14 Oktober 2009

Sajarah Basa Sunda

ieu mah kagiridig ku posting si mama manar, najan "Daun Sembung Daun Peuteuy " alias Teu Nyambung Euy....!!!!)

Teu aya maksad anu sanes ti sim kuring midangkeun ieu sajarah basa sunda sangkan urang imeut kana sajarah basana sorangan, ngahaja meunang mulungan, meunang ngorehan sugan jeung sugan aya mangpaatna keur urang sarerea, perkawis ieu upami teu lepat mah kantos di posting ku si ua sas tapi teu sawios-wios mindo supados wargi KUSNET anu kawilang anyar langkung uninga……!

Basa sunda nu aya ayeuna teh mangrupa hasil tina kamekaran sapanjang masa, basa sunda terus robah sangkan bisa ngigelan jaman. Robahna teh salilana luyu jeung robahna kabudayaan sunda, anu nampa rupa rupa pangaruh tina kabudayaan deungeun. Basa sunda kungsi meunang pangaruh tina budaya jeung agama hindu, budaya jeung agama islam, budaya jawa (mataram) jeung budaya barat, eta pangaruh teh saterusna di olah nurutkeun kapribadian urang sunda dipake geusan mekarkeun kabudayaan sorangan.
Dina gurat badagna galuring sajarah basa sunda teh bisa diringkeskeun kieu :

1. Sajarah basa sunda mangsa I (samemeh taun 1600 masehi)
Nepi ka taun 1600 masehi, basa sunda teh mangrupa basa nagara di karajaan salakanagara, galuh, kawali, sunda jeung pajajaran. Dina ieu mangsa basa sunda kaasupan ku basa sansakerta saperti anu katembong dina prasasti titinngal purnawarman, malah aksarana oge make aksara pallawa. Basa sunda alam harita dipake dina widang kanagaraan, kasenian jeung kahirupan sapopoe, loba kitab suci anu ditulis dina basa sunda sarta ngagunakeun aksara sunda (kuna) saperti siksa kanda ng karesian, carita parahiyangan, darmasiksa jeung guru talapakan. Geura titenan basa sunda nu dipake alam harita, boh nu aya dina prasasti boh nu aya dina karya sastrana :

Prasasti ciaruteun, titinggal purnawarman
"Jayaviclasya tarumendrasya hastinah airavabhasya vibhatidam padadavayam"
hartina : ieu (tapak) dua sampean airawata anu gagah perkasa, gajah inguan pangawasa taruma nu mawa kadigjayaan

Prasasti pasirmuara, cibungbulang titinggal karajaan sunda
"ini sabdakalanda rakryan juru pengambat I kawihadji panca pasagi marsandeca barpulihkan hadji sunda"
hartina : ieu teh ucapan rekeyan juru pengambat dina taun saka 458 nu netelakeun yen pamarentahan daerah dipulihkeun ku raja sunda

Prasasti astana gede titinggal karajaan sunda di kawali
“nihan tapa kawali nu sanghiyang mulia tapa bhagya parebu raja wastu mangadeg dikuta kawali nu mahayuna kadatuan surawisesa nu marigi sakuriling dayeuh nu najur sgala desa. Aya ma nu pandeuri pakena gawe rahayu pakeun heubeul”
hartina : ieu nu tapa di kawali teh nyaeta tapana nu mulya lir dewa. Gusti nu bagja, raja wastu nu ngereh di kota kawali, nu parantos mapaes karaton surawisesa nu ngadamel kakalen sakuriling dayeuh, nu nyantosa sakuliah wewengkon, muga-muga kapayuna aya nu kersa midamel kasaean sangkan punjul sajagat.


2. Sajarah basa sunda mangsa II (1600-1800 masehi)
Basa sunda dina mangsa ieu geus kapangaruhan ku basa arab jeung basa jawa, basa arab asupna kana basa sunda teh ngaliwatan pasantren, ari basa jawa asupna kana basa sunda teh ngaliwatan padaleman (pamarentahan). Harita di tatar sunda geus jlug jleg pasantren, umumna ajengan nu ngadegkeun pasantren di urang teh kungsi masantren di wetan jadi salian ngasupkeun basa arab kana basa sunda pasantren oge milu ngasupkeun basa jawa deuih nya diantarana ngaliwatan pasantren deuih asupna wawacan jeung sarupaning upacarana teh. Kitu deui widang pamarentahan, harita tatar sunda ka ereh ku mataram, para gegeden sunda (dalem) sataun sakali kudu seba ka dayeuh mataram, tara sakeudeung sakeudeung didituna teh, balikna maw adat cara kadaleman jawa, nya mangsa harita mimiti asupna undak usuk basa kana basa sunda teh nu mangrupa pangaruh tina basa jawa (contono dina naskah wawacan sulanjana).

3. Sajarah basa sunda mangsa III (1800-1900 masehi)
Dina ieu mangsa, basa sunda mimiti kaasupan ku basa walanda, ngaliwatan para bupati jeung pagawe walanda, memang harita mah wewengkon sunda teh geus aya dina genggeman pamarentah hindia walanda, nya harita medalna buku basa sunda anu ditulis ku aksara laten teh basa sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa walanda, salian ti eta basa sunda oge mimiti kaasupan basa malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa walanda sangkan bangsa pribumi, kaasup urang sunda kudu ngagunakeun basa malayu minangka lingu –francana (contona aya dina wawacan panji wulung 1876).

4. Sajarah basa sunda mangsa IV (1900-1945)
Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki rea, basa sunda terus digunakeun sarta diajarkeun disakola-sakola para panalungtik basa sunda beuki loba deuih boh bangsa deungeun boh urang sundana sorangan, beuki tembong bae pangaruh basa walanda kana basa sunda teh nepi ka harita mah teu saeutik urang sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa walanda, utamana kaom palajar, basa sunda pacampur jeung basa arab, jawa, malayu jeung walanda dipake dina widang atikan jeung kabudayaan pikeun nuliskeunana geus prah make aksara laten. Dina ieu mangsa, medal pustakamangsa dina basa sunda saperti papaes nonoman (1915), pasoendan (1917), poesaka soenda (1923) jeung sipatahoenan (1923).

5. Sajarah basa sunda mangsa V (1945-kiwari)
Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut oge mangsa sabada perang, basa sunda dipake dina kahirupan sapopoe, pustakamangsa, kabudayaan jeung buku-buku atawa kapustakaan. Mangsa ieu basa sunda loba kapangaruhanana ku basa indonesia, dina istilah-istilah basa kosta memeh asup kana basa sunda teh umumna ngaliwatan heula basa indonesia, utamana nu dipake ku masarakat kota, nepi ka aya istilah sunda kamalayon geuning, nyaeta basa sunda anu kapangaruhan ku basa malayu (indonesia).


Ceuk inohong sunda jeung para ahli, basa sunda nu ayeuna pasti bakal robah dimangsa jaga, nu ngarobahna tangtuna oge urang sunda keneh, robahna basa sunda nu ngindung ka waktu ngabapa ka kajaman teh moal matak lewang ngawariskeunana ka turunan urang engkena asal robahna eta basa teh tetep aya dina pangriksa jeung pangraksa LBSS.

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...