28 Oktober 2009

Tangkuban Parahu

Ku DHIPA GALUH PURBA



DI Tatar Parahyangan ngadeg hiji karajaan anu subur makmur kerta raharja, keceluk ka kadang éwu, kakoncara ka janaperia. Éstuning gemah ripah loh jinawi téh sanés saukur mamanis. Demi anu janten papayung agungna taya sanés Prabu Sungging Perbangkara, hiji prabu nu gaduh kalanggenan moro sabangsaning sasatoan leuweung. Saban kangjeng prabu moro, sok disarengan ku anjing kukutanana anu satia, katelahna si Tumang.

Sakali waktos, basa Kanjeng Prabu nuju moro, dadak sakala sasatoan lir anu tilem, taya hiji-hiji acan. Padahal Kanjeng Prabu hoyong kénging uncal. Tangtos baé hanjeluna mah. Namung dina kaayaan kuciwa, Kanjeng Prabu ngaranjug kalayan reuwas kareureuhnakeun. Pangna kitu, si Tumang nuduhkeun hiji orok istri anu ngagolér dina amparan jukut.

Kawitna mémang reuwas. Namung sabada ningal orok nu sakitu lucuna, manah Kanjeng Prabu janten dilimpudan ku rasa bingah. Tangtos ana kituna mah, kumargi salami éta Kanjeng Prabu teu acan dikersakeun kagungan putra istri. Singketna carios, éta orok téh dirorok, diangken putra nyalira, kalayan dinamian Putri Dayang Sumbi.

Lumangsungna mangsa nu nyérélék kalawan ébréh, teu karaos nganteurkeun tangtungan Dayang Sumbi dugi ka ngajénggélék jadi hiji putri nu méh manjing sawawa. Geulis kawanti, éndah kabina-bina, kalayan dirojong ku pinter sareng singer. Hanjakalna Dayang Sumbi rada ogo, sanaos henteu kaleuleuwihi. Prah baé minangka hiji istri anu nuju mangkat déwasa.

Dina hiji waktos, Dayang Sumbi nuju ninun di tepas karaton. Rupina Dayang Sumbi capé ngaraos leuleus. Toropang (paranti ngagolongan bola) murag. Kumargi leuleus téa, Dayang Sumbi ngaraos wegah kanggo nyandak. Dayang Sumbi kalah jangji dina lebeting manahna, sing saha baé nu kersa mangnyandakkeun gulungan téa, mangka anjeunna baris jadi carogéna.

Teu lami, si Tumang mucunghul. Kumargi anjing anu tos kalatih téa, si Tumang hideng mangnyandakkeun toropong, ku cara digégél. Tangtos baé Dayang Sumbi henteu jalir kana jangji, henteu cidra kana kanyataan. Dayang Sumbi nikah sareng si Tumang.

Dayang Sumbi anu nyorang rumah tangga sareng si Tumang, antukna dipaparin putra pameget nu kasép bawana ngajadi. Demi éta putrana téh dinamian Sangkuriang. Iwal ti hadé gogog, hadé tagog téh, Sangkuriang katelah minangka hiji murangkalih anu calakan tur lébar wawanén.

Kalangenan Sangkuriang ogé taya sanés moro sasatoan. Teu bénten sareng kanjeng Prabu, Sangkuring sok disarengan ku si Tumang. Hanjakal pisan, dina hiji mangsa Sangkuriang ngaraos handeueul kumargi henteu beubeunangan. Mangkaning tos kedal jangji ka Dayang Sumbi, baris ngintun daging uncal. Antukna Sangkuriang kapoékan tug dugi ka maéhan si Tumang. Haténa dikeureut, saterasna disanggakeun ka Dayang Sumbi.

Tangtos baé Dayangsumbi ngaraos bendu, basa tos uninga sagala rupina. Antukna Dayangsumbi ogé kapoékan manah, amarahna muncak dugi ka nakol mastaka Sangkuriang ku céntong. Ti harita, Sangkuriang ngejat tur lunta ngantunkeun Dayang Sumbi.

Sabada Sangkuriang lunta mah, Dayangsumbi nembé sadar kalayan ngaraos kaduhung. Dayang Sumbi neneda ka ka Hyang Tunggal, supados ditepangkeun deui sareng putrana. Ari anu dipikasonona mah nuju apruk-aprukan, ngumbara ka alak paul, ngalap rupaning paélmuan. Sangkuriang ngajénggélék jadi hiji nonoman nu jangkung luhur, simbar dada. Kasakténna méh taya nu ngungkulan. Sabangsaning siluman taluk ka Sangkuriang, kalebet siluman sakti manggulang-mangguling nu katelah Guriang Tujuh.

Di satengahing lalampahanana, cunduk waktu ninggang mangsa, Sangkuriang patepung lawung sareng Dayang Sumbi. Hanjakal pisan Sangkuriang henteu uningaeun yén Dayang Sumbi téh ibuna, margi kapisahkeun ku waktos nu sakitu lamina. Iwal ti éta, basa Sangkuriang ditakol ku céntong, ngadadak ilang émutanana.

Sangkuriang katarik ati kapentang asmara ku Dayang Sumbi. Ngawitanna mah Dayang Sumbi ogé sami kaeuteupan ku rasa cinta ka Sangkuriang. Namung saparantos sadar kana kaayaan nu saleresna, Dayang Sumbi satékah polah nyadarkeun putrana, da tos yakin yén Sangkuriang téh mémang putrana. Pangna kitu, Dayang Sumbi mendakan tilas raheut dina mastaka Sangkuriang.

Sangkuriang henteu percanten ka Dayang Sumbi. Sangkuriang neugtreug hoyong nikah sareng Dayang Sumbi. Antukna Dayang Sumbi nyiar tarékah pikeun mugagkeun kahoyong Sangkuriang. Dayang Sumbi ngajukeun dua sarat ka Sangkuriang, nyatana Sangkuriang kedah ngadamel parahu nu ukuranana badag. Sarat kaduana, Sangkuriang kedah ngabendung sanghyang tikoro, ngadamel talaga pikeun lalayaran. Demi midamelna kedah anggeus sawengi, sateuacan medal balébat.

Bubuhan lalaki langit lalanang jagat, Sangkuriang henteu gimir ku pasaratan Dayang Sumbi. Sangkuriang nyanggeman, kalayan dina wengi éta ngeprik wadia baladna, siluman nu diluluguan ku Guriang Tujuh. Kai badag pikeun bahan parahu, diala ti hiji leuweung anu isuk jaganing géto baris katelah Gunung Bukit Tunggul. Rangrang, dahan, diala ti hiji pasir nu isuk jaganing géto baris katelah Gunung Burangrang. Demi pikeun talaga, Sangkuriang ngabendung walungan Citarum.

Sangkuriang méh baé ngaréngsékeun padamelanana. Tangtos baé Dayangsumbi neneda ka Sang Hyang Tunggal sangkan mugagkeun padamelan Sangkuriang. Iwal ti neneda ka Hyang Tunggal, Dayang Sumbi ogé nyiar tarékah sanés. Dayang Sumbi ngabébérkeun cindé wulung, anu ngalantarankeun hayam kongkorongok. Cindé wulung katingalna siga balébat.

Barang ngareungeu sora kongkorongok, siluman-siluman pahibut ngejat ninggalkeun hanca pagawéanana, margi sieun ku cahya pajar. Amarah Sangkuriang muncak, parahu ditajong satakerna. Bluk, nangkub, ngajénggélék jadi Gunung Tangkubanparahu. Demi walungan Citarum anu tos kadung dibendung, ahirna jadi Talaga Bandung.***



Ranggon Panyileukan, 2 Jumadil Akhir 1426 Hijriah

Tidak ada komentar: