28 Oktober 2009

Sapeuting di Marongge

Ku DHIPA GALUH PURBA



UPAMA ngabandingkeun anggangna Bandung-Maronggé, jarakna téh méh sarua jeung Bandung-Situ Léngkong Panjalu. Pang nepi ka nyindekeun kitu téh, lantaran SB sok pirajeunan ngilikan ukuran jarak dina kandaraan. Nya, anggangna téh, upama ti wates Bandung Timur nepi ka Maronggé, kurang leuwih 72 KM. Demi Maronggé téh perenahna di Kacamatan Tomo, Kabupatén Sumedang. Tapi ti puseur dayeuh Sumedang, masih kénéh jauh, muru ka liliwatan jalan nu brasna ka Cirebon. Engké, upama manggihan jalan cagak, tinggal méngkol ka Beulah katuhu, anu ka Cirebon-keun téa. Ti jalan cagak éta, paling ogé 5,5 KM nepi ka lawang asup ka Maronggé. Atuh ti sisi jalan ka Maronggé, anggangna 3,7 KM. Husus keur anu numpak kandaraan umum, kari naék mobil beus jurusan Bandung-Cirebon atawa jurusan Tegal-Semarang-Cirebon. Pasti éta beus ngaliwatan ka lawang jalan anu baris nganteurkeun ka Kampung Maronggé, écésna pajaratan karamat tempat jarah.

*

ANJOG ka Maronggé téh kurang leuwih wanci sareureuh kolot. Kaayaanna mungguh matak pikabetaheun pikeun anu resep kénéh maréjéng. Pang kitu, saparat jalan gedé, deukeut lawang makam karamat Maronggé téh, teu béda jeung suasana Pasar Malem. Anu dagang ngajajar, ti mimiti nu dagang rupaning kadaharan tug nepi ka dagang cocooan. Atuh puguh, pangna loba nu dagang ogé, da peuting harita, para tamu nu ngadongdon Maronggé mani ngagimbung, tiu suklakna-ti siklukna, tug nepi ka para tatamu anu jol-na ti kota-kota gedé, saperti Bandung, Jakarta, Cirebon, jeung sajabana. Para tatamu lir anu kapélét, ku suasana Maronggé, da kaayaan sarupa kitu téh, bisa kapanggih unggal Malem Juma’ah Kaliwon.

Nilik kaayaan kitu, lain tukang dagang baé nu maréma téh, kaasup tukang parker, hansip, jeung sajabana, milu riweuh ngadalikeun kaayaan pikeun katingtriman para tatamu. Bras ka lawang asup makam karamat, jalan satapak tétécéan anu rada netek, tapi teu matak wegah teuing da geus ditémbok, jaba henteu pati jauh deuih. Paling ogé saratus meter, langsung anjog ka Makam karamat téa. Saméméhna, aya patugas nu ngadata sakur tatamu nu rék jarah. Di dinya, para tamu kudu nyiapkeun dui tsarébu pérak minangka uang pendaptaran. Atuh bisi aya nu rék reureuh heula, di tempat éta ogé disayagikeun wangunan tempat reureuh anu haratis.

Makam Karamat, anu nurutkeun riwayatna, tempat pajaratan Embah Gabug (Nyai Gabug), perenahna di hiji wangunan anu sabudeureunana di lingkung ku pamakaman umum. Sajabana ti wangunan makam Nyai Gabug, aya deui dua wangunan séjénna, anu husus disayagikeun pikeun para tamu nu teu kabagéan tempat di wangunan makam karamat. Pang kitu, lantaran anu rék jarah téh kacida ngagimbungna, nepi ka henteu katampung di wangunan makam karamat.

Di lawang panto, aya patugas anu ngadata deui pamaksudan para tamu. Wayahna di dieu, kudu nyebutkeun naon tujuanana pang jarah ka makam karamat. Teu bisa disumput-salindungkeun, sabab éta catetan téh baris dipasihkeun ka kuncén. Upamana nu hayang téréh meunang jodo, lancer usaha, dipikanyaah ku dunungan, kudu disebutkeun kalawan jujur. Di tempat éta kénéh, para tamu disayagikeun cai, kembang, minyak seungit, menyan, jeung kaperluan jarah séjénna. Waragadna misah deui éta mah. Kaasup nu rék sodaqoh keur kuncén, nya di dinya tempatna. Teu ditangtukeun sabaraha-sabarahana mah. Saihlasna waé. Malah anu moal méré ogé, moal matak jadi pasualan. Satuluyna éta pernak-pernik téh disimpen dina baskom palastik, lengkep jeung catetan ngeunaan kasangtukang anu rék jarah téa. Puguh baé ngantayna mah, nepi ka assistén kuncén kudu make pangeras, pikeun ngumumkeun ngaran-ngaran anu geus réngsé dijiad ku kuncén.

Kira wanci tengah peuting, patugas makam karamat ngajak para tamu pikeun ngado’a babarengan, munajat ka Alloh SWT. Teu poho patugas makam karamat mépélingan ka para tatamu, sangakan jarahna ka Makam karamat téh henteu disalah hartikeun. Maksudna, lain nyembah atawa ménta ka Nyai Gabug. Satuluyna patugas makam karamat, anu harita diwakilan ku Pa Maman, ngécéskeun ngeunaan kasangtukang biaya pendaptaran anu sarébu pérak téa. Nurutkeun Pa Maman, éta duit téh diajangkeun pikeun pangwangunan makam karamat Maronggé. Dina perkara ieu, Pa Maman nyarita sacara transparan, henteu didinding kelir, sindang siloka. Pangpangna mah ménta karidoan ti sakur tatamu, ulah nepi ka salah sangka ku ayana dipénta “karcis” sarébu pérak. Ceuk Pa Maman, duit anu sarébu téh dibagi dua. Nyatana pikeun pangwangunan makam karamat Maronggé. Demi sawaréh deui, pikeun kapentingan kampung Maronggé, luareun Makam Karamat. Kaasup pangwangunan jalan satapak anu muru ka walungan Cilutung ogé, apan ladang tina patungan sarébu pérak téa. Atuh upama téa mah di kampung Maronggé nuju ngawangun Masjid atawa Musola, nya sok dibantu kalawan ngagunakeun dana hasil réréongan anu sarébu pérak téa.

Palebah mayar sarébu pérak, kawasna para tamu ogé, da henteu ngarasa dibeungbeuratan. Pang kitu, pangaji sarébu pérak, dianggap henteu sabaraha, dibandingkeun jeung “hasil” jarah ka Makam karamat. Komo deui anu tujuanana sodaqoh mah, henteu ngarepkeun imbalan nanaon, kaasup henteu ngarepkeun ladang jarah, make itungan nu sarébu pérak téa. Sakumaha saur Pa Maman, apan sodaqoh téh ngajauhkeun balai, jeung ngadeukeutkeun rejeki. Cindekna, para tamu teu aya nu kacaturkeun “ngarasula”, ku ayana dipénta waragad sarébu pérak.

Sabada Pa Maman biantara, langsung ditumbu ku ngadu’a babarengan, kalayan dipingpin ku kuncén. Para tamu kawilang husu, munajat ka Gusti Nu Maha Suci, tug nepi ka réngséna. Sanggeus kitu, para tamu ngabring, muru ka walungan Cilutung. Demi maksudna nya taya lian pikeun mandi. Kuncén mépélingan, sangkan awéwé jeung lalaki mandi kalawan misah, bilih pacampur getih cenah. Tapi pangpangna mah pikeun ngajaga fitnah. Palebah dieu mah, para tamu ogé geus leuwih ngarti. Sok sanajan dina emprona mandi di walungan Cilutung, sok aya waé nu bandel téh. Pangpangna mah lalaki, nu maksa hayang mandi babarengan jeung awéwé. Tah nu kieu, nu ngiruhan pangjarahan téh. Atuh sabada mandi, aya kénéh nu sok miceun balangbéngsang. Maksudna, papakéan nu dipaké mandi, hususna calana jero. Padahal kuncén geus mépélingan ti anggalna, ulah miceun balangbéngsang. Iwal ti ngotoran walungan téh, katambah bakal mubadzir deuih. Luyu jeung hiji katerangan, sing saha nu migawé perkara anu mubadir, mangka éta jalma téh babaturanana sétan. Kuncén mah méré bongbolongan sangkan pakéan urut mandi téh, ulah dipiceun ka walungan, tapi dibawa balik ka imahna séwang-séwangan, tuluy diseuseuh nepi ka beresih, diistrika. Sanggeus kitu, bikeun wé ka nu teu bisa meuli pakéan. Enya, mémang ceuk logika ogé, bakal leuwih mangpaat.

*

NAON atuh nu jadi pangjurung, para tamu ti suklakna-ti siklukna ngajugjug ka Makam Karamat Maronggé? Tangtu baé jawabanana bakal dipatalikeun jeung sohorna hiji kakuatan pélét (asihan) anu kakoncara ngaranana Pélét Maronggé. Dina kanyataanana, nu jarah ka Makam Karamat Maronggé, mémang karéréanana nu hayang téréh meunang jodo (boh awéwé, atawa lalaki). Sanajan anu boga maksud salian ti perkara jodo ogé, nya kaitung loba, tapi henteu saloba anu tujuanana hayang buru-buru meunang jodo. Saperti hiji mojang anu disaliksik ku SB, sabada ngalaksanakeun ritual mandi di Cilutung. Sebut baé namina NN. Pacabakan sapopoéna jadi penyanyi dangdut. Méh unggal malem jumaah kaliwon, NN ngahajakeun jarah ka Maronggé, sanajan nganjrekna kaitung jauh, di wewengkon Subang. Demi maksud NN jarah téh, taya lian hayang leuwih dipikaresep ku nu lalajo. Perkara hayang geura meunang jodo (deui), mémang aya dina kereteg hate NN. Nurutkeun pangakuan NN, sanggeus mindeng jarah ka Maronggé, manéhna jadi loba nu mikaresep. Nu hayang nanggap, teu sirikna henteu katadah, awahing ku riweuh ngatur jadwalna.

NN mémang lain hiji-hijina praktisi kasenian nu mayeng jarah ka Maronggé. SB ogé patepung jeung seniwati séjénna, boh anu icikibung dina kasenian modern atawa kasenian tradisional. Malah, SB panggih jeung dua urang pelukis Bandung, anu geus boga ngaran. Tétéla, pélét Maronggé téh, mémang jadi andelan sababaraha praktisi kasenian. Kilang kitu, nurutkeun SI (hiji sindén), ari ngadu’a mah tetep baé ka Gusti Alloh.

Upama dibandingkeun perséntaseu-na, anu jarah téh karéréanana mémang kaum wanoja. Iwal ti ngarora kénéh jeung rupana gareulis téh, jaba saroméah deuih. Hanjakalna SB henteu bisa ngawawancara, lantaran anjeunna nampik sacara sopan basa diajakan ngawangkong ku SB, ngeunaan tujuanana jarah ka Maronggé. Upama disawang ku panon lahir, asa piraku éta para wanoja nu camperenik téh nepi ka hésé néangan pijodoeun? Tapi balik deui kana rupaning paniatan anu jarah téa, apan henteu wungkul hayang geura meunang jodo. Bisa waé anu hayang lancer sakolana, atawa lancer usahana. (Basa SB panggih deui di jalan raya, para wanoja téh tetep wé gareulis. Jadi, SB yakin, mémang aslina ogé gareulis, dina harti, SB henteu kapangaruhan ku Pélét Maronggé).

SB ogé ngawangkong kapapanjangan jeung Kang Asép, nu unggal malem Jumaah Kaliwon, tara kungsi kaliwat jarah ka Maronggé. Demi Kang Asép mah, lain hayang téréh meunang jodo, da puguh tos kagungan bojo, malah putrana ogé tos rada raweuy. Kang Asép mah henteu nyebatkeun naon tujuanana nu écés. Éstuning mung milarian karidoan Alloh, kitu cenah. Malah Kang Asép ogé nganteur SB nguriling ngalanglang sabudeureun Maronggé. Nilik kana paripolahna mah, Kang Asép téh resep pisan kana banyol. Sok sanajan ngakuna ka SB, Kang Asép kacida mikahéman kawih-kawih Mang Koko. Harita SB rada cangcaya. Tapi sabada dipentés ngawih lagu Mang Koko, mana horéng Kang Asép téh henteu darawuan. Tapi nu matak ngirut sakur nu jarah, palebah guyonan Kang Asép. Barang aya rombongan wanoja anu ngaliwat ka hareupeun SB jeung Kang Asép, ana celengkeung téh, “Sumangga, baradé yeuh…! Duda talak tilu, lengkep sértifikatna, pleus bonus pocer kartu simpati…!” pokna. Para wanoja tingcikikik. Atuh para jajaka nu keur néangan jodo, lir anu aya jalan komo meuntas.

*

Saha sabenerna anu dikurebkeun di Makam Karamat Maronggé téh? Taya lian anu katelah Mbah Gabug téa. Dina Roman Purnama di Maronggé, karya Dadan Sutisna, ditulisna téh Nyai Gabug. Pang kitu, sabab Dadan nyuaritakeun lalakon Nyai Gabug dina mangsa keur sedeng rumaja tug nepi ka sawawa. Tangtungan Nyai Gabug téh geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina. Lian ti éta, Nyi Gabug ogé mibanda kasaktian anu linuhung. Kacaritakeun, taya hiji lalaki nu bisa ngungkulan kasaktianana. Kabuktian, nepi ka puput umur, taya hiji lalaki nu bisa jadi pinunjul saémbara nu diayakeun Nyai Gabug. Demi saémbara téh, dina raraga milih calon salaki Nyi Gabug. Harita, Nyi Gabug malidkeun kukuk ka walungan Cilutung. Sing saha nu bisa malikeun éta kukuk, mangka baris jadi salaki Nyi Gabug. Tapi taya hiji ogé nu sanggup ngalakukeunana, kaasup Raja Gubangkala, anu kakoncara boga lebar wawanénna. Nyai Gabug mah, tétéla mampuh malikeun deui éta kukuk anu dipalidkeun téa. Matak, nepi ka kiwari, pélét Maronggé téh sok disebut ogé Pélét Si Kukuk Mudik.

Nyai Gabug hirup dina jaman karajaan Mataram, dibarengan ku tilu urang adina; Setayu, Naibah, jeung Naidah. Adi-adina ogé gareulis. Tapi henteu sageulis Nyai Gabug. Écésna mah diguar ku Dadan Sutisna dina Purnama di maronggé. Kawasna roman beunang nulis Dadan téh, hade pisan upama dicétak ku Dinas Pendidikan Jabar, atawa Kabupatén Sumedang. Pangpangna mah pikeun ngeuyeuban carita lagénda Tatar Jawa Barat. Pang kitu, nepi ka kiwari tacan kungsi aya buku anu ngadadarkeun lagénda Maronggé kalawan lengkep jeung nyugemakeun. Aya ogé buku leutik, anu dikaluarkeun ku Kandepdiknas Kacamatan Tomo, meunang nulis Agus Kusmarahadi, S.Pd. Hanjakal eusina ukur ngagambarkeun carita sabéngbatan, anu teu pati nyugemakeun. Ditulis dina basa Sunda, tapi gaya basana kamalayon, jeung réa nu salah nulis jeung salah larap. Atuh kemasanna ogé, henteu matak pikabitaeun, da saukur dipoto kopi. Padahal, lagénda Maronggé minangka hiji asset nu kacida penting, hususna keur kamekaran seni sastra. Sakumaha anu dikedalkeun ku Agus Suhérman, ti filologi Unpad, Roman Purnama di Maronggé, loyog pisan dijadikeun salasahiji bacaan urang Jawa Barat. Ku ayana kitu, harita Agus Suhérman milih Purnama di Maronggé minangka pinunjul 1, dina pasanggiri Nulis Roman Carita Rayat sa-Jawa Barat. ***



Dimuat di Majalah Seni Budaya edisi 155, September 2004

Tidak ada komentar: