya. Nurutkeun tukang cingcaw anu biasa mangkal di Babakan Ciamis; basa rék ngedalkeun cintana ka Néng Susi, Si Among téh nyelang heula balik ka Cigorowék. Rék ménta bantuan jangjawokan ka Bah Dinta cenah mah. Tapi teuing bener, teuing henteu. Kilang kitu, Jang Riswa, anu geus aya kana dua taunna miharep Néng Susi, ngahaja ngadegkeun TPDSA (Tim Penyelidik Dukun Si Among). Awahing ku timburuan sigana téh.

Hanjakal pisan. Sanggeus Si Among hahadéan jeung Néng Susi, Manéhna jadi teu bisaeun ngarang. Sanajan geus nyieun sababaraha rupa tarékah ogé, tetep bae taya inspirasi atawa ideu carita keur karangan. Mémang sabada dititenan téh, karangan anu saméméhna geus dijieun, ukur nyaritakeun kapeurih tina perkara ditampik sapajodogan ku awéwé. Tangtu bae, ari geus boga bébéné mah, asa pamohalan rék nyaritakeun katunggaraan asmara.

Teu bisa ngarang deui, pikeun Si Among mah kana tangtu ngadatangkeun hiji mamala anu lain lumayan. Pangpangna mah moal boga honor keur waragad sapopoé. Anu ngalantarankeun Si Among jadi mindeng huleng jentul bari nyanghareupan mesin tik anu geus aya sabulanna tara pisan dicabak. Mangkaning méh unggal mangsa, tukang warung ngagugujeg hutangna anu geus numpuk. Rét, panonna neuteup kana céngcéléngan anu geus parongpong. Nyoba-nyoba céngcéléngan téh dijieun sajak, tapi batan bisa mah kalah lieur anu aya. Écésna mah Si Among téh ngarasa bingung anu lain dikieuna. Nepi ka ahirna Si Among nyieun kaputusan anu papalimpang jeung kereteg haténa.

Bari nyurucudkeun cipanon, Si Among nyuratan ka Néng Susi, anu eusina ménta sangkan Manéhna diputuskeun tur dinyenyeri. Malah lamun bisa mah, ménta dicarékan lak-lak dasar jeung dijejeléh. Pang kitu, ngarah manéhna bisa ngarang deui.***


Ranggon Panyileukan, 2002

Saurna mah dimuat dina Heureuy Bandung, Galamedia! pami teu lepat kitu ge !

Tidak ada komentar: