14 Oktober 2009

Ki Dalang jeung Wayangna

Panakawan
POHARA bingungna Ki Dalang basa manehna teu manggihan Semar katut palaputrana di jero kotak wayang. Padahal, geus cunduk kana waktu pikeun para panakawan naek kana panggung, ngahibur nu lalajo nu sawareh katingali geus narundutan.
“Bieu ge aya,” ceuk Ki Dulah, nu biasa mantuan neangan wayang nu dibutuhkan Ki Dalang. Sorana ngageter bakat ku sieun.
“Teangan deui atuh, da moal ka mamana. Bisi kaselap jeung para buta,” ceuk Ki Dalang teugeug, bari rada bolotot.
Ki Dulah mariksa deui wayang nu geus naranceb dina gebog, ditingali hiji-hiji, boh nu aya di beulah kenca, kitu deui nu beulah katuhu gebog cau. Tapi angger manehna teu manggihan boh Semar, Astrajingga, Da­wa­la, atawa Gareng.
Ki Dulah tuluy ngorehan deui eusi kotak wayang, saha nyaho manehna poho can ngaluarkeun. Ngan sakainget manehna, ti sore keneh ge Semar jeung palaputrana mah geus dikaluarkeun. Manehna ge apal yen Ki Dalang mah tara ngadagoan tengah peuting mun rek nampilkeun para panakawan teh.
Sakabeh eusi kotak wayang geus dikorehan, dikaluarkeun, nepi ka teu nyesa, tapi para panakawan angger teu kapanggih. Ka mana wayang-wayang teh? Piraku aya nu maok mah? Jang naon?
Sora sinden geus ngahaleuangkeun kawih kahiji. Kuduna mah Astrajingga geus ngarengkenek ti tadi keneh.
“Mana euy Cepotna!” ceuk nu lalajo.
Ki Dalang beuki leungit akal, teu nyaho kudu kumaha. Sakali deui manehna ngalieuk ka Ki Dulah, tapi Ki Dulah ukur gogodeg. Kesang geus luut-leet, kulantaran cape jeung sieun.
Tepi ka rengse deui kawih sinden nu kadua, sora kendang teh ukur mirig panggung kosong dina gebog.
Antukna mah Ki Dalang neruskeun pagelaran wayangna bari teu nampilkeun panakawan. Euweuh selingan mangrupa bobodoran nu pada mikaresep ku nu lalajo. Bisa wae Ki Dalang maenkeun para buta pikeun ngabodor, tapi asa moal apdol kawas heureuyna Astrajingga jeung Dawala. Ngan nu puguh mah, Ki Dalang teu bisa maenkeun Prabu Darmakusumah pikeun ngabodor.
Basa pagelaran geus lekasan, basa ngabereskeun wayang-wayangna, Ki Dalang ngagebeg ningali para panakawan opatan mecenghul tina kotak wayang.
“Tah geuning aya! Di mana tadi nyimpenna?” Ki Dalang nanya ka Ki Dulah.
Tapi ngadadak Astrajingga ngabarakatak. Ki Dalang beuki gegebegan. Maenya aya wayang bisa seuseurian sorangan?
“Heuheuy, tong reuwas, Ki Dalang! Uing saparakanca teh hayang istirahat heula. Di ieu nagri teh geus loba teuing tukang bodor, ku kituna jang naon uing ngabodor lamun teu matak pikaseurieun mah?”
***


Amarta
KI Dalang bingung teu manggih tungtung. Manehna teu bisa gancang manggihan wayang nu kuduna diperelukeun harita. Wayang-wayang teh jiga nu parebut tempat dina gebog cau beulah katuhu. Para raksasa jeung para denawa nu goreng rupa pasesedek jeung para sinatria nu hade rupa. Euweuh deui wates antara nu bener jeung nu jahat.
Ku naon bisa kitu, Ki Dalang ge teu nyaho. Sakainget manehna, basa keur nanceb-nancebkeun wayangna, Ki Dalang jeung Ki Dulah yakin pisan yen para raksasa goreng rupa mah ngajajar di beulah kenca, sedengkeun para sinatria kabeh ngajejer di beulah katuhu gebog cau.
Atuh pagelaran wayang teh jadi paburantak. Ki Dalang geus yakin manehna nyokot Prabu Darmakusumah. Na eta mah, nu aya dina leungeunna teh bet Arya Dursasana. Meh wae manehna maenkeun Dursasana basa nyaritakeun kaayaan di jero istana Amarta. Teu lila, Ki Dalang geus rek ngigelkeun Astrajingga dipirig kawih jeung kendang jaipongan. Na, sihoreng nu dicekel dina leungeun Ki Dalang teh Dewi Banowati. Kacipta atuh mun prameswari Astina nepi ka ngarengkenek bari hahay-heuheuy…
Nu leuwih aneh deui, Ki dalang teu bisa deui ngatur jalanna carita. Carita teh ngalantur ka mana-mendi. Padahal Ki Dalang geus ti mimiti keneh nyiapkeun carita ngeunaan Darmakusumah basa diistrenan jadi raja Amarta, diluyukeun jeung pamenta nu nanggap, nyaeta walikota anyar.
Jalan carita mimiti mengkol teu genah alang-ujurna basa Bima ngadadak teu panuju Darmakusumah jadi raja. Alesanana, Darmakusumah masih keneh boga dosa anu can katebus, nyaeta maen judi kucara nandonkeun nagara Astina jeung pamajikanana sorangan, Dewi Drupadi. Bima tuluy ngajukeun diri sorangan minangka calon alternatip. Bima ngarasa panggedena jasana basa Pandawa bajuang ngababad leuweung Wanamerta. Bima siap parebut kalungguhan jeung lanceukna.
Tapi lain Bima wungkul. Arjuna ge ngadadak tanggah bari tatag nyarita. Arjuna ngarasa boga hak anu sarua pikeun silihsihung jeung lanceukna nu duaan parebut kalungguhan. Arjuna boga alesan yen ngan manehna nu pangpantesna jadi raja. Salian ti sakti mandraguna, manehna geus sohor pangkasepna.
Nakula jeung Sadewa kitu deui. Najan biasana tara loba nyarita, Nakula jeung Sadewa ngadadak hayang parebut kakawasaan jadi raja katut patihna.
Carita beuki paburantak basa para dedengkot golongan kiri (maksudna wayang-wayang nu biasana ngajajar di beulah kenca) ngaleut miluan daptar hayang jadi raja di Amarta. Aya Jayajatra, Citrayuda, Dadungawuk, Padasgempal, nepi ka Sarpakanaka sarua pada-pada daptar jadi raja.
“Setop! Setop!” Pa Walikota anyar ngagorowok bari nulak cangkeng. Beungeutna ngembang wera, ambek kabina-bina, tur era ku para pajabat sejen nu diuk gigireunana.
“Ki Dalang, naha caritana ngalantur kitu?” gorowokna deui.
“Abdi ge teu terang, Pa Wali,” jawab Ki Dalang bari ngageter.
“Teu nyaho kumaha? Piraku!”
“Mangga we tingali nyalira ku Pa Wali.”
Enya we, dina panggung gebog cau, sihoreng wayang-wayang teh tingpecenghul, tuluy ngarengkenek jeung nyarita sorangan!
***
Bandung, Juni 2007

Tidak ada komentar: