28 Oktober 2009

Joni Béca

Ku DHIPA GALUH PURBA



Ngaran Joni Béca geus kawentar pisan di sabudeureun pangkalan béca Cigorowék. Ngaran aslina mah Joni Margani, tapi bubuhan pagawéanana jadi tukang nambangan béca, nya tiharita ngaranana disaluyukeun jeung widang pagawéanana, Joni Béca. Nepi ka sohorna bisa nandingan Joni Iskandar atawa Joni Indo. Kawasna aya bahan pédah dedegan awakna anu sok disarebut jangkung pendék, alias jangkung saeutik, lolobana wéh pendék.

Joni béca bisa disebutkeun kuncén pangkalan béca Cigorowék. Malah ngakuna mah, saméméh aya lembur Cigorowék ogé, manéhna mah geus tiheula sok nambangan béca. Teuing bener, teuing henteu. Nu écésna mah lembur Cigorowék téh asalna mah leuweung anu rada gerot. Jadi hartina, anu ditarik ku Joni Béca harita mah, bisa jadi ukur sabangsaning lelembutan. Sanajan mémang ari bécana mah kaasup pangkolotna. Rada beda jeung béca-béca séjén. Katambah dina bécana mani ramé ku tulisan anu rada teu pati nyeni. Contona anu rada kaharti mah, aya tulisan ‘Cinta Tergusur’ jeung ‘ Sport Cokort’. Teuing nanahaon maksud anu écésna mah.

Dina raraga miéling poé Kamerdékaan Indonésia, mang lurah, mang RW, tur sakabeh pangurus desa, geus sapuk pikeun ngayakeun pasinggiri atraksi béca. Marebutkeun hadiah mangrupa hayam bangkok anu Bah Dinta. Nepi ka nelah jadi Hayam Dinta Cup. Ditambah ku hadiah ti Lurah Ukar, mangrupa batu ali anu cenah mah titinggal karuhunna jaman baheula. Béjana éta batu ali téh bisa dipaké keur kapentingan pulat-pélét jeung dugung-dagang.

Joni Béca kacida atoheunana basa pasanggiri atraksi béca geus dibéwarakeun. Teu sirikna langsung latihan jéjémpingan di lapang voli. Ban bécana diangkat sabeulah, jeduk neunggar tihang nét. Puguh wéh bécana tiguling, nindihan awakna. Tapi sanajan geus ngalaman cilaka ogé, Joni béca teu kapok-kapok. Malah ayeuna mah bécana ogé teu maké erém. Pajarkeun téh keur kapentingan latihan katapisan cenah. Matak ngahariwangkeun saréréa. Pangpangna mah lamun waktuna keur narik muatan. Atuda ngeureunkeun bécana ogé, kudu ngagajleng turun, bari sakilat nahan lajuna béca mani beberegéh. Teu anéh basa dina hiji mangsa mah, Joni Béca tibubuy kana solokan, sabab waktu ngagajleng tina béca, sukuna nincak cangkang cau.

Cunduk kana waktuna. Pasanggiri atraksi béca geus rek dimimitian. Ti rebun-rebun kénéh, Joni béca lajag-léjég bari teu eureun ngalepus. Leuheung basa lamun teu bari nyieun gambar téko mah (melak cangkéng). Batur-baturna ogé geus mimiti daratang. Lapang maén bal Cigorowék ngadadak jadi haneuteun. Béca ngajajar di sisi lapang. Tukang dagang ogé milu maréma.

Joni Béca beuki oper ékting. Nepi ka ampir sakabéh anu lalajo, panonna tamplok ka Joni Béca. Teu anéh lamun wartawan anu ngahaja diondang ku Lurah Ukar, harita ngadeukeutan Joni Béca pikeun ngawawancara.

“Apakah anda sudah siap beratraksi?” tanya wartawan.

“Oh, tentu saja. Sebab dari mangkuknyah, sayah melakukan latihan dalam kegelapan malam. Ditambah lagi, erém sayah tidak pakai béca. Maksudnya itu beliau, demi keberhasilan dalam mencapai atraksi demikian adanya,” témbalna rada pabaliut. Teuing alatan grogi, atawa mémang tacan lancar nyarita make basa malayu.

“Nanti saya akan memotret anda. Selamat berjuang!”

“Boléh sekali demikian. Namung, berapa sayah menebusnya jika semuanya telah berakhir?”

“Tidak usah bayar. Dan potretnya akan saya muat dalam media massa,”

“Terimakasih jika demikian adanya yaitu.” Ceuk Joni béca semu anu atoheun naker. Irungna mani rebéh-rebéh baé.

Hawar-hawar tina spéker, ngaran Joni Béca digeroan rada tarik. Minangka hiji tanda pikeun Joni Béca sangkan ngamimitian atraksi béca. Puguh wéh sakedapan mah Joni Béca rada reuwaseun. Kawasna teu nyangkaeun lamun manéhna kabagéan jadi pamilon nomber urut kahiji. Tapi kituna téh, manéhna henteu Baha. Ngan sakilat, ngagajleng kana sadel béca.

Joni Béca mimiti ngetrukeun sagala pangaweruhna ladang latihan salila tilu minggu. Tanagana dipuseurkeun kana leungeun jeung sukuna pikeun ngamimitian ngangkat ban béca sabeulah. Nu lalajo mani sarurak bari ayeuh-ayeuhan. Ngajadikeun Joni Béca beuki sumanget. Leuwih maceuh deui ngangkat ban béca. Hanjakalna ari ngangkat ban duanana mah teu bisaeun, sanajan geus ditarekahan sabisana ogé. Komo nepi ka ngangkat ban béca tiluanana mah.

Keur anteng Joni Béca ngurilingan lapang bari nyieun gaya-gaya anu araranéh dina mawa béca. Jeprét, Wartawan motrét. Bareng pisan jeung Joni Béca anu keur jémping. Dasar géhgéran pisan. Barang aya anu ngaburinyay téh, Joni Béca langssung ngalieuk ka lebah datangna blip. Atuh puguh bécana nyoloyong ka sisi, neunggar Nini Uti anu keur surak bari ajrag-ajragan.

Anu lalajo mani ramé nyurakan Joni. Beungeut Joni rupana ngadadak beureum. Kawasna mah ngarasa éra bin wirang. Nepi ka tungtungna mah, Joni ngaberetek lumpat ninggalkeun pakalangan. Cul baé, bécana mah, ninidihan awak Nini Uti. Cacak lamun teu ditulungan ku Cep Amran mah, Nini Uti téh biheung aya anu nulungan. Geus puguh deui ari Joni mah, apan kalah lumpat tipararétot, nyampeurkeun babaturan nambangan bécana.

“Lon, anteurkeun uing balik!” ceuk Joni ngagorowok. Padahal Si Mélon téh teu pati jauh anggangna. Kawasna mah pédah panon si Mélon keur manco ka tengah lapang bari diuk di sisi lapang.

“Kéla sakeudeung,” témbal si Mélon bari angger tacan cengkat tina diukna.

“Buru…!” Joni ngagorowok. Malah bari miheulaan ngaderegdeg muru ka lebah béca si Mélon anu diparkirkeun handapeun tangkal cau.

“Buru atuh, euy…!” Joni ngagorowok beuki tarik. Kituna téh bari kalacat naék kana pangdiukan béca. Ari gek diuk, ana goak téh Joni ngagorowok tarik naker. Kituna téh bari muringis, kalayan leungeunna nyekelan bujur. Horéng Joni kurang taliti, sabab béca si Mélon euweuh jokkan, kawantu jok-na dicoplokeun, dipaké diuk ku nu bogana. Puguh wéh bujurna nyeri kabina-bina, sabab bujur anu dirarancang ngadiukan nu empuk, kalah disampakeun beusi.

“Matakna, ari sagala téh kudu ati-ati geura,” ceuk Si Mélon bari ngajingjing jok bécana anu tatadi mula dipaké diuk ku manéhna. Ari Joni mah beuki tarik haharegunganna, malah maké jeung ceurik sagala rupa. Teuing awahing ku nyeri, atawa pédah diparelongkeun ku nu keur lalajo. Mangkaning Neng Lina mani panghareupna pisan nempokeun Joni. Pangpangna mah, Joni téh kakara poé mangkukna ngabudalkeun rasa ‘cinta’ ka Neng Lina. Leuheung lamun langsung ditarima, da ieu mah tanjakanana ogé, Joni kudu jadi pinunjul kahiji dina pasanggiri atraksi béca. ***



Bubat 212, 2001

Dimuat di Majalah Manglé No 1825, 24-30 Agustus 2001

Tidak ada komentar: