28 Oktober 2009

Saragam Ahérat

Ku DHIPA GALUH PURBA



“Bulan puasa bener-bener bulan anu pinuh barokah…” Jang Enjo ngomong sorangan, malah bari kakawihan sagala rupa. Euweuh kaéra pisan, ngawih bari ngajalankeun motor. Untung teu bari igel-igelan ogé.

Paroman Jang Enjo katara mani hégar marahmay. Pantes ari kituna mah, kawantu tos narik muatan ti Simpar. Tapi lain pédah anu ditarikna aéwé rancunit atawa randa béngsrat. Ieu mah perkara ongkosna, anu kadi dua tikel, lantaran manéhna ngajalankeun hiji ilapat anu katampa peuting mangkukna, basa keur ngahuleng di Pasir Haur.

Geus aya kana dua poéna Jang Enjo meunang bati mucekil tina ladang ngojég. Unggal aya muatan anu numpak ojégna, pasti sok mayar dua tikel, malah aya kalana tilu nepi ka opat tikel. Nepi ka antukna mah di Pangkalan ojég Cigorowék jadi geus sabiwir hiji, Jang Enjo digosipkeun kawin ka Nyi Roro Kidul. Sigana mah dumasar kana kaayaan Jang enjo, anu ngaduda geus aya kana opat taunna.

Awahing ku panasaran, antukna mah sakabéh tukang ojég sapuk pikeun ngayakeun panalungtikan ka Jang Enjo. Si Béyong kapilih jadi tim utamana. Hiji tukang ojég anu geus katelah tukang asruk-asrukan ka nu bala. Béjana mah kungsi galungan jeung Buta Héjo, anu ngajirim jadi sireum.

*

“Kumaha hasil panalungtikan Badan Intelejen Ojég téh?” Mang Darta anu pangheulana nanya téh.

“Bérés,” témbal Si Béyong.

“Di mana masang susukna?” Mang Uhro nyelengkeung.

“Susuk nanahaon. Déngékeun heula matakna!” Si Béyong rada muncereng. Puguh baé saréréa ogé ngadadak jempling, hayang geura ngadéngékeun laporan Si Béyong.

“Kieu dulur-dulur. Anu jadi sabab musabab pangna muatan ojég Si Enjo sok méré duit gedé téh taya lian…”

“Maké jangjawokan…”

“Jajangjawokan tai pedut siah! Si Among mah ukur maké saragam ahérat,”

“Saragam ahérat kumaha?”

“Dasar belegug! Sok cirikeun ku saréréa, lamun Si Enjo keur ngojég, manéhna mah tara leupas ti maké kopéah jeung nyoléndangkeun sarung. Jadi sigana mah hal éta pisan anu ngalantarankeun timbul rasa simpatik ti muatan nurutkeun ilmu pisioterapi. Oleh sebab itu…” kituna téh Si Béyong bari pepeta sagala, hayang kapuji ku Néng Lina anu kabeneran ngaliwat.

*

Teu diisuk pagétokeun deui, sakabéh tukang ojég Cigorowék jadi maralih warna. Maraké kopéah jeung nyoléndangkeun sarung, siga Si Unyil. Jaba mani paalus-alus deuih kopéah jeung sarungna ogé. Si Bontot anu di imahna teu bogaeun kopéah, mani ngahajakeun ngiridit ka Mang Engkos. Jaba milih kopéah haji anu rupana bodas, dipulas héjo.

Bener pisan, sanggeus maraké kopéah mah, muatan téh sok méré ongkos paleuleuwih. Malah aya anu sok nawaran dahar sagala, lamun geus manjing buka puasa. Tapi can kungsi, ari aya anu nawaran kawin ka budak parawanna mah. Atuh puguh beuki ‘nyalantri’ baé, hayang kapuji ku muatan. Ojég Cigorowék geus kakoncara. Lamun aya anu mawa motor maké kopeah, bisa dipastikeun eta téh ojég Cigorowék. Hanjakal pisan, lamun Ulis Kowi jeung Lurah Ukar mawa motor, ayeuna mah sok dibuka heula kopéahna. Pangpangna mah Lurah Ukar téh béjana kungsi aya nu nyarékan, alatan teu eureun basa aya muatan anu megat motorna.

Wanci haneut moyan, hiji muatan ngaronghéap ka pangkalan ojég. Kawasna tamu ti kota. Sabab pakéanna ogé kawilang ginding. Si Béyong mani pahibut ngabagéakeun.

“Asalammua’alaikum, mangga Pa naék ojég abdi,” ceuk si Béyong bari nyelah motorna.

“Ka Garahang nya, bumina Néng Yuyu Liani,” kitu ceuk muatan bari kéclak naék. Geuleuyeung motor dipajukeun ku Si Béyong. Teu loba tatanya Si Béyong ogé, kawantu geus pada apal ka Néng Yuyu mah, mojang lenjang anu jadi béntang lembur Garahang. Pada harayang jeung pada marebutkeun. Méh satata jeung Néng Lina, béntangna lembur Cigorowék.

Anjog ka buruan imah Neng Yuyu, motor dierém. Jrut muatan turun bari ngasongkeun duit sarébu pérak. Puguh baé tarang Si Béyong rada kerung.

“Kirang, Pa,” pokna.

“Minggon kamari ogé numpak ojég, apan sakitu ongkosna,” témbal muatan.

“Apan dikopeah, Pa,” ceuk Si Béyong bari nunjuk kana sirahna, nembongkeun kopéah bodas anu rupana kuleuheu, kawantu can kungsi manggih cai saprak meunang meuli. Meunang sajongjongan mah muatan téh ngahuleng, tapi tuluy méngpéos bari malangkeun curuk kana tarangna.

“Goblog, bangkawarah pisan muatan téh!” si Among kukulutus sorangan bari malikeun motor. Teu kanyahoan dihareupeunna geus ngajanteng Si Tiktik, budak olo lého.

“Teu kenging nyalios kitu, A. Teu saé éta téh,” pokna, kalayan aya nu ngeclak tina irungna.

“Kuma aing wéh atuh bebenyit! Jeung barina ogé maké pipilueun kana urusan aing manéh téh, pira ogé budak satepak!” Si Béyong morongos, kawasna ngarasa kasigeung.

“Apan dikopeah…” pokna deui, bari angger tanggah, neuteup Si Béyong anu katara rada samar polah.

***

Galuh Taruna, 1 Ramadhan 1421 H

Ieu seratan aya dina rubrik “Heureuy Bandung” Galamedia,desember 2003

Tidak ada komentar: