28 Oktober 2009

Ratna Inten Déwata

Ku ROCHAJAT HARUN



Seueur nu boga anggapan yén carios Ratna Inten Déwata téh mung saukur dongéng atawa légénda, sabab taya buktos nu pasti atanapi data émpiris nu leres-leres tiasa dipercanten. Sanaos kitu, carios Ratna Inten Déwata masih tetep mangngrupi dongéng karuhun nu masih sumebar tur kapiara di masyarakat Tarogong Garut, sarta jadi lalakon sasakala karuhunna karajaan Timbanganten.

Taun 50-an, kantos ngahaja ngadongkapan ka sababaraha situs nu dianggap patilasan karajaan Timbanganten. Diantawisna lokasi Korobokan, Cipanas, sareng Gunung Putri. Hanjakalna, maksad ngajugjug ka puncak gunung Guntur mah teu kalaksanakeun, jalaran kaayaan kaamanan waktos harita pikarisieun ku mahabuna gorombolan.

Waktos ngajugjug ka lokasi Korobokan teu tebih ti kacamatan Tarogong kiwari, taun 50-an mah masih kénéh seueur gundukan batu. Katingal pabalatakna gundukan batu, sapertos patilasan bangunan heubeul. Sabudeureunnana seueur tangkal kai, sarupaning tatangkalan anu arageung pacampur jeung eurih. Ogé aya sababaraha kuburan lami anu teu kapiara, patingsoléngkrah. Éta lokasi téh aya dina pasir luhur bukit alit. Leumpang ka punclutna téh nanjak.

Cenah di éta lokasi téh aya diprédiksi mangrupi patilasan karajaan Timbanganten. Nanging upami urang kadinya ayeuna mah, éta situs téh tos moal katingali deui. Nu aya mah seueur bangunan énggal, siga bangunan sakola sareng bumi mani pasesedek. Teu kapendak deui gundukan-gundukan batu nu kapungkur kungsi dianggap patilasan karajaan Timbanganten.

Di puncak gunung Putri, mun urang nyawang ka palih wétan sareng kidul, plung-plong titingalian matak waas. Palih wétan, katingal atra pamandian Cipanas, rada tebihan wetaneunana bréh kacamatan Tarogong. Palih kidul rada tebih, masih écés bumi-bumi, wangunan, sareng masjid Agung Garut. Pantes, sareng kasawang ieu tempat téh taya sanes dalah situs patilasan Kangjeng Ratu Inten Déwata nu kantos ngababakan di ieu tempat.

Karajaan Timbanganten téh kawitna puseur dayeuhna téh di Korobokan, lajeng ngalih ka Tarogong saparantosna Gunung Guntur bitu. Karajaan Timbanganten kalebet nagara madeg mandiri, hartina teu kaéréh/ kajajah ku nagara deungeun. Taneuhna subur, éstuning gemah ripah lohjinawi, murah sandang murah pangan, réa ketan-réa keton. Sepi ing paling towong rampog téh lain ukur babasan. Rajana katelah Rangga Lawé, hiji raja nu adil palamarta, gedé wibawa tur dipikacinta ku rahayatna.

Saleresna nu kedah nyekel kadali pamaréntahan téh sanes Rangga Lawé, tapi rakana nu kasebat Ratna Inten Déwata. Hiji istri geulis camperenik, salirana jangkung alit, mibanda pakulitan konéng, sarta ambutna hideung meles galing muntang bawana ngajadi. Tapi anjeunna teu hoyongeun nyepeng karajaan, kalah dipasrahkeun ka rayina, Rangga Lawé. Ari Rangga Lawé téh hiji jajaka nu dedeg sampé rupa hadé, rancingeus, pertentang tur parigel dina sawatara perkara.

Ceuk sakaol, sateucanna Rangga Lawé jeneng raja, nu nyepeng karajaan Timbanganten téh ramana, Rangga Raksa Nagara. Ti Prameswari Déwi Gandani, anjeunna kagungan dua putra. Nu cikal jenengannana Ratna Inten Déwata, ari rayina nya Rangga Lawé.

Basa raja sepuh badé tilar dunya, kantos mantenna kedal wasiat di hiji riungan, réhna mantenna bade masrahkeun karajaan Timbanganten ka putrana nu cikal, nyaéta Ratu Inten Déwata, margi kitu aturan buhun karuhunna. Nanging kalayan lantip, Putri Inten Déwata ngawaler, “Abdi parantos kedal ucap, seja ngalaksanakeun kereteg haté. Upami diparengkeun abdi panjang yuswa, sarta ama sareng ibu parantos teu aya, abdi hoyong nyirnakeun pikir, ngahenang-ngahening nyorangan ngababakan. Cindekna teu hoyong janten papayung agung pamaréntahan. Ku kituna, sanés nampik pangasih ama, bawiraos saé pasrahkeun baé ieu karajaan téh ka pun adi, Rangga Lawé. Kalintang pantesna upami pun adi jadi raja, hiji jajaka pertentang, gedé wawanen, percéka dina sagala rupa perkara…” kitu saur Inten Déwata, anu saterusna mah ramana ogé doa mun yén karajaan dipasrahkeun ka Rangga Lawé.

Heuleut sababaraha waktos, lajeng Ratu Inten Déwata angkat ka Gunung Kutu, nu kiwari disebat gunung Guntur, disarengan ku Ki Rambut Putih. Demi Ki Rambut Putih téh anu bumela ngaping ngajaring sang putri. Mangtaun-taun ngababakan di hiji tempat nu katelah Babakan Putri. Tempat nu kalintang pikabetaheun. Hawana seger. Tiis dingin paripurna. Rupaning kekembangan nyambuang sarareungit ngadalingding. Manuk-manuk récét disarada. Sora pancuran nu ngocor kana émpang matak nambahan betah tumaninah.

Hiji mangsa karajaan Timbanganten mayunan cocobi nu kalintang ageungna. Nyaéta halodo panjang entak-entakan, dugi ka masarakat karajaan Timbanganten tigerat kakirangan cai. Aya usulan ti para gegedén karajaan supados ngadamel bendungan cai, sumber caina nyandak atanapi ngabedol Babakan Putri nu waktos harita mangrupi padepokan Ratu Inten Déwata.

Kalayan teu ngémutkeun kumaha mamanahan sareng pamadegan ingkang raka, Rangga Lawé nyaluyuan pikeun ngabongkar Babakan Putri, nu caina baris dikocorkeun ka bendungan karajaan Timbanganten. Tempat anu dipikabetah ku Ratna Inten Déwata téh lajeng dibukbak, didamel tambak, teu tata pasini heula kanu kagunganana.

Ratna Inten Déwata kalintang benduna. Dadak dumadak langit angkeub nutup buana Timbanganten jeung sabudeureunana. Kawitna mah rahayat Timbanganten suka bungah. Angot Rangga Lawe mah, dikintenna hujan bakal turun, katurug-turug wangunan tambak cai tos badé rengse.

Tapi kasuka jeung kabungah harita kénéh sirna, sabab ngadak-ngadak taneuh oyag. Gunung Guntur bangun nu ngaguruh. Lini gedé mimiti ngigeungkeun bumi. Taneuh inggeung. Kilat patingburinyay. Bumi génjlong. Gunung Guntur ngabudalkeun batu. Patingjelegurna sora gelap dina ponclot Gunung Guntur beuki motah. Tatangkalan tingdorokdok raruntuh, pareunggas katebak angin nu tarik naker.

Geus kitu mah kakara rahayat Timbanganten ngarasa gimir. Bur-ber ka ditu kadieu. Pating jarerit, pating kocéak. Rangga Lawé kakara sadar, yén eta kajadian téh mangrupa bebendon ti déwa, duméh geus wangkelang bedegong ka nu jadi lanceuk. Cul anak pamajikan, Rangga Lawé seja milarian Ratna Inten Déwata, rék mundut pangaapunten. Mantenna moal sugema, upama teu amprok heula jeung nu jadi lanceuk.

Kersaning Hyang Widi, Rangga Lawé tepang jeung Ratna Inten Déwata. Kudupruk baé anjeunna nyuuh kana dampal sampéan Ratna Inten Déwata, bari nyarios dumareuda, ”Duh, ingkang raka, hapunten jisim abdi rumaos lepat. Ieu téh bebendon Hyang Widi ka jisim abdi, nu bedang wangkelang ka salira raka…”

Satutasna Ratna Inten Déwata ngahampura kana kalepatan Rangga Lawé, ngadak-ngadak lini téh eureun. Gunung Guntur teu ngutahkeun deui leutak panas. Batu gedé, batu leutik geus taya nu patingbelewer deui. Langit ngadak-ngadak lénglang, angin leler. Ciri Déwata nyakséni kana kabersihan haté Ratna Inten Déwata.

Ceuk sakaol, Ratna Inten Déwata sareng Ki Rambut Putih lajeng arangkat ka palih wétan, nu ditujuna nyaéta Gunung Talagabodas, maksad neraskeun ngasakeun tatapana. Sarta didinya pisan marantenna tarilem.

Ari Rangga Lawé mah angkat ka hiji tempat nu seueur kokocoran cai. Rangga Lawé ngababakan deui. Lila-lila éta babakan téh beuki ramé batan Korobokan kapungkur. Nepi ka kiwari babakan énggal téh katelah Tarogong. Korobokan nu kapungkur kantos janten pusat dayeuh Timbanganten, janten leuweung da teu dipirosea deui. Tapi ari ngaranna mah masih kénéh aya tug nepi ka ayeuna.

Mitutur catur kapungkur, Rangga Lawé nu dijenengkeun raja deui ku rahayat Tarogong, sabada bumén-bumén di dinya, tilem teu ngantunkeun tapak. Cipanas ayeuna jadi pamungpungan ti mana-mendi, mangrupa wewengkon pariwisata. Boh keur sukan-sukan, atawa ngadon tatamba, pangpangna caina matih pikeun nu katarajang kasakit kulit. Nya kitu deui Tarogong ayeuna leuwih ramé batan kampung Korobokan. Padahal saméméhna mah Korobokan téh puseur dayeuh karajaan Timbanganten. Tapi ayeuna mah ukur ngaran kampung. Tarogong mah beuki lila beuki ramé. Garut katelah jadi Kota Inten.



Garut, Séptémber Katompérnakeun, 2008.

Tidak ada komentar: