14 Oktober 2009

Sajarah Sagala herang

catetan gunawan yusuf

Bismilahirohmanirohim

Alhamdulilah ku muji syukur ka Ilahi Rabbi, sim abdi bade nyobian muka Babad Sagalaherang. Ka kasepuhan nu aya di Sagalaherang, abdi nyuhunkeun dihapunteun bilih dina bahasan aya nu teu merenah, atuh ka para anggota milis ieu kritik sareng saran diantos pisan kumargi panulisan babad ieu teu terstruktrur. Anapon sumber panulisan sajarah ieu dicandak tina buku Sajarah Cikundul ti Yayasan Cikundul Cianjur sareng katerangan para sesepuh di Sagalaherang sareng Cikundul, Cianjur.

Sagalaherang the mangrupi hiji daerah nu aya di kabupaten Subang, rada benten sareng wilayah sanesna di Subang, Sagalaherang the ayana di pagunungan janten hawana rada tiis. Dina jaman pamarentahan Padjajaran nu rajana nyaeta Prabu Siliwangi Maharaja Pasundan, kantos ngadamel jalan antawis Rangkas (Banten) dugi ka Kawali (Ciamis), ananging rutena teh kieu Rangkas lebak) - Jasinga - Bogor(Pakuan) - Cileungsi - Karawang - Purwakarta - Sagalaherang - Sumedang - Majalengka - Ciamis. Janten saleresna nami sagalaherang tos aya nalika jaman Prabu Siliwangi (nanging panginten namina sanes sagalaherang). Kapungkur di daerah ieu janten daerah penyebaran agama Islam kanggo daerah Pantura sareng priangan tengah dugi ka kulon.

Asal Kecap Sagalaherang

Ceuk sawareh Sagalaherang the asalna nalika putra Dalem Aria Wangsa Goparana nyaeta Rd Jayasasana (Dalem Aria wiratanudatar/Cikundul) dibabarkeun, harita saking ku bingah-bingahna wargi di daerah eta ngahurungkeun obor dimana-mana janten jadi cararaang malihan tempat nu buni oge sapertos leuweung janten caang (herang) kukituna janten Sagalaherang (caang,herang dimana-mana).

Pendapat nu sanes nalika Dalem Aria Wangsa Goparana nuju ngumbara mendakan hiji tempat nu sagala rupina the endah, bersih, malihan di eta tempat aya hiji sagara nu caina herang pisan, teras kanjeng dalem the abdas di eta tempat lajeng netepan. Sarengsena tempat eta disebat SagaraHerang, kumargi aya perobihan vokal Sagara digentos janten Sagala dugi ka ayeuna.

Pendiri Sagalaherang

Dalem Aria Wangsa Goparana the nu pertama ngabuka wewengkon Sagalaherang basa taun 1525 M. Anjeuna the salah sahiji waliuloh nu nyebarkeun agami Islam di daerah Pantura, Cianjur, Sukabumi, anapon makam kanjeng dalem ayana di Nangka Beurit, Sagalaherang, nepi kiwari makamna seuer dijarahan ku jalmi ti mana mendi. Keur baeula di wewengkon ieu seuer tangkal nangka nu buahna manrupi beurit, nya antukana dugi ka ayeuna disebut namgka beurit.Ari kawitna ti karajaan Talaga (majalengka) nu ngumbara ka kulon dugi ka Sagalaherang. Ari alesan kanjeng dalem ningalkeun (ngumbara) karajaan Talaga ceuk sakaol aya 2 :

Harita kanjeng Dalem tos nganggem Islam di karajaan Talaga sementawis rama-ibuna masih keneh Budha (Hindu ?). Basa ibu-ramana terang yen anjeuna tos ngagem Islam kanjeng dalem diusir ku sepuhna kajabi upami anjeuna balik ka agami lami, tapi kanjeng dalem milih ngejat ti karajaan da iman, islamna tos kiat pisan. Kanjeng Dalem sanawos anom keneh nagging tos seueur pengikut ku kituna dina ngejatna ti karajaan anjeuna diiringan ku sababaraha ponggawa sareng pajabat kerajaan nu sanesna.

Ceuk pendapat kadua kanjeng dalem kaluar ti karajaan Talaga kumargi memang anjeuna kenging tugas ti guruna kanggo nyebarkeun agami Islam sementawis sepuhna saleresna mah tos Islam hal ieu tiasa dibuktoskeun ku ayana makam sepuhna di talaga nu tos Islam (di kampung Kagok). Dina babad Cirebon disebatjeun nuju pasukan Cirebon ngayakeun hajat, raramean dugi ka wates karajaan Talaga, sementawis dina rombongan payun the pasukan Demak (urang jawa), harita ditaros make basa Sunda eta pasukan Demak atuh aya salah tarima nu antukna jadi perang rongkah. Paristiwa ieu the kadangu ku putra mahkota Talaga nyaeta Rd Aria Kikis (Dipati Wanaperi) lajeng anjeuna ngamuk bari mawa pusaka Cutak Rarang, atuh gabungan pasukan Cirebon+Demak the kadeseh mundur. Sunan Gunung Jati ti pihak Cirebon maju mayunan Rd Aria Kikis, barang jol Sunan Gunung Jati, Rd Aria Kikis masihan hormat ka anjeuna kumargi sanawis anjeuna waliuloh oge sunan gunung jati the incu ti Prabu Siliwangi nu masih aya kaitan darah sareng Rd Aria Kikis. Saleresna samemeh kajadian harita Talaga the tos Islam mung karajaan ieu the terlepas ti Cirebon, tah ti saprak kajantenan harita Talaga ngagabung jeung Cirebon malihan pusaka Cutak Rarang dipasihkeun ka Sunan Gunung Jati. Rd Aria Kikis (Dipati Wanaperi, Sunan Ciburang) the ramana Dalem Aria Wangsa Goparana.

Aria Wangsa Goparana the ngandung hartos nyaeta Aria->mangrupi hiji pangkat sami sareng Senapati (saleresna anjeuna the memang salah saurang senapati karajaan), Wangsa -> katurunan, Goparana (pamanggul senjata), janten hartosna Senapati nu turunan ti Pamanggul Senjata (menak, satria). Dihandap ieu disebat salsilah katurunan Dalem Aria Wangsa Goparana (walahu alam):

* Nabi Adam
* Nabi Sis
* Anwar atanapi Sanghiang Nur Cahya
* Sanghiang Nur Rasa
* Sanghiang Wenang
* Sanghiang Tunggal
* Sanghiang Batara Guru
* Sanghiang Batara Wisnu
* Bagawan Sakri
* Bagawan Palasara
* Bagawan Abiyasa
* Prabu Pandudewanata
* Arjuna
* Abimanyu
* Parikesit
* Udrayana
* Gandra yana
* Pancadrya
* Paryamon
* Suma wicitra
* Prabu Sang Jaya Miruda
* Prabu Sang Jaya Mijaya
* Prabu Sang Patra Wijaya
* Prabu Sri maha Punggung
* Prabu Kandi Yawan
* Prabu Kuripan
* Maharaja Dewa Kusumah
* Prabu panji mara bangun
* prabu Panji Kuda Lalean
* Prabu Munding Sari
* Prabu Munding Wangi
* Prabu Ciung Wanara
* Guru Minda
* Prabu Lingga Hiang
* Prabu Lingga Wastu
* prabu Lingga Wesi
* prabu Cakra Wati
* Prabu Angga larang
* Prabu Siliwangi
* Prabu Munding Sari Ageung
* Prabu Munding Sari Leutik
* Prabu Pucuk Umun
* Sunan Parung Gangsa,Dipati Wanaperih,Sunan Ciburang
* Dalem Aria Wangsa Goparana

Nuju pertama ngabukbak wewengkon Sagalaherang, Dalem Aria Wangsa Goparana ngajantenkeun daerah pendidikan (penyebaran) agami Islam. Masjid nu pertama diwangun nyaeta Masjid di Cikarutug, buktos Sagalaherang daerah pendidikan (penyebaran) agami Islam nyaeta ku seueurna titinggal mangrupi makam-makam kuno tokoh Islam, diantawisna di Dayeh Kolot, Cinengah, Malilin, Wanayasa (Purwakarta), Nangkabeurit, jrrd.

Dugi ayeuna makam-makam eta sok dijarahan ku jalmi timana-mana, nanging nu biasa dijarahan mah nu di Nangka Beurit kumargi anjeuna salaku pamingpin di jamanna. Lami-lami Sagalaherang ieu janten rame kadongkapan ku jalmi (santri) nu bade diajar Islam ka Kanjeng Dalem, kumargi kitu perlu diadegkeun diadegkeun pamarentahan keur ngatur sakabeh rahayat. Cinengah dijantenkeun pusat pamarentahan, Dalem Aria Wangsa Goparana janten pamingpin pamarentahan jeung agami (tokoh sprituil).

Dalem Aria Wangsa Goparana sanajan turunan raja, tapi anjeuna teu ambisi ngadamel karajaan atanapi nu sajinisna (penguasa), kumargi anjeuna langkung katarik dina widang agami.

Dalem Aria Wangsa Goparana

Tos dicarioskeun yen Dalem Aria Wangsa Goparana the kawitna ti Talaga, anjeuna nuju angkat ti Talaga disarengan ku saderekna nu namina Panembahan Girilaya, kalayan heunteu kapameng janten ulama ageing leket ibadah sareng tapa kuru cileuh kentel peujit sadidinten malih kagungan pasantren ageing. Patilasan eta pasantren ayana di Talutug, Sagalaherang. Numutkeun carios samemeh ka Sagalaherang, anjeuna kantos calik di gunung gedogan sareng gunung layung heula.

Aria Wangsa Goparana the panjang yuswana, naming heunte aya katerangan anu pasti sabaraha taunna mah. Sakadar kanggo bahan nginten-nginten tiasa dicandak salsawios taun nu pasti sapertos taun lebetna Islam ka Talaga taun 1529 (tiasa oge sateuacanna ?).

Aria Wangsa Goparana pupus nalika awal-awal abad ka 17, dipendem di kampung nangka beurit, Sagalaherang.

Kanjeng Dalem Aria Wangsa Goparana ngagaduhan putra 8 :

* Jayasasana (Dalem Aria Wiratanudatar, Cikundul, Cianjur)
* Wiradiwangsa
* Candramenggala
* Santaan Kumbang
* Yudanagara
* Nawing Candradirana
* Santaan Yudanagara
* Nyi Murti

Saparantos Aria Wangsa Gopara pupus,Sagalaherang masih ngagaduhan lalakon malah rakyatna ngiring ngabaud. Dina taun 1579 sabada Padjajaran runtuh, aya bupati ageung muncul jenenganana Pangeran Geusan Ulun, wewengkona disebat Sumedang larang. Geusan Ulun ngangken yen sabagian ageung tilas Padjajaran the kalebet bawahan Sumedang Larang diantawisna Sagalaherang.

Namung para bupati aralit sabada padjajaran runtag the tos ngaraos bebas sareng mandiri, rinkesna heunteu kabawah ku Sumedang Larang. Kawuwuh anu ngarubuhkeun padjajaran the Banten, numutkeun kabiasaan waktos harita tilas wewengkon Padjajaran the kedah janten wewengkon Banten. Kumargi kitu kapaksa Geusan Ulun ngerahkeun wadyabalad kanggo naklukeun para bupati aralit nu ngaraos parantos mandiri, nanging nu dipayunkeun dirugrug the wewengkon basisir kaler sapertos Karawang, Ciasem, Pamanukan, sjb, sanawis di eta daerah tos aya wadya balad Banten.

Diantawis putra Dalem Aria Wangsa Goparana, Rd Jayasasana (Rd Aria Witanu/Cikundul) nu paling kawentar, kumargi anjeuna sanawis salah saurang waliyuolah oge janten pendiri Cianjur. Ananaging dina masalah tingkat kaimanan sareang kaelmuan mah teu aya nu uninga, panginten aya oge putera ti Dalem Aria Wangsa Goparana nu luhung ku elmu jembar ku pangawasa ngan teu kasohor (?).

Ciri khusus Dalem Cikundul.

Ceuk sakaol nalika anjeuna diwedalkeun, kawitna diuningaan ku salah saurang Aki jeung Nini nu ahli kana agami sunda sanghyang ti nagari Talun (ayeuna kalebet desa Ponggang, Sagalaherang, Subang). Yen jari panangan curuk sareng tengahna di kadua pananganna ageung sreng panjangna sami. Saur eta Aki-Nini hal ieu mangrupi tanda yen “ahir baring supagi” nu hartosna dina poe engke bakal lahir saurang raja di tatar sunda, pertanda ti Pangeran Panji Kusumah.

Pangeran Jayalalana ti burey umur 3 tahun boga karesep naek ka hiji bukit nu ngarah ka kiblat sareng tapakur di luhurna. Jalmi harita uninga yen Sang Pangeran Burey kagungan indera luar biasa seketna, terutami kana titingalian, sowanten, sareng pangrasa, sareng guang suara nu beurat (sanawis ngaharewos tiasa didangu).

Sababaraha mimggu sateuacan kalahiran Rd Jayalalana di langit Tenggara (duka sundana ?) aya bentang kemukus warna koneng kaemasan sareng buntut nu nunjuk ka arah kiblat. Saterasna Rd Jayalelana lahir sinareng heunteu diuninga bentang kamukus eta leungit tina titingalian.

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...