28 Oktober 2009

Palakiah Eureun Udud

Ku DHIPA GALUH PURBA



Bulan puasa taun ayeuna mah, Jang Isud geus buleud patékadanana. Sanajan manggih gogoda anu rohaka ogé, manéhna kedal jangji moal nepi ka batal puasa. Teuing aya patula-patalina jeung Néng Wida, atawa mémang Jang Isud téh geus maju ka bener. Malah nurutkeun pangakuanna mah, pangna taun kamari ‘tamat teu puasa’ téh, lain ku nanaon. Ukur teu kuat nahan hayang ngaroko wungkul. Sakumaha katerangan Néng Wida, ari kana barang dahar mah Jang Isud téh da tara pati teuing (ari keur euweuh mah). Contona, basa poé mangkukna nganjang ka imah Néng Wida, Jang Isud ukur ngaregot cai orson wungkul. Padahal harita téh disuguhan buah apel, kuéh, jeung…bata. Maklum kolotna Néng Wida téh apan Bos matrial di wewengkon Sari Indah.

Teu pati béda jeung Mang Winta, ari perkara ngaroko mah. Tadi peuting ogé, Mang Winta mah geus dibawa ka rumah sakit. Apan éta téh mimitina mah alatan ngaroko. Ari puasa hayang, tapi jurig roko ngagoda. Tungtungna mah Mang Winta adug lajer dina kasur, bari ngagesekan biwirna ku leungeun. Beuki lila, beuki tarik, nepi ka antukna mah biwir Mang Winta jeding. Puguh baé reuwas kareureuhnakeun. Pangpangna mah, basa dur magrib téh Mang Winta teu bisa dahar-dahar acan. Boro-boro nepi ka bisa ngaroko.

Si Among mah geus teu kudu dicaturkeun deui. Basa maleman munggah téh, teu sirikna nyerebung kawas karéta api. Malah béjana nepi ka waktuna imsak ogé, Si Among can eureun ngaroko. Ari dahar mah sigana téh poho baé. Dur subuh, can seubeuh kénéh ngarokona. Antukna bako sabungkus téh dihuapkeun jeung pahpir-pahpirna. Puguh baé adug lajerna mah. Nasibna ogé teu pati béda jeung Mang Winta. Tapi ari perkara Kadus Ukar mah, lebeng can aya nu nyahoeun. Béjana mah sarua anu jadi cukang lantaranna téh roko. Teuing kumaha mimitina, Kadus Ukar nepi ka sirahna ngajarendol sagedé endog hayam. Asa kurang nyambung puguh ogé. Tapi da keukeuh, ceuk Bi Kadus ogé, Kadus Ukar téh cilaka alatan roko.

“Matak ogé, kudu dieureunan ngaroko téh. Bahaya…” ceuk Jang Isud, basa keur ngalongok Kadus Ukar.

“Gampang ari nyarita mah. Tapi palebah prak-prakanana anu hésé téh. Kawas teu karasa baé,” Si Among rada muncereng. Hayang kapuji ku Néng Lina kawasna téh.

“Da uing mah Alhamdulillah, geus teu beuki ngaroko,” Jang Isud nyarita deui.

“Kumaha tah carana, nepi ka bisa eureun udud?” Mang Icon rada curinghak.

“Gampil pisan, Mang. Ngarah teu hayang ngaroko, mémang perelu diakalan. Ari uing mah carana téh kieu: Unggal hayang ngaroko, sok diselapkeun heula rokona kana kélék. Puguh baé roko téh jadi bau. Antukna uing jadi teu hayang ngaroko,”

“Meunang sabaraha jirangan tah, silaing nyelapkeun udud kana kélék?” Mang Icon semu anu panasaran.

“Ah, kakara lima batang ogé, Alhamdulillah uing mah geus kapok. Teu hayang ngaroko deui nepi ka ayeuna,”

“Alus ogé ana kitu mah. Cik ah, Emang ogé hayang nyobaan. Tapi ari nyelapkeun udud kana kélék, matak ngabatalkeun puasa?” kituna téh bari ngareret ka Ustad Otong.

“Nya moal atuh. Kajaba lamun rokona tuluy dihuapkeun,” témbal Ustad Otong.

“Iiih…gila-gila acan…” meh bareng, tingbirigidig bari nutupan biwir ku leungeun. Malah Mang Icon mah tuluy ngejat ka luar. Muru ka imahna, anu teu pati jauh ti Mang Kadus.

Kakara ogé asup ka patengahan, panon Mang Icon mani geus manco kana méja. Aya kénéh roko sésa saur, lima batang deui mah. Mangkaning roko kéréték, paméré ti incuna. Geus kabayang baé nikmatna, upama harita éta roko diseungeut. Tapi Mang Icon satékah polah nahan kahayangna. Nepi ka antukna mah inget kana omongan Jang Isud. Belenyeh, seuri sorangan, bari ngaléngkah ka deukeut meja. Kop kana roko sabatang. Tuluy diselapkeun kana kélékna. Sanggeus rada lila, roko téh diambeuan. Belewer, dibalangkeun.

“Enyaan, jadi geuleuh ngarokona ogé…” gerentes Mang Icon. Kituna téh bari kop deui, kana roko. Tuluy diselapkeun kana kélék. Diambeuan. Tuluy dibalangkeun. Kitu jeung kitu baé, nepi ka roko dina méja téh, teu nyésa hiji-hiji acan.

Teuing élmu Jang Isud anu matih, atawa mémang kélék Mang Icon anu bau kabina-bina. Écésna mah, Mang Icon geus tara katingali ngaroko deui. Suksés pisan, hayang euereun ngaroko ti keur jaman lalagasan téh. Nepi ka Mang Icon ngahajakeun néangan Jang Isud, pikeun nganuhunkeun kana sagala rupa papagahna.

“Nuhuuun Ujang. Ku jasana Ujang, ayeuna mah Emang téh geus teu beuki udud…” kitu pokna Mang Icon, basa kabeneran panggih jeung Jang Isud di Babakan Sopia.

“Sukur pisan atuh, Mang. Sugan baé satuluyna teu hayang ngaroko-ngaroko deui…”

“Sigana mah nepi ka iraha ogé, Emang moal ngambeu deui haseup udud,” kituna téh bari ngaluarkeun roko kréték tina jero pesakna. Puguh baé, meunang sakedapan mah Jang Isud molohok mata simeuteun.

“Ké, ké, ké…naha Emang téh kawas nu lieur? Ongkoh bieu nyarita, geus tara ngaroko? Geuning éta ngaluarkeun roko?” Jang Isud tumanya, bari tarangna beuki kerung baé.



“Sing wani kabéntar gelap tah, mémang geus tara udud. Tapi Emang téh, ayeuna kacanduan nyelapkeun udud kana kélék. Pokona mah, lamun teu nyelapkeun udud téh, mani sok asa gararéték.” Témbalna kalem naker. Tuluy roko téh diselapkeun kana kélék. Teu maliré kaayaan Jang Isud, anu méh ngajungkel awahing ku reuwas.***

(Kailhaman sabada ngawangkong jeung Ahmad Gibson Al-Bustomi, 1423 H)

Dilebetkeun kana rubrik “Heureuy Bandung” HU. GALAMEDIA, taun 2003

Tidak ada komentar: