28 Oktober 2009

Jurig Udud

Ku DHIPA GALUH PURBA



UDUD; minangka hiji gogoda anu pangbeuratna dina ngalakonan puasa. Kitu sotéh husus keur lalaki, Awéwé, atawa banci anu geus kacanduan udud. Da ari anu teu beuki udud mah, piraku nepi ka batal puasa, asa kabina-bina teuing. Leupas tina mahal atawa murahna rega udud. Nu écés mah loba jalma anu puasana batal, alatan teu kuat nahan hayang udud. Teu anéh upama loba suhunan imah atawa warung, anu ngadadak mulek ku haseup.

Teuing kumaha atuh nyanghareupan jurig udud téh. Sanajan dina cangkangna aya “peringatan teuas (keras)”, tapi angger wé kalah beuki loba anu kacanduan. Teu di mana, teu di mendi, sok aya wé nu udud téh. Kaasup bebenyit pantar Si Buruy ogé, da kana udud téh mani bereuki pisan tah. Basa diélingan ku Néng Lina ogé, ngajawabna téh basajan: “Saur Ustad Otong ogé, urang kudu rajin solat, saméméh disolatan ku batur. Atuh dina udud ogé teu pati bénten, urang kudu rajin udud, saméméh diudud…” teu kebat nyaritana téh, da kaburu dibalédog ku tarumpah. Mun teu ngelok bari ngabecir mah, kawasna bakal dicehcer ku Néng Lina téh.

Dina bulan puasa ayeuna, tukang udud di Cigorowék geus aya sababaraha urang, anu digarotong ka rumah sakit. Mang winta, anu munggaran dibawa ka rumah sakit téh. Apan éta téh mimitina mah alatan udud. Ari puasa hayang tamat, tapi jurig udud ngagoda. Tungtungna mah mang Winta adug lajer dina kasur, bari ngagesekan biwirna ku ramo-ramo leungeunna. Beuki lila, beuki tarik, nepi ka biwir Mang Winta jeding. Puguh baé reuwas, sabab basa dur magrib téh teu bisa dahar-dahar acan. Boro-boro nepi ka bisa udud.

Si Buruy mah komo deui. Basa keur saur téh teu sirikna nyerebung kawas karéta api. Nepi ka waktuna imsak ogé, hayuh baé udud. Ari dahar mah kawas anu poho baé. Malah geus imsak ogé, ududna téh kawas anu can seubeuh. Antukna bako sabungkus téh dihuapkeun jeung pahpir-pahpirna. Puguh baé adug lajerna mah. Nasibna ogé teu pati béda jeung Mang Winta.

Poé ieu ogé, anu kapapatenan téh nya Kadus Ukar. Sarua ieu ogé, anu jadi cukang lantaranna téh , taya lian perkara udud. Kadus Ukar sirahna geus ngajarendol sagedé endog hayam. Memang asa kurang nyambung puguh gé, tina udud kana bancunur sirah. Tapi da keukeuh, ceuk pamajikanana téh, Kadus Ukar cilaka alatan udud. Jang Isud ogé katingalina téh can pati loba tatanya. Pangpangna mah sieun nyigeung haténa. Kuriak teu meunang apél deui ka Néng Lina.

Bubuhan ka rumah sakit téh rada anggang. Atuh kapaksa, Jang Isud nyarter mobil angkot. Bélaan keur mayarna mah ngéclok heula ka warung. Sieun teu kapaké téa ku pimitohaeun.

“Badé ka rumah sakit umum, A?” supir angkot tumanya bari nincak pedal gas.

“Muhun,” témbalna Jang Isud bari ngarérét. Horeng supir téh keur nyeungeut udud.

“Teu saum, Kang?” tanya Jang Isud.

“Henteu, Kang. Sanés kunanaon, abdi mah upami nyupiran bari teu nyesep téh, sok janten tunduh. Matak, batan nyilakakeun muatan mah, abdi maksakeun sangkan henteu saum,” témbalna kalem pisan.

“Kumaha, Mang? Maksakeun?”

“Muhun, abdi téh maksakeun wé henteu saum, batan nyilakakeun panumpang…” témbalna deui.

“Ari kedahna mah, Akang téh saum. Da ari bagja cilaka mah, teu aya patalina sareng udud. Urang kudu percaya, yén jodo, pati, bagja sareng cilaka, aya dina tangan Gusti Nu Maha Suci.

“Keun wé atuh, geureuhan teuing; nu udud kuring. Mun doraka ogé, tangtu kuring. Nu meuli da kuring, teu ménta duit ka didinya. Rék naon didinya?” supir téh rada muncereng ka Jang Isud. Atuh puguh Jang Isud kasigeung. Pangpangna mah apan di gigireunna aya Néng Lina. Tada teuing wirangna, lamun teu bisa ‘males pati’.

“Ieu mah, dipapatahan téh kalah ngalawan. Aing mah méré nyaho wé, belegug!” Jang Isud nyentak.

Cekiiit! Mobil di-erém sakaligus. Sirah Jang Isud ogé tidagor kana kaca, nepi ka buncunur. Blak, panto dibuka ku supir. Jrut turun bari ngarawel leungeun Jang Isud. Teu antaparah deui, habek! Habek! Jang Isud dicehcer, nepi ka teu boga kasempetan pikeun ngalawan.

*

NU dirawat di rumah sakit téh jadi duaan, nyaéta Kadus Ukar jeung Jang Isud. Anu jadi marga lantaran pangna dirawat téh, duanana ogé sarua alatan tina udud. Antukna saréréa jadi ngarti, antara udud jeung buncunur sirah téh raket pisan patula-patalina. Komo ninggang ka Jang Isud mah, sajabana ti buncunur téh, ditambah ku baloboran getih sagala. Hiji ‘Penemuan panganyarna’ dina dunya paélmuan, anu (béjana mah) sakeudeung deui bakal diumumkeun ku Profésor Etom, kalayan penelitianna ogé dijudulan; Psychological; antara udud jeung buncunur sirah.***



Aya dina rubrik “Heureuy Bandung” Galamedia

Tidak ada komentar: