13 Oktober 2009

SUNDA ??

catetan nu Kang Maman Gatra

Salila iinternetan atawa mimilisan, hususna milis-milis kasundaan, kuring remen manggihan posting-posting nu sipatna ngotektak atawa tumanya ngeunaan naon jeung kumaha Sunda teh. Boh nu asupna tina sajarah, budaya, filsafat, atawa “agama” pisan. Kituna teh teu saeutik patanyaan-patanyaan tadi nu “sasab” kana koropak kuring. Mun dikumpulkeun mah, sigana leuwih ti sapuluh urang nu “sasab” jeung “pareumeun obor” siga kitu teh. Kabeh tumanya: Naon jeung kumaha ari (urang) Sunda teh? Bari aya oge nu rumusan patanyaannana meleg-meleg filosofis abis: “Kang, naon ari hakekat Sunda teh?”. Na, aing teh guru tarekat make ditanya hakekat-hakekat sagala? Boro-boro nerangkeun hakekat, ngaji sareat ge teu parat-parat. Komo deui ieu hakekat Sunda.

Geus katoong, jalma-jalma cerewed jeung euweuh gawe kitu teh umumna barudak ngora – nu umurna can nepi ka 25 taun (mudah-mudahan sing paranjang umur, bari walagri jeung rahayu). Aya nu ngaku mahasiswa di Yogya, di Lampung, oge di Semarang. Tapi, aya oge nu ngaku mahasiswa di Bandung jeung… Serang!

Satemenna, rada munasabah mun mahasiswa “in exile” -- nu sarakola atawa urang Sunda nu bumen-bumen di Yogya, Lampung, atawa Semarang -- miboga patanyaan kitu teh. Tapi, nu “matak helok”, mahasiswa di Bandung jeung Serang? Ngahaja kecap “matak helok” make tanda kutip (panyurek?). Sabab, satemenna, nya teu pikahelokeun oge. Rek di mana rek di mana, ceuk cenah, salila panonpoe kumelendang manusa teu weleh tumanya ngeunaan dirina. Saha, ti mana, rek ka mana. Kaasup, nya nanyakeun saha jeung kumaha pakait jeung komunitas atawa sekeseler dirina. Sok komo mangsa kiwari, mangsa “Sunda (geus lila) carem” jeung “jati kasilih ku junti”.

Mun keur waras jeung purun, eta panalek teh sok dilayanan. Sanajan, tangtuna ge sipatna ngacapruk. Lian ti perkara watek, oge rumasa teu nyaho nanaon. Kadar kurah-koreh tina pabetekan nu sipatna walurat. Malah leuwih sering kadar nuduhkeun urangsunda@yahoogroups.comAlamat surélék ieu ditangtayungan tina bot spam, anjeun perlu ngajalankeun Javascript-na ngarah bisa dibuka jeung kisunda@yahoogroups.comAlamat surélék ieu ditangtayungan tina bot spam, anjeun perlu ngajalankeun Javascript-na ngarah bisa dibuka , nu ku implengan kuring bakal bisa mere jawaban nu sipatna leuwih komprehensif. (Bari sakapeung, komentar-komentar nu nyampak malah leuwih ngacapruk atawa teu luyu jeung pangharepan kuring sorangan). Atawa, mun nanya perkara sajarah, nunjuk Wikipedia jeung www.cikalbogor.20m.com. Kadieunakeun, sanggeus tepang jeung si Ambu, nu ku pikiran bakal mere jawaban nu leuwih jelas tanggungjawabna (ilmiah), paling heunteu tina jihad arkeologi, sok ditaruduhkeun ka anjeunna. Teuing dijarugjug heunteuna mah.

Enya kuring sorangan teu bisa ngajelaskeun kalawan ngaberele bari parat naon jeung kumaha (urang) Sunda teh. Lain bae kuring teu boga kaahlian dina perkara eta, tapi, nu pangpentingna, mun kuring jujur mah: Jadi urang Sunda teh ukur di internet, dina milis. Dina kahirupan sapopoe mah kuring teuing jadi naon. Malah, remenna mah (boa-boa) teu jadi manusa-manusa acan. Ukur daging jeung tulang nu ijigimbrang meakkeun waktu ku udud, nyatu, jeung numpakan pamajikan. Kalan-kalan, siga nu heueuh, kutrak-ketrek hareupeun komputer – neangan duit, keur meuli udud, nyatu, jeung ngabajuan pamajikan atawa ngabringkeun barudak ka Jalan Sabang – diselang ku ngilu ungked-ungkedan di masigit, nyumponan kawajiban bari susuganan hirup kuring luyu jeung kahoyong Anjeunna.

Daek beunghar salelembur, saencan manggih urangsunda@yahoogroups.comAlamat surélék ieu ditangtayungan tina bot spam, anjeun perlu ngajalankeun Javascript-na ngarah bisa dibuka , Sunda (persisna mah etnisitas) lain hiji faktor pikeun sakuringeun. Sanajan, sawatara batur gawe atawa batur ulin teu arang ngahukuman kuring ku stereotype-stereotype nu remen dituduhkeun ka urang Sunda. “Tukang kawin”, “gumenak”, “pamalesan”, jste. (Teu nyarahoeun, kadieunakeun, di lingkungan urang Sunda sorangan kuring sok disarebut “teu nyunda”, “sekuler”, “teu nyaho di temah wadi”, “ahli bid’ah”, “kasep”, jste). Kuring leuwih sering ngaheheh mun geus kitu teh. Rek naon deui? Kateuteuari ngalayanan jalma-jalma garumasep kawas kitu.

Anapon kitu, sanajan – cenah -- ti pihak indung, kuring boga getih Tionghoa, mun ditanya ngeunaan “urang mana”? Kuring sok ngajawab “Sunda”. Hayang eta ge ngaku urang Samoa, urang Uygur, atawa kokocoran Bani Hasyim pisan. Tapi, saha nu percaya? Lain bae lahir jeung gede di Bandung, tapi pan, ngaran ge Maman? Nu dianggap “nyunda pisan”! (Sanajan, Maman Suherman, baheula mah gawe di tabloid Nova, satemenna urang Bugis nu lahir di Tasik. Malah kuring kungsi manggihan jalma nu meleg-meleg urang Palembang jeung Lampung nu oge ngaranna Maman. Kitu deui, sawatara poe ka tukang, kuring ngorehan sakur ngaran Maman di facebook. Dua di antarana, basa ditoelan, meleg-meleg “euweuh” pakuat-pakaitna jeung Sunda. Nu hiji urang Malaya turunan Ponorogo, nu hiji urang Balikpapan. Malah di Perancis mah loba pisan nu disarebut Maman teh).

Tangtu kuring -- oge tiap manusa nu kumelendang di alam dunya ieu -- teu bisa milih jadi urang mana. Etnisitas, indung-bapa, nini-aki, salah sahiji hak prerogative Pangeran. Mutlak. Teu bisa diongget-ongget samicron oge. Tinggal kumaha urang ngengklokan kanyaah Pangeran eta. Naha rek ditarimakeun kitu bae, tumamprak kana naon nu nyampak, atawa rek diigelan – dina harti diuma-ome luyu jeung amanat lian Anjeunna, yen urang lian ti jadi Abdullah teh oge Khalifatul lil ardi. Nginjeum slogan nu diasongkeun baturan gawe keur hiji caleg: “Hidup memang pemberian, tapi kehidupan adalah pilihan”. Hehehe…

Kukituna, kuring remen nyalenggorkeun patanyaan-patanyaan abstrak jeung rada-rada filosofis tadi kana jawaban-jawaban nu sipatna praktis. Malah matre pisan. Maksud kuring, manan ngadefinisikeun (budaya jeung manusa) Sunda mending noong kondisi sosial ekonomi urang Sunda kiwari. Pan, cenah, IPM Jawa Barat jeung Banten teh teu leuwih ti budak SMP. Beh dituna, kumaha kira-kira carana urang bisa ngilu ngomean eta kaayaan. Naha teu leuwih hade mun urang mikiran sangkan bisa ngadegkeun Partai Politik Sunda?

Teuing. Eta tawaran teh remen bantet. Boro-boro bisa prak dina hiji kagiatan nu kongkrit, dalah wangkongan ge teu laju-laju acan. Tetela, keur maranehna mah, meureun, perkara “naon Sunda” teh kacida penting pisan. (Bari pamalesan atawa ogo kacida. Arang mere pamanggih sorangan. Hayang dihuapan bae). Dalah, diajakan ngawaas bujurna Luna Maya atawa Aura Kasih ge nu “sarasab” teh teu paruruneun. Teu embol-embol deui.

Enya. Ngeunaan hal-hal nu pakait jeung budaya, manusa, atawa sajarah Sunda, kuring lain bae teu loba kaweruh. Di mana aya ge standar pisan: Pajajaran, Sri Baduga, Galuh, Ajip Rosidi, Oto Iskandar di Nata, Saritem, Ma Erot, Rahayu Effendi, Pangeran Jayakarta, Cipinang, Hetty Koes Endang, jste. Kitu ge sawareh mah meunang mulungan tina internet atawa ngareungeukeun omongan batur. Lain meunang ngotektak sorangan. Sok komo nepi ka nyosok jero mah. Leuwih ti kitu, asa pamohalan ngaberelekeun perkara Sunda kalawan parat tur lengkep. Komo kadar dina hiji surelek. Mukaan perkara sastrana bae, nu cenah salah sahiji produk budaya, sigana, bisa meunang 6.574 tesis doktor. (Teu percaya jumlahna nepi sakitu? Coba bae tataan ku sorangan!). Sok komo ngaberelekeun hakekat Sunda.

Pon karya sastra atawa kitab-kitab buhun sarupaning Siksa Kanda Ng Karesian atawa Bujangga Manik? Keur sakuringeun, can karuhan eta titinggal karuhun teh sarupaning “pandangan hidup orang Sunda”. Komo BujanggaT Manik mah, pan kadar catetan perjalanan hiji inohong Sunda zaman baheula. Siksa Kanda Ng ge teu munasabah taya lian iwal ti karya salah saurang filosof/resi Sunda zaman harita. Can karuhan jadi “ageman” kumna urang Sunda. Boa-boa, urang Galunggung atawa urang Galuh sorangan ge teu kabeh ngagem eta piwulang. Karuhan urang Marunda, Malingping, Pasir Maung atawa urang Sentul mah. Di mana enya ngaragem ge, meureun, ukur elit-elitna. Somah atawa cacah kuricakan mah duka teuing ngagem naon. Boa kitu ge.

Tangtu bae ku nyodorkeun pipikiran siga kitu kuring lain rek nyaram macaan kitab-kitab buhun tadi, atawa nalungtik budaya jeung manusa Sunda umumna -- sakumaha kuring sok “nyapirakeun” budayawan atawa hal-hal lian nu pakait jeung “kabudayaan”. Tapi, sabalikna: Kotektak eta titinggal karuhun teh. Asa piraku aranjeunna teu ninggalkeun nanaon pisan, nu aya mangpaatna keur urang kiwari – oge jaga.

Ngan, nu ku kuring rek ditepikeun, lain bae tong kadar nanya (komo nanya ka kuring mah -- da lain ahlina). Tapi, teangan ku sorangan. Geus meunang atawa geus manggihan, embrakkeun atawa wartakeun ka nu lian. Sangkan bisa dipagunemkeun dumasar kana kaahlian jeung pamanggih sewang-sewangan. Tong ngan hayang dihuapan bae. Atawa, siga kuring, kadar mulung muntah. Beh, dituna, mun tea mah Sunda teh teu kapanggih. Keukeuh kiruh atawa burem, nya jieun bae ku sorangan. Da, moal dosa ieuh. Nyieun Sunda Anyar!

Oge, nu pangpentingna, urang kudu kritis dina maca jeung ngamumule titinggal karuhun eta. Sabab, nu katoong ku kuring, ngotektak kabudayaan teh (utamana nu sipatna buhun atawa tradisional) lain bae sok tikosewad jadi “seniman” – nepi ka urang geus ngarasa jadi urang Sunda ku cukup bisa nabeuh degung atawa, nu dina prak-prakan ngokolakeun nagara atawa jalma loba, sakumaha nu diprakkeun di hiji kabupaten: Cukup ku dipangsi jeung di kampret hideung tiap poe Kemis.

Lian tikosewad jadi “seniman”, oge sok dibarengan sikep konservatif. Nu antukna malah jadi anti kabudayaan. Kabudayaan, kamotekaran jelema, nu pantesna mekar, sumarambah jeung tumuwuh (dinamis) jadi beku. Eureun jadi “budaya” atawa “tradisi”. Jajauheun jadi hiji peradaban nu canggih. Sakalina budaya atawa tradisi tadi kasered, obah atawa leungit pisan, urang sok melankolis. Nyeungceurikan nu geus euweuh. Sunda tideresa kadar jadi bartu, lain hiji sumanget nu sipatna organik -- mekar.

Atawa, sikep nu teu kurang “reaksioner” atawa “konservatif” tadi: Nolak sakur nu datang ti luar. Lain bae dina perkara “JIL”, “Goenawan Mohammad”, “Paramadina”, “Syiah” atawa “Ahmadiyah”. Tapi, oge sikep “anti-Barat”. Pedah mamanggul hitar atawa nyanyina gogorowokan, si Candil Seurieus teu dianggap nyunda. Atawa lain urang Sunda pisan. Padahal, keur kuring, ieu band teh Sunda pisan. Tingali bae ngaranna ge “Seurieus”. Hiji semiotika nu lahir tina kakuatan budaya Sunda nu teu ringrang nyageuhgeuykeun diri sorangan. Pon kitu deui laguna, “rocker juga manusia…”. Keur kuring mah hiji parodi nu Sunda abis.

(Kituna teh, sikep “konservatif” tadi sok dibarungan sikep nu teu konsisten atawa teu konsekuen. Sakumaha nu sok disindirkeun ku Bah Willy, dina konteks mimilisan atawa iinternetan, masih keneh ngeukeuweuk “produk-produk Barat” ieu. Sanajan, keur kuring mah aya alusna oge, Mun ceuk jurus kungfu mah – meureun : Meupeuh musuh ku tanaga batur. Sakumaha hiji grup band lianna, nu salah sahiji laguna Anak Cucu Perang Badar, meupeuh Amerika ku lagu-lagu nu iramana hiphop! Jo,jo,jo…).

Heueuh, (urang) Sunda teh lomba wandana geuning. Boh alatan jarak, oge waktu. Lian ti Sangkuriang, Si Kabayan, atawa Lutung Kasarung. Urang ge boga Aa Gym, si Candil, Rieke Diah Pitaloka, atawa Julia Suryasumantri – putuna Iwa Koesoema Soemantri, isterina almarhum Ami Prijono – nu counseling-counselingna dina majalah Gadis taun 70-an, keur ukuran harita, dianggap malawading alias liberal.
Gang Tengah, wanci pesad sawed, 10 Februari 2009.

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...