28 Oktober 2009

Pajaratan Teukteuk Beuheung

Ku DHIPA GALUH PURBA





Panganteur:

DI wewengkon Kampung Bojong, Désa Sukasari, Kacamatan Sukasari, Kabupatén Sumedang, aya hiji makam anu leuwih dipikawanoh “Makam Teukteuk Beuheung”. Nepi ka kiwari, éta makam téh masih kénéh aya. Malah nurutkeun béja, éta makam téh minangka pangjugjugan sawatara jalma anu boga niat jeung kahayang. Loba di antarana anu ngahajakeun meuting di éta makam, kalayan mibanda tujuan rupa-rupa. Saha sareng urang mana sabenerna anu dikurebkeun di éta makam? Kumaha sasakalana nepi ka disebut Makam Teukteuk Beuheung? Dina “Lagénda Pasundan” édisi ieu, dipedar sasakala “Makam Teukteuk Beuheung” anu sumebar di masarakat sabudeureun Sukasari. Hapunten bilih aya nami anu kasabit atanapi tempat anu kasebat, éstuning sakadar kaleresan, da tujuan anu utamana ogé mung ngaabadikeun carita rahayat kalayan neuleuman pesen moral dina éta carita. Tangtos baé sajabana ti carita anu sumebar téh, dipapaés deui, dipapantes, dipasieup, tug dugi ka (kahoyong mah) matak ngirut sadaya anu kaleresan anu maca. Ku ayana kitu, ieu carita kalebet kana sasakala, sanés sajarah. Wilujeng ngalenyepan.

**



KACATURKEUN dua lalaki anu keur apruk-aprukan nyorang leuweung luwang-liwung, maluruh laratan kadal meteng. Ari anu dimaksud kadal meteng téh taya lian liang cai anu rohaka. Dumasar kana katerangan anu jadi guruna, dina kadal meteng téh aya hiji pusaka mangrupa keris sakti tutungkusan Ponggang Rumangiang, anu katelah sakti mandraguna, anu ngageugeuh tutugan gunung Ciremai. Puguh baé, upama kadal meteng geus kapaluruh, éta liang cai téh kudu diteuleuman nepi ka katimu.

Demi dua lalaki anu keur meujeuhna hanaang ku pangaweruh téh taya lian Santoso jeung Barjo. Adi lanceuk. Santoso lanceukna, Barjo adina. Jauh dijugjug anggang ditéang, babarengan nyukcruk mustika Ponggang Rumangiang, anu mibanda kakuatan linuhung.

“Kakang, urang téh geus lunta sakieu jauhna, tapi kadal meteng téh tacan kungsi kapanggih laratanana. Naha kumaha lalampahan urang satuluyna?’ kitu ceuk Barjo bari gék diuk handapeun tangkal ki hujan.

“Geus kapalang, Ki Adi! Ayeuna mah ulah pugag lalampahan, da lara balangsak geus kasorang. Tadi peuting, akang ngimpi anu pikabungaheun…” témbal Santoso.

“Kumaha, kakang? Cik, caritakeun éta impian téh?” Barjo curinghak.

“Sabenerna impian akang téh aya anu pikabungaheun jeung pikaketireun, éstuning impian anu kacida ahéngna…” Santoso ngarénghap panjang lir anu hayang miceun sakur bangbaluh anu ngabeungbeuratan pikiranana.

“Saé didadarkeun baé, kakang! Abdi tos henteu kiat, hoyong ngupingkeun éta impian…” Barjo bangun teu sabar.

“Dina impian tadi peuting, akang téh manggih katerangan yén ieu patempatan téh ngaranana Sampih. Ari kadal meteng téa, teu jauh ti ieu patempatanb. Nya akang téh leumpang mapay jalan satapak nepi ka anjog ka hiji situ. Di dinya, akang nyaksian kadal meteng di sirah éta situ. Barang akang rék muru ka lebah kadal meteng, ngadadak aya hiji mahluk anu pikainggiseun…”

“Lajeng, kumaha, akang?”

“Éta mahluk téh gedé kabina-bina kadia buta héjo. Panonna merong, neuteup seukeut ka akang, siga nu rék ngerekeb. Puguh baé akang téh soak. Komo deui basa…” Santoso ngarandeg, semu nu asa-asa.

“Lajengkeun, akang! Abdi hoyong terang…”

“Kieu, Ki Adi, akang ogé banget ngarasa héran, sabab dina éta impian téh ujug-ujug aya ki adi…”

“Palih mana anu matak héranna, kakang?”

“Enya, ki adi mah siga anu teu sieun ku éta mahluk téh. Malah éta mahluk téh kalah ocon jeung ki adi. Anéh, ki adi teu bisa diélingan. Antukna akang lumpat, hayang geura-geura anjog ka kadal meteng. Hanjakal…”

“Hanjakal kumaha, akang?”

“Saméméh akang nepi ka kadal meteng, akang kaburu hudang.” Santoso mungkas lalakon impianana. Sakedapan mah duanana teu lémék teu nyarék, kalah ngumbar lamunan séwang-séwangan. Tapi teu lila, Barjo cengkat bari ngararasakeun beuteungna anu mimiti kukurubukan.

“Kang, hayu urang milarian katuangan. Apan tos tilu dinten urang teu acan karereban nanaon…” pokna Barjo.

“”Kitu hadé, Ki Adi. Tapi di lebah mana kira-kirana anu loba bungbuahan?”

“Ah, ulah milarian bungbuahan baé, Kang. Mending kénéh ka palih ditu, milarian walungan. Mamanawian baé aya tiasa ngala lauk…” ceuk Barjo bari nunjuk ka beulah wétan. Santoso unggeuk bari cengkat. Tuluy duanana ngaléngkah, ninggalkeun éta patempatan.

Bras ka sisi walungan nu caina ngagulidag. Duanana ngarandeg. Katara paroman Barjo anu némbongkeun rasa bungah. Demi Santoso mah kalah ngahuleng, semu anu bingbang.

“Tah, geuningan aya walungan, Akang. Keun abdi nu badé marak lauk mah…” pokna Barjo.

“Ki Adi, moal ogé meunang! Éta tingali sakitu cai ngagulidagna!”

“Pasti bakal meunang, Kang!”

“Ah, moal kalah kumaha ogé. Mending kénéh néangan walungan séjén!”

“Naha ari akang mani teu percanten ka abdi téh?”

“His, lain teu percaya, tapi geus kasawang, moal pimucekileun marak lauk di dieu mah. Pék teukteuk beuheung akang, lamun ki adi bisa meunang lauk!”

Ukur sakédét nétra, Barjo ngagajleng ka walungan. Puguh baé Santoso ngaranjug, tapi teu bisa kumaha deui, da puguh adina teu bisa dicarék. Malah Santoso beuki ngaranjug basa adina hanjat deui bari ngajingjing lauk aya kana tilu tiiran.

“Tah, akang, abdi kénging lauk! Janten, wayahna beuheung akang badé ditenget ku abdi…” kitu pokna Barjo bari ngalugas gobang.

“His, nanaonan ari ki adi?” beungeu Santoso ngadadak sepa, tuluy undur-unduran.

“Apan tadi saur akang, upami abdi kénging lauk, beuheung akang tenget…!” Barjo teu bisa diajakan badami deui. Barjo teu sadar, basa manéhna teuleum ka walungan, aya dedemit anu ngancik kana dadadana, anu saterusna ngahasud Barjo pikeun neukteuk beuheung lanceukna.

Nyaksian kaayaan adina anu hamo diélingan deui, antukna Santoso luncat, ninggalgeun éta patempatan. Beretek lumpat satakerna. Puguh baé amarah Barjo beuki ngahéab. Lauk anu tilu tiiran mah dibalangkeun, laju ngudag lanceukna bari ngabar-ngabar gobang.

Santoso anjog ka hiji kebon awi. Sadar kaayaan dirina anu diudag ku adina, Santoso buru-buru nyalingker ka dapuran awi tamiang (isuk jaganing géto. Éta patempatan téh bakal dingaranan Citamiang). Barjo ogé anjog ka kebon awi, kalayan awong-awongan nangtang lanceukna.

“Kang Santoso! Ulah sambat kaniaya! Bongan Kang Santoso ménta diteukteuk beuheung, nya ayeuna mangsana beuheung Kang Santoso kudu ditigas ku ieu gobang! Sok, geura ka luar! Ulah nyumput di dinya!” kitu cenah bari ngaléngkah ka lebah panyumputan Santoso.

Santoso beuki soak. Antukna lunta deui, lumpat sataker kebek, nyingkahan balai anu datang ti adina sorangan. Katara beungeut Barjo mani beureum lir beusi atah beuleum awahing ku ambek alatan lancukna ngejat deui. Jajauheun kana capé, Barjo ngudag Santoso bari ngamang-ngamang gobang.

Anjog ka hiji palataran anu lénglang, Santoso ngarandeg, tuluy ngalieuk. Bréh, Barjo anu masih kénéh dilimpudan hawa panghasut dedemit.

“Ki adi, heup, eureun heula!” Santoso ngalahir (isuk jaganing géto, ieu patempatan téh baris dingaranan Ciwalahir).

“Aya naon, Kang Santoso? Naha geus sadrah diteukteuk beuheung?” Barjo ngarandeg, bari angger ngamang-ngamang gobang.

“Nanaonan ki adi téh? Ieuh, sing éling, naon untungna neukteuk beuheung akang?”

“Ah, bongan kahoyong Kang Santoso éta mah! Hayu ka dieu, urang teukteuk beuheung téh!”

“Ki adi, apan urang téh dulur pet ku hinis, sagetih, saturunan. Naha ki adi téga maéhan akang?”

“Abdi mah sanés badé maéhan, Kang Santoso! Abdi mah sakadar neukteuk beuheung akang. Apan sasur akang ogé, ari jangji téh kudu ditedunan!” Barjo keukeuh kana pamadeganana.

Santoso teu wasa nyarita nanaon. Antukna ngaberetek deui, ninggalkeun éta palataran. Puguh baé Barjo henteu cicingeun, langsung ngaberik lanceukna seja neukteuk beuheungna. Santoso ngagajleng ka hiji batu di satengahing walungan. Dina éta Palahlar, Santoso mépélingan deui adina. Tapi adina kalah luncat kana palahlar, nyusul lanceukna. Dina kaayaan kitu, Santoso buru-buru ngajorélat ninggalkeun éta patempatan. Anjog ka hiji pasir, Santoso teu weléh mépélingan adina. Santoso ngamadali ti lebah luhur, sangkan adina buru-buru éling (isuk jaganing géto, ieu patempatan téh bakal dingaranan Cipadali).

Barjo keukeuh teu bisa dibadamian. Langit mimiti angkeub, siga nu milu hanjelu ku ayana ketak Barjo. Teu pati lila, Santoso anjog ka hiji patempatan dina kaayaan dilimpudan rasa kabingung (isuk jaganing géto, ieu patempatan bakal dingaranan Cipadayungan). Ti dinya, Santoso nanjak kalayan mimiti ngahégak lantaran ngarasa lungsé. Ari anu ngudagna mah kalah beuki jagjag waringkas. Buktina dina waktu sakédét nétra ogé, geus bisa nyusul Santoso.

“Sok, geura sadrah ayeuna mah Kang Santoso! Wayahna éta beuheung bakal ditenget ku abdi!” pokna Barjo.

Santoso teu bisa lumpat deui, da puguh ampir béakeun napas. Antukna Santoso ucul-ucul mukaan pakéanana. Barjo kerung, ngarasa héran kana pamolah lanceukna.

“Nanaonan Kang Santoso kalah muka baju?” Tanya Barjo.

“Ki Adi, pék bawa pakéang akang. Apan akang mah ukur boga pakéan sarapet awak. Tapi… muga ki adi ulah neukteuk beuheung akang!” kitu témbal Santoso bari ngadangkak dibarung rénghap ranjug (Isuk jaganing géto, ieu patempatan téh baris dingaranan Cidangkak).

“Teu tiasa, Kang Santoso! Abdi mah teu peryogi baju! Abdi mah tetep bakal nenget beuheung Kang Santoso, da Kang Santoso nyalira anu nuhunkeun…” Barjo enyaan watekna gurat batu, pamadeganana teu bisa dirobah deui. Ngan sakilat, Barjo ngaheumbatkeun gobangna, nojo kana beuheung Santoso. Belentrang! Sora pakarang diadu. Manahoréng gobang Barjo ditangkis ku pedang anu dicepeng ku hiji wanoja geulis camperenik tanding widadari.

“Saha anjeun? Naha pipilueun kana urusan kuring?”

“Ki sana, anjeun teu meunang nandasa jalma anu geus teu walakaya. Kuring anu katelah Nyai Sukasari…”

“Nyai Sukasari?”

“Bener, kuring moal ngantepkeun anjeun nuluykeun lampah anu sakitu codéka!”

“Ha ha ha…! Marukana kuring sieun, Sukasari! Najan anjeun kakoncara hiji wanoja anu luhung, tapi kuring moal mundur sasiku, moal ngejat satunjang béas!” réngsé nyarita, séak Barjo narajang Sukasari. Mungguhing wanoja anu mibanda kasaktian linuhung, Sukasari ukur ngagiwar ka kénca bari ngaheumbatkeun pedangna. Belentrang, koléang, gobang Barjo mecleng.

Dina kaayaan kitu, Santoso ngumpulkeun sésa kakuatanana bari cengkat. Sabot Barjo balangah, beretek deui baé lumpat, ninggalkeun Barjo. Ari Barjo masih kénéh campuh adu bégalan pati jeung Nyai Sukasari.



DINA hiji kaempetan, peureup Nyai Sukasari nenggel pisan kana hulu angen Barjo. Getih beureum, ka luar tina biwir Barjo.

“Sok, lamun masih kénéh aya kawani, maju deui!” kitu ceuk Nyai sukasari.

Barjo teu némbalan, da rumasa katétér jajatén. Euweuh deui pilihan, iwal ti ngejat ninggalkeun pakalangan.

Kacaturkeun Santoso anu keur apruk-aprukan, nyingkahan adina. Léngkahna ngadadak eureun, lantaran aya nu ngolébat bari tuluy ngabedega di hareupeunana.

“Nyai… Nyai Sukasari…!” pokna Santoso semu anu cangcaya kana téténjoanana.

“Bener pisan, kuring Nyai Sukasari. Ku ayana kitu, anjeun teu kudu ngarasa salempang,” témbal Nyai Sukasari bari ngaléngkah, muru ka lebah Santoso.

“Nyai, nuhun pisan kana pitulung nyai. Cacak lamun teu aya nyai…”

“Teu kudu kaleuleuwihi, Kang Santoso! Sabenerna aya sawatara perkara anu kudu ditepikeum ka anjeun!” pokna.

“Ké, ké, naha ieu téh mani asa ku rareuwas pisan. Sumangga, Nyai, naon anu badé didugikeun téh?”

“Kuring rék nyaritakeun perkara Mustika Ponggang Rumangiang anu ngancik di kadal meteng!”

Ngadéngé caritaan Nyai Sukasari, puguh baé Santoso ngaranjug, tapi teu kungsi kedal ucap nanaon.

“Anjeun teu kudu ngaranjug, sabab kuring geus apal kana pamaksudan anjeun jeung adi anjeun. Sabenerna, mustika Ponggang Rumangiang ukur bisa kacangking ku hiji wanoja anu geus rarabi. Lamun ku anjeun atawa adi anjeun mah, éta mustika téh moal kapanggih nepi ka iraha ogé…”

Sakedapan Santoso ngahuleng ngaraga meneng. Tapi teu lila, pok nyarita, “Lamun kitu mah, tangtu Nyai pisan anu baris nyangking éta mustika téh…” pokna Santoso.

“Mémang bener, kuring sanggup neuleuman kadal meteng kalayan manggihan mustika Ponggang Rumangiang. Tapi…” teu kebat nyaritana.

“Tapi? Tapi kumaha, nyai?”

“Hanjakal pisan kuring tacan rarabi…”

“Sarat anu kalintang gampilna éta mah, nyai. Apan nyai téh sakitu camperenikna. Pamohalan upama teu aya lalaki anu kataji ku nyai…”

“Mémang anu hayangeun ka kuring mah loba. Tapi kuring kudu jatukrami jeung hiji jajaka tulén, teu meunang jajaka akon-akon. Anjeun ogé pasti apal, jaman kiwari mah kacida banggana néangan jajaka anu enya-enya jajaka téh…” kitu pokna bari neuteup seukeut ka Santoso.

Santoso ngahuleng ngaragameneng. Ras inget ka dirina anu geus rarabi, malah geus boga turunan. Teu lila, Santoso imut, lantaran inget ka adina anu tacan rarabi jeung tacan kungsi heuheureuyan jeung wanoja.

“Nyai Sukasari, upama nyai moal bendu, kuring bisa nuduhkeun hiji jajaka anu enyaan masih kénéh jajaka,” kitu ceuk Santoso.

“Saha jeung urang mana?”

“Adi kuring, Nyai, Ki Barjo, anu tadi rék nandasa kuring…” témbal Santoso. Puguh baé Nyai Sukasari ngaranjug.

“Sabenerna kuring teu kataji ku adi anjeun. Tapi lamun pusaka Ponggang Rumangiang henteu buru-buru kacangking, kuring hariwang sieun kapanggih ku jalma anu mibanda niat codéka ka sasama manusa…” pokna Nyai Sukasari.

“Nuhun, nyai. Ayeuna kénéh kuring rék nyusul adi kuring…” ceuk Santoso pinuh kayakinan. Manéhna boga harepan, susuganan adina bisa éling.

“Ari anjeun teu sieun dirogahala ku adi anjeun?”

“Rupina kuring satékah polah bakal mépélingan adi kuring…”

“Hadé lamun kitu mah. Bral, anjeun geura miang. Bawa adi anjeun ka dieu!”

Teu loba carita deui, Santoso ninggalkeun Nyai Sukasari, seja maluruh laratan Barjo. Méh sapoé jeput, Santoso apruk-aprukan, tapi kakara kapaluruh mangsa wanci sariak layung. Barang srog, paamprok, katara Barjo semu anu bungah naker. Demi Santoso tetep waspada, bisi adina ngabongohan.

“Kang Santoso, sukur lamun akang nyampeurkeun kuring. Sigana ayeuna mah akang geus sadrah pikeun diteukteuk beuheung téa nya…”

“Duh… ki adi, cik atuh geura éling! Nanaonan ieu téh?” témbal Santoso bangun ngalengis, ménta dipikarunya ku adina.

“Sakali deui, abdi mah seja nohonan kapalay Kang Santoso anu hoyong ditenget beuheung!” pokna Barjo tandes.

“Ki adi, sabenerna akang datang ka dieu téh seja nepikeun béja anu pikabungaheun…”

“Béja naon téa, Kang Santoso?”

“Ki adi baris dikawinkeun ka Nyai Sukasari. Sabab éta téh minangka sarat pikeun nyangking Mustika Ponggang Rumangiang…” pokna Santoso.

“Ha ha ha…! Kuring mah teu percaya, Kang Santoso! Pikeun kuring, taya deui béja anu pikabungaheun iwal ti Kang Santoso sadrah…”
”Barjo! Anjeun téh adi kuring! Naha mani henteu ngajénan pisan ka nu jadi lanceuk!”

“Apan ieu ogé demi ngajénan ka Kang Santoso. Sakali deui, anu nuhunkeun diteukteuk beuheung téh apan Kang Santoso. Nya… kuring seja tumut kana pamundut nu jadi lanceuk…”

“Nya ari kitu mah, taya deui jalan iwal ti nyorang jalan pamungkas…”

“Kumaha maksad Kang Santoso?”

“Lamun ki adi geus teu bisa diélingan, hayu urang balitungan baé di dieu!”

“Ari kedahna mah ulah balitungan sagala, da éta mah henteu kalebet jangji akang. Tapi ari Kang Santoso anu ngajak balitungan, piraku abdi kedah mundur. Ieu ogé seja nohonan kapalay Kang Santoso. Hayu urang balitungan!”

Teu antaparah deui, Barjo nyebrut bari ngabarkeun gobangna. Santoso ngagiwar bari malik narajang. Der, balitungan, adu bégalan pati kalayan campuh naker (isuk jaganing géto, ieu patempatan téh baris dingaranan Cibitung). Sanajan Santoso nyiar tarékah pikeun nalukkeun adina, tapi bubuhan Barjo mah ditumpangan ku dedemit, antukna Santoso ampir katétér jajatén, méh teu walakaya ngayonan amarah adina. Dina kaayaan sarupa kitu, taya deui jalan pikeun Santoso iwal ti lunta nyingkahan pibahlaeun. Jleng, jorélat, Santoso ninggalkeun pakalangan. Barjo teu éléh géléng, kolébat, séak, ngudag Santoso.

Méh babarengan, duanana anjog ka handapeun tangkal ki hujan. Santoso ngaranjug, sabab éta patempatan téh tétéla Sampih téa. Tempat basa Santoso jeung Barjo mimiti reureuh tur nyorang alam peuting. Tempat Santoso nyorang impian anu sakitu ahéngna. Ras Santoso kana impianana, ngadadak muringkak bulu punduk. Rét, ka lebah Barjo anu ngaléngkah bari ngabar-ngabar gobang, rék neukteuk beuheungna.

“Kang Santoso, ayeuna mah moal aya kasempetan ngejat deui. Wayahna, beuheung Kang Santoso baris diteukteuk ayeuna kénéh!”

“Ki Adi, lamun mémang teu bisa dihalangan deui mah, pék geura sorang sakur anu dipikahayang. Ayeuna akang sadrah, moal lunta deui. Tapi…”

“Naon deui, Kang Santoso? Pék, geura kedalkeun, bilih aya kapanasaran mah, meungpeung ieu gobang tacan nigas beuheung akang…”

“Ki Adi, pangnepikeun sembah sujud akang ka indung bapa urang. Béjakeun, hampura akang, anu tacan bisa mulangkeun kanyaah nu…” teu kebat nyaritana, sabab gobang Barjo kaburu ngolébat, nigas beuheung Santoso. Harita kénéh, Santoso ngemasing pati. Bareng jeung éta, dedemit nu ngancik dina dada Barjo mani ocrak. Geus kitu mah, dedemit téh hiber bari nyikikik matak muringkak bulu punduk.

“Kang Santoso…! Kang Santoso…! Duh… naha ieu téh jadi kieu? Hampura abdi, Kang Santoso…” Barjo kakara éling kana naon rupa anu geus dipilampah ku dirina. Rasa kaduhung ngalimpudan dina satungkebing dada. Tina kaduhung, brasna nyalahkeun diri sorangan. Sabot kitu, teu kanyahoan Nyai Sukasari geus ngabedega hareupeun Barjo.

“Dasar anjeun mah jalma anu taya ras-rasan! Lanceuk anjeun anu sakitu béla ka anjeun, kalah dipergasa!” pokna Nyai Sukasari.

“Duh… hampura, nyai. Duka kumaha, kuring ogé teu ngarti…” Barjo ngagabrug layon Santoso, tuluy diceungceurikan. Ningali kaayaan kitu mah, Nyai Sukasari mimiti léah.

“Barjo, sukur lamun anjeun ngarasa kaduhung mah, tandana anjeun geus sadar kana ketak anu geus dipilampah. Mimiti ayeuna, anjeun kudu ngubur tapak, kalayan jangji moal ngalakukeun deui perkara anu sarupa kitu…”

“Duh… Nyai, tobaaaat…!” cimata Barjo bedah maseuhan pipina, ngeclak kana layon Santoso.

“Lamun kitu, hayu urang kurebkeun ieu layon lanceuk anjeun. Sanggeus kitu, kuring rék ngajak babadamian ngeunaan mustika Ponggang Rumangiang…” pokna Nyai Sukasari.

Barjo cengkat. Kop kana gobang anu saméméhna dipaké nigas Santoso.

“Kang Santoso… hampura abdi…” kituna téh bari nyabetkeun gobangna, nigas beuheungna sorangan. Barjo ogé paragat nyawa. Layonna patunjang-tunjang. Puguh baé Nyai Sukasari ngaranjug, tapi teu kungsi bisa nyieun ketak nanaon, da kajadianana ukur dina waktu sakédét nétra.

“Barjoooo….!” Nyai Sukasari ukur bisa ngajerit bari meungpeun.***



Ranggon Panyileukan, 20 Syafar 1427 Hijriyah



Dimuat nyambung di Majalah Seni Budaya No. 173, Maret 2006 jeung No. 174, April 2006

Tidak ada komentar: