28 Oktober 2009

Sensasi Ustad Suha

Ku DHIPA GALUH PURBA


LAIN sakali dua kali mindeng pagetrengna teh, Ustad Otong jeung Ustad Suha. Pangpangna mah dina perkara prak-prakan solat magrib jeung solat subuh. Ustad Otong keukeuh boga pamadegan dina rokaat panungtung teh, sanggeus itidal kudu maca qunut. Ari nurutkeun Ustad Suha mah sabalikna pisan, nya teu kudu maca qunut. Mangkaning eta dua ustad teh, sapopoena kapeto jadi kapercayaan Mama Iking dina ngawuruk barudak.

Puguh bae matak baluweng anu dialajar. Ceuk Ustad Otong kitu, ari ceuk Ustad Suha mah da geus lain deui. Malah nurutkeun beja ti Si Buruy mah, kungsi sakali mangsa Neng Ratna dibere peringatan ku Ustad Suha; lamun wani-wani nurutan Ustad Otong, hartina putus bobogohan! Kitu cenah. Teuing enya, teuing bohong. Tapi nu eces mah Neng Ratna geus aya kana samingguna tara katingali ngalanto ka tajug. Ceuk sakadang gosip keneh, Neng Ratna teh bingung anu teu manggih tungtung. Sabab bapana keukeuh nitah ngagugu ka Ustad Suha. Ari indungna biluk ka Ustad Otong.

“Mana sih anu kedah digugu sareng ditiru ku abdi teh, Mama?” ceuk Neng Ratna, basa sakali mangsa ngahajakeun nepungan Mama Iking.

“Nilik kana kecapna oge, digugu jeung ditiru teh singketan tina ‘guru’. Tangtu bae anu kudu digugu jeung ditiru mah taya lian guru hidep,” tembal Mama Iking antare naker.

“Sumuhun, apan Kang Otong sareng Kang Suha teh duanana oge guru abdi. Janten, nu mana atuh nu kedah dituturkeun ku abdi?”

“Ari palebah anu kudu dituturkeun mah, sigana Jang Suha. Sabab nyai teh sakeudeung deui oge bakal di-sahkeun jadi pamajikanana. Apan nyai teh geus ditanyaan lin, ku Jang Suha?” “Sumuhun ari palih dinyana mah, abdi teh sasatna calon istri Kang Suha. Namung ari perkawis ajaran mah, apan teu kenging kolusi tea. Sok sanaos Kang Suha calon caroge abdi, tapi abdi mah tetep hoyong terang, netepan versi saha anu leres teh?” Neng Ratna beuki panasaran.

“Yeuh, nyai, ari perkara solat mah, duanana oge euweuh nu salah. Da anu salah mah, tangtuna oge anu teu solat. Tong make jeung bingung sagala, kawas budak kamari sore bae. Tuturkeun weh nu sakira-kirana luyu jeung kayakinan nyai,” tembal Mama Iking.

“Kieu, Mama. Abdi teh ari bogoh mah ka Kang Suha. Namung netepan mah hoyong cara Kang Otong. Kumaha tah upami kitu, Mama?”

“Is, kumaha nyai eta mah. Moal aya nu ngageunggeureuhkeun ieuh. Ceuk Ama oge, boh Jang Suha atawa Jang Otong, da euweuh nu salah ieuh. Ulah nepi ka Nyai ngadadak hayang SSI jeung Jang Otong, da Jang Otong mah geus hahadean jeung Neng Cici. Apan Neng cici oge solatna mah sok nurutan Jang Suha…” teu kebat nyaritana Mama Iking teh, sabab geus kadenge hawar-hawar sora adan asar. Neng Ratna gura-giru amitan, rek muru ka tajug. Ari Mama Iking mah da geus biasa, sok ngimaman di Masjid Al-Muchtar.

Kakara oge rengse wudu, Mama Iking disusulan ku Si Buruy. Cenah mah Ustad Otong jeung Ustad Suha keur pagetreng deui bae. Puguh bae sakedapan mah Mama Iking rada ngahuleng. Pang kitu teh, da sasarina mah tara aya masalah lamun rek solat asar. Malah solat magrib jeung subuh oge da geus dianggap aman. Ngarah teu pagetreng, ngahaja Ustad Otong sok sina ngimaman di Masjid, Ustad Suha jadi imam di tajug. Piligenti bae (husus) solat magrib jeung subuh. Ari lohor, asar, jeung isa mah tara aya masalah ieuh, pangna sok dihijikeun teh.

Kilang kitu, Mama Iking tetep ngahajakeun muru ka Tajug bari rada rurusuhan. Kasampak Ustad Otong jeung ustad Suha masih keneh keur debat madungdengkeun hiji perkara. Lain masalah qunut deui ieu mah. Tapi perkara babacaan itidal. Ceuk Ustad Otong, itidal teh kudu maca ‘Sami Alloh huliman hamidah’. Ari nurutkeun Ustad Suha mah, cukup maca ‘Sami Alloh’ wungkul, teu kudu make ‘huliman hamidah’.

“Geus engke deui atuh, madungdengkeun perkara eta mah. Mending geura sarolat ayeuna mah!” pokna Mama Iking bari ngareretan jam tanganna.

“Mangga atuh, Mama janten imam-na…” ceuk Ustad Suha, bari metot sarung Ustad Otong.

“Apan Ama mah ngimaman di masjid. Sok weh kadinyah atur-atur ku maraneh. Biasana oge piligenti, lin?”

“Sumuhun, Mama,” tembal ustad Otong.

“Ari bieu, basa solat lohor, saha nu jadi imam?”

“Abdi, Mama,” ceuk Ustad Suha.

“Enya, hartina ayeuna bagean Jang Otong. Sakali sewang kadinyah, ngarah adil…” kituna teh Mama Iking bari tuluy ngaleos deui, semu rurusuhan pisan.

Geus kitu mah, taya nu baha deui. Ustad Otong jadi imam.

“Allohu Akbar…” sora takbir Ustad Otong ngahaja dibedaskeun, ngarah kadenge nepi ka shap anu pangtukangna.

Sanggeus rengse maca al-fatihah jeung surat al-falaq, Ustad Otong ruku. Dituturkeun ku sakabeh makmun, kaasup Ustad Suha.

“Sami Alloh huliman hamidah…” sora Ustad Otong eces naker, kadenge ku sakur jamaah nu jadi makmum. Puguh bae Ustad Suha jadi kapanasan. Beungeutna mani nyeak beureum, awahing ku teu panuju tea. Malah Ustad Suha nyelengkeung leuwih tarik, “Sami Alloh teu make huliman hamidah…!” pokna.***

Cag !!

Tidak ada komentar: