28 Oktober 2009

mojok

Ku DHIPA GALUH PURBA



Katelahna Mang Ook. Imahna di sisi lembur Tutugan Béngkok. Kakoncara tukang bobok, tukang tarok jeung tukang mukakeun…anderok. Karesepna ogé nyonyoo hayam bangkok, tara kapok-kapok sanajan remen dipacok. Ceuk pamajikanna ogé, mang Ook téh jelema koplok. Teu kaur aya mojang dénok, pastina ogé sok hayang tuluy nyantok.

“Sok…!” ceuk Mang Ook bari ngamang-nagamang pakarang titinggal si Carok.

“Naon, Kang Ook?” Bi Enok, pamajikan mang Ook rada ngahaok.

“Manéh bieu keur naon jeung Si Ucok?”

“Bieu iraha, kang Ook?” Bi Enok molohok.

“Bieu, dina handapeun tangkal jambu bangkok!”

“Oh, apan dititah ku Kang Ook, néangan bangkong korodok,”

“Moal enya néangan bangkong korodok mani bari silih pacok bari mojok? Dasar pamajikan bungaok, ku aing digaplok manéh téh, Enok!”

“Sumpah, Kang Ook. Kuring mah teu silih pacok jeung si Ucok. Saksina ogé hayam bangkok anu keur kongkorongok. Si Ucok mah ukur ticatrok kana tungtung erok. Tuluy ku kuring dikerok. Tapi paralun lamun nepi ka silih pacok,”

“Ari étah, kunaon baju mani laledok?”

“Apan ngadiukan tikotok. Tuluy diberesihan ku taneuh ledok….”

“Ah manéh mah bisaan ngelok , Enok!” ceuk Mang Ook bari nyokot séndok paranti nembok. Tuluy ngaléok bari katara beungeutna mani camohok. Teu lungak-longok heula ka Bi Enok.

“Rék ka mana, borokokok?!” Bi Enok nyorowok.

“Rék narok Si Ucok…!” témbal Mang Ook bari malédog ku batok kana kenteng imah Haji Mubarok.

*

Mang Ook geus anjog ka hareupeun imah mang Ucok di lembur Cisolok. Bari ngamang-ngamang séndok témbok, Mang Ook hahaok siga anu keur mabok. Awakna mani noroktok, méh baé huntuna ogé morolok.

“Ka luar sia téh, Ucok…!” Mang Ook beuki ngahaok. Tapi Mang Ucok tacan kaperegok. Teuing ngokok, kuméok méméh dipacok, sabab Mang Ucok geus kapok lamun kudu pahaok-haok jeung Mang Ook.

“Éh, Kang Ook. Tos lami keketrok kana panto rorompok?” Bi Ni’ok, pamajikan mang Ucok, geus ngajanteng hareupeun Mang Ook. Atuh sakedapan mah Mang Ook kalah molohok bari gagaro kana sirahna anu borok.

“Euh, nyi Ni’ok…Ok..euh…Ok…” Mang Ook nyaritana semu anu kararagok. Panonna méh-méhan molotok, neuteup awak bi Ni’ok anu montok. Mangkaning Bi Ni’ok ukur mamaké baju jeung calana anu kacida pondok.

“Kunaon Kang Ook, mangga lebet ka rorompok. Kaleresan aya kopi ledok buatan Newyork,” ceuk bi Ni’ok.

Teu talangké deui, Mang Ook asup ka jero, bari angger molohok neuteup awak bi Ni’ok anu katingalina beuki montok tur matak nyolok. Leungeunna mani geus teu kuateun hayang kudak-kodok.

“Ari Mang Ucok…” teu kebat Mang Ook nyaritana, kaburu dipotong ku bi Ni’ok.

“Nuju mondok,” pokna Ni’ok bari ngasongkeun cikopi anu cenah mah buatan Newyork. Malah teu lila, Bi Ni’ok ogé mamawa mangkok.

“Naon éta anu dina mangkok, Nyi Ni’ok ?” tanya Mang Ook.

“Apan ieu téh kuéh pamahanan ti Ceu Enok, istrina Kang Ook. Kamari nu nganteurkeunna ogé si Itok. Cenah, Ceu Enok sukuran pédah boga orok. Leres eta téh, kang Ook?”

“Enya, tapi orokna ogé beunang nyieun si Enok jeung Mang Ucok, enya salaki nyi Ni’ok,”

“Nu leres Kang Ook?” Bi Ni’ok rada ngahaok méh-méhan ticatrok.

“Sumpah, sing wani aya anu maok. Sabab Si Enok mah baheulana ogé bobogohan jeung Mang Ucok,”

“Ku aing digaplok si Ucok téh, kang Ook !” Bi Ni’ok beuki hahaok. Malah bari ngaleos ninggalkeun Mang Ook anu molohok.

“Rék ka mana nyi Ni’ok?” mang Ook ngajorowok.

“Rék ngontrog Si Borokokok Ucok ka imahna Si Enok…!”

*

Kacaturkeun di imahna Bi Enok. Saditinggalkeunna ku mang Ook, teu pati lila datang mang Ucok. Mémang ti saanggalna ogé, mang Ucok geus ngintip tina juru témbok. Atuh basa Mang Ook ngoloyod téh, langsung baé Mang Ucok keketrok.

“Geus indit Si Ook téh, Nok?” tanya Mang Ucok.

“Cocok, kang Ucok. Si Ook keur ngontrog ka imah Kang Ucok. Untung Kang Ucok aya di rorompok Enok. Paling ogé aya bi Ni’ok. Tapi kétang, apan bi Ni’ok téh kakara boga orok?”

“Enya, keun baé lah, Nok. Orokna ogé hasil bobogohan Si Ni’ok jeung Si Ook. Mending ayeuna mah wang mojok,”

“Nu leres, Kang Ucok?”

“Sing wani disantok ku Enok. Hayu, ah wang mojok, akang teu kuat hayang dikerok ku Enok…”

“Dasar Borokokok Ook, ku aing ayeuna diontrog ka gogobrogna Si Ni’ok …!” ceuk Bi Enok bari nyokot bedog paméré ti Aki Asok. Gidig, muru ka imahna Bi Ni’ok. Ari Mang Ucok ukur molohok bari panonna molotot kana enggon paragi mondok Manéhna jeung Bi Enok.***

Galuh Taruna, 2004

Aya dina Majalah Manglé No. 1813, 31 Méi-6 Juni 2001

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...