28 Oktober 2009

Peuting Katujuh Likur

Ku DHIPA GALUH PURBA

BRAS ka jalan Simpang Dukuh. Bras, pasisian walungan Kalimas. Caina ngamalir kalayan alon. Teu herang, tapi tatangkalan anu ngajajar di sisina, ngajadikeun suasana anu tengtrem tur ayem. Di peuntaseunna aya hiji patamanan. Najan kaayaan tipeuting, katambah langit anu angkeub, tapi kaendahanna tetep katingali jeung karasa. Lampu anu caangna renyem-renyem, kawasna masih keneh dianggap caang teuing. Sabab sababaraha pasang manusa kalah nyarumput dina handapeun tangkal liuh, atawa di tempat anu leuwih mongkleng.

Lalaunan suku kuring nete kana hiji gapura anu jadi tungtung sasak pameuntasan walungan Kalimas. Panon buru-buru ngabalieur, basa di jero gapura aya sapasang manusa anu keur anteng paduduaan. Euweuh kaera pisan. Padahal gapura teh pipindingna ukur samet cangkeng. Jeung pangpangna mah, sakabeh anu meuntas kana eta sasak teh, tangtuna oge bakal ngaliwat ka lebah dinya.

“Dikira bukan orang gila!” ceuk anu lalaki bari ngaleng deui awewena. Teuing kumaha satuluyna mah, sabab kuring buru-buru nuluykeun leumpang. Sasak anu dijieun tina awi teh oyag-oyagan matak pikapaureun. Untungna lain sakali dua kali, suku kuring nincak kana eta sasak. Malah ampir unggal peuting, kuring cicing di tengah-tengah sasak, nepi ka kuring asa geus jadi kuncenna sasak Kalimas.

Hawar-hawar kadenge sora adan ti munara masjid. Patembalan jeung musik anu ngaguruh di patamanan. Aweuhan sora adan lir minuhan sabudeureun Kalimas. Tapi naha atuh manusa teh kawas anu tarorek. Atawa norek-norek maneh kitu? Bulan puasa, taya binana jeung bulan-bulan sejen. Ceuk saha bae lamun setan-setan dicangcang suku jeung leungeunna ku rante. Setan nu mana? Setan jurig marakayangan atawa setan anu sok ngaharewos dina unggal dada manusa? Da eta sora adan, kalah ditembalan ku sora hitut kenalpot motor jeung mobil di jalan raya. Klakson oge disadakeun kawas anu hayang patarik-tarik. Awewe juta-jete nembongkeun pingping. Om-om anu sarenang, kalah jongjon nangkeup awewe ngora. Si tanteu anu rangkidut kulit beungeutna, beuki geugeut nyarande dina taktak pamuda, anu nukeurkeun kaimananna kana sapatu.

Cara sasarina. Kuring ngajanteng di tengah-tengah sasak. Neuteup ka jauhna. Norobos kana sawangan anu baheula kungsi disorang. Dina unggal mangsa, kuring hayang ngaca deui kana eunteung anu baheula. Lumbrah pisan lamun kuring disebut pondok pangharepan. Rumasa eta oge. Tapi naha pantes lamun kuring geus disebut gelo? Padahal kuring normal keneh. Kuring apal ka diri kuring sorangan. Kuring oge apal ka tempat anu kiwari jadi tempat idek liher unggal mangsa.

Peuting ka duapuluh tujuh bulan puasa. Taya nu robah di sasak Kalimas teh. Malik ka beulah kaler, nu katingali ukur ngajugrugna gedong Studio East. Ka beulah kidul, katingali gedong Bank BCA anu ngajul langit. Pon kitu deui beulah kulon jeung wetan mah apan aya dua gapura minangka tungtungna sasak. Gapura anu meh unggal peuting dieusian ku sapasang manusa anu keur nganteur pangajak setan.

Kuring oge sok puasa cara ilaharna anu ngagem agama Islam. Hanjakalna kuring tara milu taraweh atawa solat berjamaah di masjid atawa tajug, lantaran kuring sok kaburu pada ngusir. Lumbrah pisan kituna mah. Kuring oge bisa ngamaklum. Sabab manusa di ieu dunya, loba anu tacan siap misahkeun antara sareat jeung hakekat. Pantes upama kuring dianggap nu gelo. Pangpangna mah alatan papakean kuring anu rarombeng, kucel, kuleuheu. Mapaesan bulu-bulu anu meh minuhan beungeut anu teu kaurus. Lain teu bisa jeung teu hayang cara ilaharna batur. Tapi kaayaan, anu maksa kuring nepi ka jadi kieu.

Kalunta-lunta tur kadungsang-dungsang di lembur batur pibasaeunna teh. Jejeg sataun lilana, kuring leumpang nuturkeun indung suku. Inget keneh, basa kuring miang teh, bareng pisan waktuna jeung puasa dina poe ka duapuluh genep. Sabab dina peuting ka tujuh likur, kuring teu bisa nahan rasa anu ngagalura dina dada. Peuting ka tujuh likur bulan puasa dina lima taun katukang, kuring jeung manehna boga panineungan anu moal laas dina sawangan. Jadi miangna kuring ti lembur teh, lain miang tanpa tujuan, atawa lumampah tanpa laratan. Dihenteu-henteu oge, kuring boga paniatan anu eces. Kuring keur neangan manehna. Manehna anu lunta ninggalkeun kuring. Manehna anu geus diraheutan hatena. Manehna anu ayeuna teuing aya di mana.

Nurutkeun beja ti lanceuknamah, manehna teh ngumbara di kota ieu. Tapi hanjakal pisan kuring teu apal, di lebah mana pamatuhanana anu eces. Geus di sarungsum ka unggal wewengkon, disusud nepi ka tepis wiring. Batan kapanggih mah kalah bebekelan kuring anu ledis. Anu antukna kuring teu bisa mulang deui ka lembur. Sajabana teu boga ongkos teh, ditambah ku patekadan anu geus buleud. Batan mulang bari teu mawa manehna, leuwih hade kuring teu mulang deui satuluyna.

Kungsi dina hiji mangsa, kuring kasamaran ningali manehna. Basa kuring asup ka wewengkon jalan Doli. Kuring pinanggih jeung hiji awewe anu nyeples jeung manehna. Satengah cangcaya ti mimitina oge, sabab eta awewe teh make jeung dietalaseuan pikeun dijual ka lalaki buhaya. Teu pati beda jeung ngajual barang. Saha bae anu kabita jeung wani mayar regana, eta awewe bisa diajakan kumaha bae. Geus puguh anu teu dietalaseuan oge mani kawas anu ngadagangkeun combro bae.

Eta awewe teh dipencrong ku kuring. Disidik-sidik hayang leuwih atra. Teu sirikna ditilik ti luhur sausap rambut, nepi ka handap sausap dampalna. Malah satadina mah kuring hayang nyabak pigeulang leungeunna. Hayang mastikeun upama dina leungeunna euweuh karang ipis sagede kacang hejo. Tapi hanjakal pisan, antara kuring jeung eta awewe teh, kahalangan ku kaca anu jadi pipindingna. Malah alatan kaca eta pisan, manehna oge teu bisa ningalieun ka kuring. Hare-hare bae bari nyerebungkeun haseup roko anu kaluar tina sela-sela biwirna. Kuring yakin, eta awewe teh lain manehna. Lain pisan. Sabab aya hiji hal anu beda, antara eta awewe jeung manehna.

Kuring oge teu poho jeung henteu leungiteun akal. Kalayan sababaraha tarekah, kuring bisa tunyu-tanya ngeunaan laratan eta awewe anu dietalaseuan tea. Noni ngaranana teh cenah mah. Geus ampir sataun jadi pangeusi matuh jalan Doli, najan ari lembur asalna mah taya anu apaleun timana jeung urang mana. Nu eces, kuring ngarasa sugema, sabab ngaran anu keur diteangan ku kuring mah, lain Noni.

Kahayang mah kuring teh ngawangkong jeung Noni. Hanjakal pisan regana teu kaudag ku pesak kuring. Sabab moal aya anu percayaeun, upama kuring saukur hayang ngawangkong jeung Noni. Rek naon bae alesanana, kuring kudu mayar Noni sakumaha anu geus ditangtukeun regana. Nya, antukna mah kapaksa kuring teh ukur ngegel curuk, bari panon mah teu lesot nuturkeun Noni anu digandeng ku hiji lalaki tengah tuwuh.

Ngawangkong jeung lalaki anyar pinanggih teh beuki manjangan. Malah make jeung nyaritakeun Noni anu katelah minangka hiji awewe misterius. Teuing misterius di lebah kumaha. Kuring teu kaburu manggih jawabanana, sabab wangkongan teh kalah dipengkolkeun kana perkara kajadian di kota pamiangan kuring. Cenah mah, di kota kuring keur geunjleung ku VCD porno sapasang mahasiswa anu geus sumebar kamana-mana. Tuluy dibabandingkeun deui jeung VCD porno ‘Anak Ingusan’ anu dijieun di ieu kota. Pokna teh, VCD porno di kota kuring mah teu ngahaja diproduk pikeun diedarkeun. Malah bisa disebutkeun musibah. Ari VCD porno anu dijieun di ieu kota mah, ngahaja diproduk pikeun dijualan. Malah pamaenna oge cenah mah hiji WTS anu geus biasa kikituan. Naha enya kitu di kota kuring aya kajadian kitu? Lamun enya teh, bet asa jadi era. Era ku pamaenna, anu bejana pada ngajejeleh. Padahal mah kalakuan kuring samemehna oge, sigana leuwih ganggas. Bedana, kalakuan kuring mah taya anu nganyahoankeun. Ukur Gusti Alloh anu apaleun. Tapi naha kuring kudu ngabejer beaskeun lalampahan kuring ka balarea? Ngeunaan anu kungsi dilakukeun ku kuring jeung Neng Iseu, Lia, Apon, Rostika, Enur, Titin, Kiki, Ida, jeung sajabana. Nu eces mah, kuring leuwih bejad batan anu meunang musibat alatan VCD porno di kota kuring. Sumpah, tah.

Di jalan Doli keneh, kuring meunang musibat anu hese dipopohokeunana. Teu nyangka sacongo buuk, anu diajak ngawangkong ku kuring teh tetela hiji lalaki anu deleka. Kalayan ngajangjian pikeun nepungkeun Noni, kuring dibawa ka tempat anu nyingkur. Horeng eta teh ukur akal-akalanana. Sabab kanyataanna mah kuring kalah diasongan clurit. Sakabeh banda kuring diraradan, kaasup baju jeung calana anu ngan hiji-hijina. Estuning tinggal make kolor teh lain bobohongan. Atuh kapaksa kuring teh kudu daek make pakean meunang mulung tina tempat sampah. Najan rombeng jeung bau, kuring kudu maksakeun. Batan leuleumpangan bari awak bulucun. Teu aneh lamun sakur jalma nyarebut anu gelo ka kuring. Padahal kuring mah teu rumasa gelo. Rumasa soteh, kuring mah kagegeloan ku manehna.

“Punten!” teu kanyahoan datangna. Hiji awewe ngaliwat ka hareupeun kuring. Puguh bae reuwas kareureuhnakeun. Keur mah tara-tara ti sasari aya anu nyebut punten, jaba eta awewe teh geuningan manehna pisan. Enya, najan manehna geus ngaliwat tur ngan katingali tonggongna, tapi kuring apal pisan. Moal nepi ka kasamaran. Manehna anu keur diteangan ku kuring. Manehna, Dewi.

“Dewi! Antosan, Wi!” kuring ngagorowok rada tarik. Reg, manehna eureun. Tuluy malikeun awakna. Panonna neuteup ka kuring kalayan anteb.

“Dewi, ieu abdi, Darma!” ceuk kuring, hayang ngayakinkeun manehna. Atuh manehna oge kawas anu ngarenjag semu reuwas. Malah tuluy leumpang ngadeukeutan kuring. Sasak kalimas igeung deui, bareng jeung ketug jajantung kuring anu ngadadak jadi ngagancangan.

“Darma?” manehna tumanya bari nelek-nelek rupa kuring.

“Muhun, Darma, Wi. Hampura abdi, Wi. Abdi tos tobat. Moal kagoda deui ku sasaha oge. Hayu wang mulang ka lembur, Wi!” ceuk kuring bari ngagabrug awakna. Hanjalkal pisan, manehna ngagiwar bari ngepeskeun leungeun kuring.

“Didinya teh sahana didieu? Sangeunahna pisan hayang nangkeup didieu. Sanajan sarua ti Jawa Barat, tapi lain hartina didinya bisa kikituan jeung didieu,” pokna bari muncereng. Bareng jeung eta, hujan geus mimiti tingkareclak. Kilat tingburinyay, patembalan jeung guludug anu matak ngahariwangkeun.

“Dewi?!” kuring molohok mata simeuteun. Cangcaya kana omonganana.

“Didieu lain Dewi. Didieu mah nyampeurkeun soteh, pedah ngadenge didinya anu bahasana sarua jeung bahasa didieu,” ceuk manehna bari miceun paneuteupna ka beulah kidul.

“Dewi, kawasna dosa-dosa abdi kalintang ageungna. Kasalahan abdi dugi ka moekeun hate Dewi. Abdi rumaos, Wi. Abdi kacida hanjakalna tos ngaraheutan hate Dewi. Tos aya kana sataunna, abdi kalunta-lunta milarian Dewi. Abdi jangji, bakal ngarobah sagala kalakuan abdi. Hayu, Wi, apan Dewi teh hoyong sasarengan saur, sareng buka puasa seuih. Wang papag dinten boboran, ku urang duaan. Abdi tos meser acuk kanggo Dewi. Di Bandung, abdi tos muka usaha kana konstruksi rangka beton,” kuring nyarita rada kapapanjangan.

“Keun, isuk atawa pageto, didieu rek ngabantuan neangan anu ngaranana Dewi.” kalah kitu nembalna teh, bari ngalieuk ka tukangeunana. Breh, hiji lalaki keur ngajanteng di tungtung sak bari nulak cangkeng. Teuing geus sabaraha lila manehna ngajanteng di dinya.

“Noni! Cepetan, dong. Ngapain bicara sama orang gila!” eta lalaki ngagorowok rada tarik. Sakedapan manehna ngarandeg bari ngalieuk ka kuring. Tuluy nyampeurkeun eta lalaki mani ngagidig.

“Ceuk saha salaki aing gelo?!” pokna bari ngarawel kerah bajuna. Tuluy nyeredkeun awakna kana panyenderan sasak. Puguh weh kuring reuwas. Reuwas pacampur jeung bungah anu taya papadana. Kabagjaan anu salila ieu dianti-anti teh geus mimiti narembongan.

“Apa-apaan ini, Non! Kamu juga jadi gila, yah!” kituna teh bari malik nyekek beuheung Dewi. Puguh bae, kuring satengah lumpat muru ka maranehna. Amarah ngabebela dina jero dada.

“Kang Darma!” Dewi ngagoak nyambat ngaran kuring. Dituturkeun ku seahna hujan angin dor-dar gelap, lir cai anu dicicikeun sakaligus ti langit.

“Dewi!” kuring nyambat ngaranana. Tapi ngan sakilat, awak Dewi disurungkeun ku eta lalaki. Koleang, gejebur. Dewi ragrag ka walungan Kalimas anu caina jadi motah. Saliwatan katingali leungeunna ngagupayan kuring, katojo ku kilat anu patingbaranyay.

“Dewiiiiii!” kuring ngagorowok, bareng jeung sora guludug anu ngaguruh pinuh aweuhan.

Barang kuring rek ngagajleng ka walungan, teu kanyahoan leungeun kuring aya anu ngajewang ti gigireun. Jebrod, peureupna nenggel pisan kana puhu ceuli. Kuring ngoceak bari roroesan hayang luncat ka walungan. Tapi suku kuring dicerek kalawan pageuh naker. Malah kuring tuluy digusur ka gapura.

“Kang, tulungan! Wang mudik sa…!” teu kebat sora Dewi teh. Teuing kumaha kaayaanana. Awak kuring dibuntang-banting ku eta lalaki. Sirah diadukeun jeung tembok. Najan satekah polah ngalawan, tapi tanaga manehna leuwih rosa. Nepi ka antukna mah kuring ngalempreh teu walakaya. Ngababatang dina tetecean gapura. Awak lungse, taya tangan pangawasa. Leuleusna meh satulang sandi.

“Dewiiii!” sora kuring geus kaelehkeun ku sora hujan anu beuki ngecrek. Lalaki anu nandasa kuring geus lumpat, teuing kamana. Tapi sora Dewi oge geus teu kadenge deui. Getih tina sakujur awak kuring, pacampur jeung cihujan. Sawarehna aya nu kabawa palid ka walungan Kalimas. Nyusul raga Dewi anu leungit deui, teuing kamana.

“Nawaitu…” teu kebat nganggeuskeun niat puasa keur poe isukan teh.***

Ranggon panyileukan, 1422 H
cag!!

Tidak ada komentar: